Sadatang ka tungtung Sunda
Meu(n) tasing di Cipamali,
Datang ka alas Jawa.
Ku ngaing geus kaidĕran
Lurah-lĕrih Majapahit,
Palataran alas Dĕmak.
Sanĕpi ka Jatisari
Datang aing ka Pamalang
(Bujangga Maniks Journeys thorugh Java: Topographic Data From an Old
Sundanese Source, J Noorduyn)
Mun teu salah mah dina hiji caritaan Aan Permana aya nu judulna menanti
gerbang pakuan (punten bisi salah). Tapi nu jadi pataraosan teh nukumaha ari
bentuk gerbang pakuan teh sabenerna, da ceuk si plyete tea mah, kuring kungsi
ningali map na pleyte ngeunaan foto baheula ti kang Hendra, didinya gerbang
pakuan teh deukeut jueng benteng pajajaran, da mun dicukcruk deui dumuk na teh
di lawang gintung, ngan ayeuna mah kari perumahan mewah. Nya alhamdulliah masih
keneh bisa nyaho dimana benteng jeung gerbang pakuan. Jadi ingeut deui basa ka
kokolot Cipta Mulya Desa Sirna Resmi nu dikokolotan ku Ua Uum, mimiti asup ka
eta wewengkon teh geus aya seungit gunung, tuluy weh ari ka imah gede na teh
jalanna nanjak, kudu make gigi dua mereun. Pas di buruan gede na Kang Hendra
noel ka kuring, tuh ieu meureun Gerbang Pakuan nu dicaritakeun ku Aam Permana
tea. Ari dipikir mah emang heueuh siih di eta buruan gede teh make prinsip tiga
zone tea, aya imah gede, aya ajeng jeung leuit si
jimat. Tapi ari basa keur Seren Taun kamari teh jadi loba tatanya deui, naha
kunaon ari istana Pajajaran nu ngajajar tea euweuh , naha enya istana pajajaran
baheula teh kawas imah gede nu aya di kokolot ieu.
Balik deui ka Seren taun , basa seren taun di wewengkon eta teh nu dahar di
imahna Ua Uum teh aya kana 1000-an. Di imah gede eta kabeh masarakat di eta
wewengkon silih babantu aya nu nyiksikan, nu nyangu, nu ngagoreng lauk, nu
nyimpeun bubuahan ka para, jueng rarea deui. Matak waas ari urang lembur mah
hirup gotong royong teh, nya euweuh istilah nafsi-nafsi tea. Salahsahijina deui
nu matak waas ka kahirupan urang dinya mah, mun aya tamu teh kudu sina dahar di
imah gede da husus aya susuguhna, tapi ari keur masarakat sakitar eta mah geus
nyaho manehna da teu kudu miluan dahar di imah gede.
Ari Seren Taun ceuk urang dinya mah salahsahiji Sukuran hasil tatanen, ari nu
jadi icon na ma Pare, nya beda makna pare atawa beas keur urang dinya jueng
urang biasa mah. Cobian weh mun aya urang kanekes atawa urang Pancer Pangawinan
ka imah urang nyemah, tuluy we si semah teh ningali aya beas ngalayah di imah
manehna sok rada ngambek jeung biasana sok dipulungan tuluy weh dikumpulekeun
deui, ceuk anu urang teu ngartimah nanaon eta teh. Nya ari ceuk maneh na mah
makna eta beas atawa pare teh seueur pisan, cobi weh dinu krisis moneter teh
sanajan harga nerekel naek ari keur urang dinya mah euweuh ngaruhna, komo deui
mun urang ulin ka kokolot citorek urang sok ditawaran ku RT na didinya Hampura
dulur, didiuemah ku sangu mah loba , ngan ari deungeun jarang, Jadi makna na
beas teh keur katahanan Pangan. Ngan aya deui hiji hasna urang dinya mah sangu
na teh tara dijual kaluar ngan keur kadaharan sapopoe maranehna weh.
Ngan aya nu hanjakalna basa kamari serentaun di eta wewengkon teh. Tos seur
pangaruh luar nu asup ka eta wewengkon. Kahiji ngeunaan upacara seren taun na,
eta upacara seren taun teh nukuduna hidmat teh jadi kawas gending karesmen,
kusabab ayeuna mah tos dua tahun digarap nu ngakunamah ti Bandung. Nu kungsi ku
kuring kasaksian nyaeta ngeunaan lengser. Naha aya lengser lieur asup ka ieu
upacara jeung deui lengser na teh aya dua , jeung nu hiji mah aya tatoan make
kacamatan bajak laut. Jeung si lengser na teh nyebut sampun, da sampun mah basa
jawa da sunda mah sapun. Jeung deui mun maca seratan na Ua Sas dinu kompas
Tokoh lain ialah Ki Lengser (ada yang menyebut Mama Lengser, Mamang Lengser,
Ua Lengser) dalam pantun, cerita tutur Sunda. Sebutan Lengser itu sendiri bukan
nama tetapi kedudukan dalam keraton kerajaan dalam cerita pantun itu.
Penggambaran tokoh Ki Lengser ini relatip sama dalam setiap cerita pantun yaitu
orang yang telah berusia tua, kelucuan lebih sering
digambarkan
karena kepandaian juru pantun dalam bertutur menceritakan tingkah laku,
berdandan, cara jalan ataupu ucapan-ucapannya (Ajip Rosidi 1984). Ki Lengser
berfungsi sebagai medium yang arif antara dunia raja-raja dan dunia jelata,
bagaimana caranya dia menyampaikan titah raja kepada rakyatnya, begitupun bisa
sebaliknya menceritakan keadaan rakyat yang sebenarnya kepada raja, baik
keadaan rakyat yang sengsara ataupun saat bahagia, tanpa ditambah atau
dikurangi. Sumber deui ngeunaan lengser teh ti Kang Anis Djati Sunda kungsi
maca ngeunaan artikel anjeunna ngeunaan Pamarentahan di Pajajaran Tengah
didinya disebatkeun yen Lengser teh paneungeunna Raja, Raja bisa nitah ka
lengser, lengser bisa nitah ka brahma. Sumber deui ti Carita Mun di Ing Laya Di
Kusumah nu ngeunaan dua lengser neangan honje didinya manehna dititiah ku raja
sina neangan honje. Kitu deui dinu carita Pantun Bogor Tujuh Ronggeng Kala
Sirna , didinnya si lengser mituduh ka 7 ronggeng teh sina ngaronggeng di dunya.
Nu kadua nyaeta ngeunaan Tari merak, naha nyambung ari upacara serentaun
jeung ayana tari merak, kan ari merak teh musuhna patani, jeung na deui naha
ari tari merak make baju bereum rarasaan mah ieu bandung teh ngahiwal kitu. Nu
katiluna dinu eta upacara aya ponggawa, deuh ku araraneh nya bandung ieu lain
da ari masarakat desa sirna resmi mah masarakat agraris naha di kaitkeun jueng
ponggawa asa ku araraneh. Nu kaopat ngeunaan aya degungan basa Seren Taun teh,
nya ku kuring mah asa saliwang aya dua panggung silih tembal kasenian nu hiji
di ajeng nya didinya urang Sirna Resmina nu hijina deui di panggung nu sejen
jeung na deui si bandung ieu teh padahalmah kuduna ngelehan jeung naha teu
nyaho kudunama upacara seren taun teh kuduna upacara na hidmat jeung eta
upacara teh lain keur pitonan tapi sukuran masarakat Agraris hususna nu aya di
eta wewengkon. Tuluyna deui dinu basa loba jasa basa wewengkon didinya nu geus
kapangaruhan basa priangan , samodel Kokolot, Mun maca
dinu bukuna pak Kusnaka ngeunaan Kasepuhan yang tumbuh diatas yang luruh
didinya istilah na teh make kokolot lain kasepuhan, jeung deui di citorek mah
aya deui olot jeung aya deui husus ngaran na keur olot teh, nyaeta sebutanna
oyok.
Ayeuna lamun basa disaragamkeun samodel kitu meureun ceuk Kang Acil Bimbo tea
mah Urang Sunda teh beunghar ku budaya na teh, jadi weh budayana ngan hiji
nyaeta budaya priangan, kitu deui sasauran Kang Anis Djati Sunda Keun bae arek
basa na kumaha oge, eta teh cing cirining Urang Sunda teh benghar ku budaya
jeung basa. Malihan ceuk kolot bogor teh pernah nyarita, baheula basa jamanna
Ki Buyut Baju Rambeng kungsi nyarekan ka Urang Menak Sunda, Saurna teh Ulah
loba teuing Ulin Ka Priangan. Geus puguh deui ari budaya jeung basa deungeun
di keukeuweuk ari basa sorangan di leungitkeun, jadi weh teu boga ciri da mun
di anggap urang deungeun da lain. Jadi sok sieun kawas urang maluku baheula
kadaharan sagu tuluy weh dipaksa sinda dahar Sangu antukna mah nya maksakeun.
Kitu deui mun kabengharan basa Sunda di paksa sina kawas Priangan meureun sok
sieun saha bae nu deuk ngomong Sunda da sieun basana kasar jadi weh antukna
make basa malayu.
Cag Ach
Pun Yayan
http://serentaunsbr.multiply.com
http://geocities.com/serentaunsindangbarang
Nyoreang Alam Katukang
Nyawang nu Bakal Datang (Riungan Kokolot Banten Kidul)
---------------------------------
Try the all-new Yahoo! Mail . "The New Version is radically easier to use"
The Wall Street Journal
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/