Sacara tradisional, suluh téh hartina bahan - biasana kai/awi - anu bisa
dijadikeun bahan durukan. Sacara umum, kecap suluh nujul ka bahan anu bisa
ngaleupaskeun énérgi nalika struktur kimiana robah.
Dina widang kimia jeung kaamanan seuneu, naon baé nu bisa kaduruk téh
disebut suluh.
Daptar eusi
* 1 Ékstraksi énérgi tina suluh
* 2 Rupa-rupa suluh
o 2.1 Katuangan
o 2.2 Suluh fosil
+ 2.2.1 Suluh padet
+ 2.2.2 Suluh cair jeung gas
o 2.3 Suluh nuklir
o 2.4 Suluh tipe séjén
* 3 Baca ogé
* 4 Sumber rujukan
* 5 Tumbu kaluar
Ékstraksi énérgi tina suluh
Suluh nyimpen énérgi dina struktur kimiana. Mun struktur kimia suluhna
robah, mangka bakal ngaleupaskeun énérgi kimia. Énérgi anu dikandung dina
suluh téh bisa digambarkeun dina rupa-rupa bentuk, misalna ajén suluh (fuel
value) nu dipaké pikeun ngukur énérgi poténsial suluh.
Sakabéh bentuk kahirupan nu dasarna karbon—ti mikroorganisme nepi ka
sasatoan jeung manusa—gumantung ka sarta migunakeun suluh salaku sumber
énérgina. Awakna boga mékanisme alami nu katelah métabolisme pikeun ngarobah
énérgi tina dahareun. Malah, manusa mah motékar, ngembangkeun rupa-rupa
téhnik pikeun ngarobah hiji bentuk énérgi ka bentuk nu séjén, ngahasilkeun
énérgi nu bisa dipaké pikeun rupa-rupa tujuan nu lian ti énérgi pikeun
kaperluan awakna. Larapan énérgi nu dileupaskeun tina suluh téh bisa dina
rupa panas pikeun masak nepi ka suluh pikeun meclengkeun pakarang jeung
listrik.
Cara ngarobah rupa-rupa suluh téh gumantung kana struktur molekul suluhna.
Pikeun conto, cara paling éfisién pikeun ngaleupaskeun énérgi tina suluh
fosil nyaéta ku cara diduruk dina oksigén. Dina prosés ieu, aya réaksi suluh
jeung oksigén sahingga ngahasilkeun énérgi panas. Manusa ogé bisa ngékstrak
énérgi tina atom ku jalan ngolah bahan fisil dina réaksi nuklir.
Rupa-rupa suluh
Sacara téoritis, suluh naon baé bisa dipaké salaku sumber énérgi. Tapi,
najan kitu, dina prakna mah kudu dipilih nu sacara itung-itungan (ékonomis)
murah sarta jumlahna loba.
Katuangan
Karbohidrat, lemak, jeung protéin, nu diturunkeun tina dahareun,
mangrupakeun suluh pikeun sistim biologis. Pikeun conto, glukosa
(karbohidrat basajan) digabung jeung oksigén ngahasilkeun cai, karbon
dioksida, jeung énérgi. Dina awak kalolobaan sato, énérgi nu dileupaskeun
téh dipaké ku otot.
Suluh fosil
Artikel utama: Suluh fosil
Suluh padet
Suluh padet téh ngawengku batubara, kai, jeung peat. Sakabéh suluh tipe ieu
bisa diduruk (ngahasilkeun seuneu jeung panas). Baheula, batubara dipaké
pikeun ngajalankeun karéta api. Kai mah, nepi ka kiwari, ilaharna dipaké
pikeun kaperluan rumah tangga jeung industri leutik.
Suluh cair jeung gas
Conto suluh nu teu padet nyaéta alkana, misalna dina minyak bumi jeung gas.
Bentuk suluh ieu biasana dipaké dina mesin durukan jero (internal combustion
engine) jeung generator listrik.
Suluh nuklir
Dina réaksi nuklir, suluh radioaktif bakal ngalaman fisi sahingga
ngahasilkeun énérgi tanpa durukan. Di béntang (kaasup panonpoé urang), nu
jdi suluhna téh hidrogén (gas), pikeun fusi nuklir.
Suluh tipe séjén
Hidrogén ogé bisa dijadikeun suluh pikeun mobil, ku cara diréaksikeun jeung
oksigén dina sél suluh (fuel cell). Réaksi hidrogén jeung oksigén téh
ngahasilkeun énérgi listrik jeung cai (H2O). Dina réaksi ieu, énérgi kimia
tina bahan-bahanna dirobah jadi énérgi listrik dina réaksi rédoks.
Biosuluh (biofuel) bisa dijieun tina biomassa nu ngahasilkeun suluh alkohol
jeung biodisel. Biomassa téh bahan tutuwuhan sarupaning tiwu, jagong, jsb.
Baca ogé
* Suluh alternatif
* Suluh padet
* Suluh cair
* Suluh gas
* Suluh alkohol
* Biomassa
* Biosuluh
* minyak suluh
* Suluh fosil
* Propelan
* Durukan
* Hidrokarbon
* Oksidasi
Sumber rujukan
* Fuel, Wikipédia édisi basa Inggris (4 Agustus 2006).
Tumbu kaluar
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina
kaca Category:Fuels
* Alternative Fuels - Beginner's tutorial on using alternative fuels in
a diesel engine
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Suluh"
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/