Sapuk, Hatur nuhun Kang Enton informasina. Aya eta oge anu ngabejaan kl 2 bulan katukang ti anu caket ka Kang Ganjar, perkara anjeunna bade atawa dicalonkeun pikeun tandang makalangan janten rektor Unpad. Ngan, harita, rada asa-asa bade ngieran ka milist teh kawantu waktu eta iber dikonfirmasikeun ka anjeunna waleranana henteu positif (handap asor anjeunna rupina dugi ka henteu wakca balaka samemeh prung acara pamilon mah).
Alhamdulillah, sanajan karek warta ngeunaan punjulna sora pamilih anu biluk ka Kang Ganjar, salaku rektor Unpad, sim kuring tos bingah sareng kacida sumorojongna. Pamugi wae malati lingsir ku wanci, campaka ligar na mangsa, Kang Ganjar kapilih kalawan buleud, boh ceuk sora ti handap oge sora ti luhur, kauntun tipung katambang beas, laksana jenten rektor Unpad periode ayeuna ieu + ka hareup. Sapuk sareng pamadegan kang Riksanagara, Kang Ganjar kalebet inohong Sunda anu kumplit, boh kaintelektualanana, perhatosan kana masalah seni budaya, sumawonna perkara kahirupan masyarakat mah. Apan kasang tukang akademisna oge sosial ekonomi pertanian tea, anjeunna teh. Atuh kiprahna dina widang kabudayaan teu kedah dipedar deui, jalaran sakitu tos netrana. Kamari wae, waktu anjeunna nuju hadir dina gempungan inohong-inohong Sunda madungdengkeun perkara kapamimpinan di US, 4 Agustus 2006 di kantor PR, anjeunna masih nyayogikeun waktos kersa ditepungan ku salah saurang warga masyarakat anu bade konsultasi perkara bahan sosialisasi mitigasi (ngurangan koran jiwa jeung rajakaya akibat bencana nepi ka tingkat saminimal-minimalna) bencana alam di Jabar pakidulan. Wilujeng Kang Ganjar. baktos, manAR On 8/13/06, riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Enton, > > Mani bingah pisan ngaos informasi ti kang Enton teh,.....Sim kring > ngarojong sareng ngado`a mugiya kang Ganjar Kurnia tiasa > diparengkeun ku Gusti Alloh Anu Maha Kawasa tiasa janten rektor > UNPAD. > > Sakaterang simkuring, tina ka intelektualan nana henteu kawon ti dua > kandidat anu sanesna,..atuh dina pangalaman nana anjeunamah skalana > henteu mung nasional tapi oge regional sareng internasional,.... > > Sim kuring gaduh kayakinan upami kang Ganjar diparengkeun janten > rektor UNPAD sanes mung civitas akademia UNPAD wungkul anu bakal > kenging kauntungan sareng barokah teh,..tapi oge masyarakat > Indonesia pada umumna, terutami masyarakat alit, kumargi UNPAD tiasa > janten lokomotif kanggo narik gerbong masayrakat (terutami > masyarakat Sunda)dina rarangka naekeun harkat darajatna,...terutami > tina sisi ekonomina. > > Wilujeng Kang Ganjar,...mung kantun salangkah deui,... > Mugiya dipasihan pitunjuk sareng jalan ku Gusti Alloh kanggo > kamaslahatan urang sadayana. > > Baktosna > Riksanagara > > > > > -- > > - In [email protected], enton supriyatna sind > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Ieu mah tambi sepi teuing, bilih aya nu teu acan uninga > perkembangan pemilihan rektor Unpad. Babak penyisihan: Taufik Siddiq > Boesoirie (Fak. Kedokteran) 62 suara (34%), Ganjar Kurnia (Fak > Pertanian) 41 suara (23%), Sutyati SUmitro (FE) 11 suara, Asep > Kartiwa (FISIP) 11, Husen H, Bhakti (MIPA) 15, Ahmad Ramli (FH) 15, > dan lain-lain. > > Tah dina babak final 3 besar, Kang Ganjar Kurnia punjul jadi 71 > suara, Taufik SB 69 suara, Ahmad Ramli 17 suara. Tilu jagoan ieu teh > teras dikintun ka Mendiknas. Mun ceuk gerentes hate kuring mah, > pantes tah Kang Ganjar manggung. Lain pedah anjeunna kalebet baraya > Kusnet hehehehe > > > > wass > > ESS > > > > > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Damaaaaaaaaaang kang Girang... > > kumaha sawangsulna ? > > kamana wae tara katingali ngorong dilembur ? > > heu heu > > > > -dul- > > kuncen #8 > > > > --- In [email protected], Girang Permata > > <girang_permata2@> wrote: > > > > > > bae we atuh...., pan keur sarare keneh mereunan. > > > maenya rame wae atuh.... > > > > > > kumaha kang ndoel damang? tos janten kuncen lin?:D > > > sok atuh lah, sing aktifnya? > > > > > > --- ndoell <ndoell@> wrote: > > > > > > > hmmmm..... > > > > sepi jempling kieu geuning lembur teh. tiis ceubrik, > > > > rehe combrek. > > > > teu aya nu ngulampreng saurang-urang acan. > > > > ngaduruk imah wae kitu ? > > > > > > > > > > > > -dul- > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________________________ > > > Do You Yahoo!? > > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > > > http://mail.yahoo.com > > > > > > > > > > > > > > > > > --------------------------------- > > Get your email and more, right on the new Yahoo.com > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
