Haturan apih, Apa tos aya bukuna, seratan kang Ganjar Kurnnia (calon rektor Unpad tea) sareng Kang Arthur S. Nalan ti STSI, malah aya CD-na (CD seni ieu anu si kuring upami teu lepat nuju di tambut kua Ua Sas). Judulna: "Deskripsi Kesenian Jawa Barat". Ti payun Kang Ganjar ngalangkungan ieu milis nawisan ka anu hoyong gaduh eta buku + cd kasenian Sunda kantun ngontak ka Unpad (neng Siti atanapi teh Ane di Unpad tiasa ngabantosan).
Tina daftar eusi eta buku, aya 34 jenis kelompok kasenian Sunda, ti mimiti seni musik, tari, drama/pertunjukan, wayang, jst. Tina anu 34 teh, langkung ti satengahna sigana kaasup tos langka. Geura wae sajabi anu ditataan ku apih: 1. Burokan 2. Bengberokan 3. Kuda Renggong 4. Surak Ibra 5. Memeniran (Badawang) 6. Goong Renteng 7. Tarawangsa 8. Terbang Buhun 9. Gamelan Sakati 10. Sintren 12. Topeng Cirebon 13. Wayang Cepak 14. Wayang Kulit Indramayu 15. Wayang Kulit Bekasi 16. Topeng Banjet Karawang 17. Uyeg 18. Ronggeng Gunung 19. Pantun Sunda Cekap sakitu wae. Nu sanesna mah kaetang masih mindeng kapintonkeun. Salengkepna, mangga tiasa nyuhunkeun eta buku + cd-na, haratis. baktos, manAR On 8/15/06, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cing para wargi....pangnambihankeun upami aya anu kalangkung, > pangngirangankeun upami masih keneh seueur/sering manggung.. > Seni-seni/budaya Sunda anu tos langka, tiasa oge disebat anu tos ampir teu > aya dikieuna ; > 1. Beluk > 2. Wayang Beber > 3. Pantun > 4. Wayang Catur > 5. Longser > 6. Laes/lais > 7. Benjang > 8. Gondang > > naon deuinya....?? > > ssw > > > > > > > http://cikundul3.multiply.com > *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda* > *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda* > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
