Kang Aj,

Dina jero 5 taun ieu, kasus sakumaha anu diwartakeun ku koran PR anu dicutat
ku salira ieu ngarupakeun kasus anu kadua kalina. Anu kahiji, mucunghul dina
katompernakeun taun 2002 atawa awal taun 2003 lamun teu salah ingetan mah,
nyaeta kasus buku "Ranggeuyan Kadeudeuh", bahan bacaan basa Sunda keur
barudak sakola. Anu kadua, nya kasus buku basa Sunda anu diantara
kandunganana aya kalimat kieu: "Gedong Sate ayana di Kabupaten Bandung"
("Pinter Basa Sunda Pikeun Murid SD Kelas I"). Duanana ieu buku sarua,
ngarupakeun proyek garapan Dinas Pendidikan Jawa Barat (pangbenerkeun si
kuring lamun salah nyebut ngaran eta instansi).

Buku "Ranggeuyan Kadeudeuh" beak pada ngekeak ku para ahli basa Sunda
kulantaran eusina anu, diantarana, narjamahkeun paribasa basa Sunda kana
basa Indonesia sacara saujratna. Upamana wae, anu sok jadi bahan pangekeak
teh nyaeta model narjamahkeun paribasa "bru di juru, bro di panto, ngalayah
di tengah imah" anu ditarjamahkeun saujratna jadi "menumpuk di sudut,
mengonggok di pintu, berserakan di tengah rumah", jst. Atuh dina kasus
kadua, kasalahan anu nembrak pisan teh sakumaha kapirengeuh tina
conto-conto anu dicutat ku korab PR tea.

Kang Aj oge baraya sadaya,

Ngahaja si kuring isuk-isuk keneh geus ngahubungan Abah Surya, minangka
sumber rujukan ngeunaan basa Sunda, kaasup ngeunaan pasoalan nyadiakeun
bahan bacaan buku-buku pangajaran basa Sunda, pikeun mairan ieu pasoalan.
Hasil obrolan dina telepon ku si kuring disarungsum kana basa tulisan sarupa
di handap ieu:

Saeutikna, sigana, aya tilu pasoalan anu jadi sabab musabab mucunghulna
kasus buku bahan bacaan anu jadi bahan pangkeak balarea. Anu tilu teh
nyaeta: 1) kajumawaan para pangarang; 2) ulikan anu luhur teuing ti para
pangarang, 3) kakurangan tim editor di pamedal buku (penerbit). Eta anu tilu
teh pasoalan-pasoalan di sagigireun pasoalan laten (klasik) di bangsa urang:
moral goreng dina ngalaksanakeun kaproyekan anu masih mahabu.

* Urang mimitian ku masalah laten, nyatana moral dina ngalaksanakeun
kaproyekan anu masih mahabu. Kieu geura:

Sakumaha alusna naskah buku, sakumaha hadena proses ngayakeun bahan buku
pangajaran barudak sakola, upamana "majlis ulama" ngeunaan basa anu
diusulkeun ku Kang Aj tos ngawujud kalawan geus prak ngalaksanakeun
pancenna, tapi ari moral koreh-koreh cok pangarang jeung pamedal masih keneh
nyaliara mah tetep anu baris lahir teh miodel dua buku bahan pangajaran anu
kasebut di luhur: buku anu pohara matak ngerakeunana. Dina lebah
dieu, cara-cara (modus) anu mindeng kajadian teh nyaeta: pamedal buku
neangan pangarang anu sanggup mere potongan gede, pon kitu deui, pangarang
oge neangan pamedal mana wae anu bisa medalkeun buku hasil gawena bari jeung
teu kudu hese cape ngaroris bahan buku ku cara tataros jeung sawala jeung
para ahli.

Kasus buku ranggeuyan kadeudeuh, ku abah Surya disebutkeun, eta meleg-meleg
hasil gawe jalma anu cacat moral sarupa kitu. Maksudna, inyana lain ahli
basa, tapi wawanianan ngasongkeun buku ka pamedal. Tangtuna oge sanggeus
usaha satekah polah ka bohir proyek buku sangkan kapeto jadi pihak ditunjuk
nyusun eta bahan bacaan (geus kajudi, kana make cara-cara KKN tea). Pon kitu
deui, tangtuna oge aya kongkalikong jeung pamedal, nepi ka eta buku anu
sanggeus medal beak pada ngekeak jadi oge dipedalkeun.

Kasus buku "Gedong Sate ayana di Kabupaten Bandung" oge sarua,
saeutikna, aya dina tataran ieu pasoalan. Malah leuwih ngerakeun, sabab, anu
ieu mah anu nulisna rengrengan doktor jeung kandidat doktor atawa magister
widang basa Sunda. Buktina?  Titenan geura alesan aranjeunna ngomentaran
kritik anu dimuat ku PR. Saur pananggungjawabna: "Eta mah kasalahan penerbit
anu medalkeun naskah bari jeung teu dipariksakeun deui ka anu nyusun". Anu
jadi heran, piraku wae hasil karya para doktor widang basa, sok sanajan
karek nashkah, amburadul siga kitu? Aya alesan anu kuat, lamun dina jero
medalkeun eta buku oge teu beresih tina panyakit moral anu kasebut di luhur.

Kusabab geus mahabuna masalah moral ieu, balukarna, henteu bisa disalahkeun
upama loba pamadegan ahli-ahli basa yen salah sahiji sumber utama anu
ngaruksak basa teh taya lian ti buku-buku pangajaran basa sunda sorangan.
Nyatana, buku-buku pangajaran basa Sunda anu ditulis ku para ahli (jeung
pamedal buku) anu keuna ku panyakit moral tadi anu ngabalukarkeun ilang
timbangtaraju kaelmuan jeung sagala rupa anu diperlukeun dina nyusun bahan
pangajaran standar keur barudak sakola. Upamana wae, piraku atuh barudak
sakola SD geus dibawa kana pola atawa cara mikir doktor.

Pasoalan moral ieu saterusna katangen pisan dina prak-prakana, saeutikna aya
tilu kasalahan atawa lempengkeuneun pikeun ngahontal udagan nyadiakeun buku
bahan pangajaran anu nyumponan syarat-syarat dasar tur manfaat keur anu
makena, boh guruna atawa muridna.

Masalah dina tataran prak-prakan anu tilu tea alokan kana usulan "majlis
ulama" basa jeung nu sejenna ke urang guar dina postingan saterusna, sugan
pareng. Ayeuna mah urang cukupkeun nepi ka dieu bae heula bisi panjang
teuing bari nungguan pamairan tu nu sanes.

baktos,
manAR


On 8/24/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  Lain pupuh bae anu jadi masalah gede teh, tapi ngeunaan basa oge. Naha
> Jurusan Bahasa Daerah UPI bisa diandelkeun? Terus terang mangmang kuring
> mah... Geus waktuna kudu aya "majelis ulama" Basa Sunda ("ulama" teh ti
> dituna mah pan ahli ilmu, lain...?) Ieu mah "otokritik", ceuk kuring mah
> Babakan Kusnet oge can pantes ngaluarkeun "standar/bakuan" ngeunaan
> Sunda/Kasundaan, sanajan sok aya hiji dua padungdengan niat "ngabakukeun".
> Bener, eta teh alus pisan, ngan hasilna kudu disaluyuan ku "majelis ulama"
> tea.
>
> Ilikan geura di handap padungdengan antara PR, UPI, jeung Penerbit buku
> "Pinter Basa Sunda Pikeun Murid SD". Ngahaja dikantetkeun jeung padungdengan
> masalah pupuh tiheula.
>
> Teuing rek kumaha Basa Sunda jeung Kasundaan teh ka hareupna...
>
> AJ
>
>
> -------------------
> http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2006/082006/24/0104.htm
>
> Gedung Sate Berada di Kabupaten Bandung? *Gedung Sate ayana di kabupaten
> bandung
> digunakeun pikeun gedung pamarentahan. *
> ** TENTU saja banyak orang tahu bahwa Gedung Sate berada di Kota Bandung,
> tepatnya di Jalan Diponegoro. Namun entah mengapa tiba-tiba saja gedung itu
> dikatakan terletak di Kabupaten Bandung. Dan juga rasa-rasanya, tak ada
> Gedung Sate lain kecuali yang terletak di Jalan Diponegoro Kota Bandung.
> Karena itu, sangat sulit dimengerti mengapa Gedung Sate disebut berada di
> Kab. Bandung, seperti teks kutipan di atas. Apalagi teks itu dilengkapi pula
> dengan foto sebuah gedung, yang tak lain adalah Gedung Sate yang ada di
> Jalan Diponegoro.
>    *BEBERAPA kesalahan fatal terdapat pada buku pelajaran "Pinter Basa
> Sunda Pikeun Murid SD" yang diperuntukkan kelas I-VI. Buku ini sudah beredar
> dan dipergunakan sejumlah sekolah di Bandung.* DUDI SUGANDI/"PR" * Akan
> tetapi, yang lebih membuat kita kaget adalah karena teks yang *ngaco* itu
> terdapat dalam buku pelajaran bahasa Sunda, *Pinter Basa Sunda Pikeun
> Murid SD Kelas I* halaman 18 yang membahas seputar "Tatar Sunda"? Bukankah
> teks dan ilustrasi gambar dalam buku itu bisa membuat murid-murid kelas I SD
> kebingungan, untuk tidak menyebutnya menyesatkan? Pertanyaan lain juga layak
> diajukan, bagaimana mungkin teks yang salah fatal dan menyesatkan itu bisa
> lolos dari proses editorialnya?
> Tak cukup hanya itu, buku pelajaran yang ditulis oleh Tim Karya Guru yang
> terdiri dari para staf pengajar Jurusan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan
> Indonesia (UPI) Bandung yang terdiri dari Drs. Usep Kuswari, M.Pd., Drs.
> Dodi Koswara, M.Hum., Drs. Yayat Sudaryat, M.Hum., Drs. Dedi Sutisna, dan
> Dra. Ai Sukarmiatiningsih ini, halaman demi halaman juga menimbulkan banyak
> pertanyaan karena ditemukan kejanggalan-kejanggalan di dalamnya. Dari mulai
> penulisan, struktur dan makna kalimat, undak usuk, dan kejanggalan
> berikutnya yang sangat mengganggu.
> Sebutlah, sejumlah kata yang rancu karena merujuk pada bahasa Indonesia,
> seperti "mangrupakeun" yang mengingatkan kita pada kata dalam bahasa
> Indonesia, yakni "merupakan". Bukankah dalam basa Sunda kata itu adalah
> "ngarupakeun"? Begitu juga dengan kata "kagunaan", yang merujuk pada
> "kegunaan". Hal yang sama juga bisa ditemukan di halaman 4 mengenali
> nama-nama bagian tubuh manusia dalam basa Sunda. Di situ disebut "dago"
> (untuk arti dagu bukankah seharusnya "gado"?), atau telapak kaki dengan
> "lalampah" (bukankah seharusnya "dampal suku"?).
> Di halaman 73 akan ditemukan juga kesalahan yang elementer, ketika siswa
> diberi tugas menerangkan diri dan keluarganya dengan kalimat-kalimat, "rama
> abdi namina", "ibu abdi namina", "raka abdi namina", "rai abdi namina", dst.
> Kalimat-kalimat ini tentu sangat janggal, karena untuk diri sendiri kata
> yang dipakai adalah "bapa", "biang", dan "lanceuk", di samping di awal
> kalimat memakai kata "pun", tanpa memakai kata "abdi".
> Kesalahan berikutnya juga ditemukan saat mendeskripsikan kesenian Sunda.
> Misalnya, angklung yang ditulis, *angklung mangrupakeun waditra has ti
> Jawa Barat cara maenkeunnana dieundeug endeug *. Tak terbayangkan
> bingungnya anak-anak kelas I SD itu mendapat informasi semacam itu. Bukankah
> yang *dieundeug-eundeug* itu hanya pohon (*tatangkalan*)? Juga tentang
> cianjuran yang ditulis sebagai *kakawihan *. Definisi ini jelas salah
> karena cianjuran adalah jenis tembang, sementara *kakawihan* adalah lagu
> anak-anak seperti *oray-orayan*.
> Dalam jilid II juga ditemukan sejumlah kejanggalan dan kesalahan yang
> sangat elementer. Di halaman 34, misalnya, tentang sebuah dongeng. Di situ
> ada kalimat yang benar-benar menggelikan; *Rupa-rupa sasatoan ting haraus*.
> Bingung kita dibuatnya, apa yang dimaksud dengan "ting haraus" itu! Mengapa
> bukan *halabhab*?. Lalu penggunaan kata-kata halus untuk binatang,
> misalnya, "sakadang Piit keur leleson"!
> Bukan naskah asli?
> Menanggapi sejumlah kejanggalan tersebut, Usep Kuswari, sebagai salah
> seorang dari penyusun buku itu mengatakan, pihaknya juga merasa kecewa
> karena penerbit telah menerbitkan buku itu tanpa lebih dulu menghubungi tim
> penyusun. Ia menuturkan, tim penyusun tidak diberi tahu bahwa buku itu akan
> diterbitkan. Yang mereka terima hanyalah draf dari penerbit yang harus
> mereka koreksi.
> "Membaca draf itu saya kaget, karena isinya tidak seperti naskah aslinya.
> Karena itu kami meminta agar buku itu jangan dulu diterbitkan. Tapi ternyata
> sudah terbit. Tentu saja kami merasa dirugikan. Apa mungkin, kami membuat
> kesalahan sefatal itu," ujar Ketua Jurusan Program Bahasa Daerah UPI Bandung
> ini saat dihubungi Rabu kemarin.
> Lepas dari kekecewaan Usep dan tim penyusun buku, satu hal yang jelas
> murid-murid dan orang tua muridlah yang harus menanggung akibatnya, seperti
> dikeluhkan oleh Adang, orang tua murid SD yang menggunakan buku tersebut. "
> *Eukeur mah* pelajaran bahasa Sunda itu dianggap susah, materinya juga
> seperti begitu. Ini menyesatkan buat anak-anak," katanya. (Ahda Imran)***
> ---------------------------
>
> *Aj Kusnet < [EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Hampura Ki, euy... Enya, kuring ngaku tambelar kana ipukan pupuh teh...
>
> Kamari basa milu tuang-toong, kuring ngarenjag sabab aya tilu "nu boga
> lalakon" di jagad Sunda (nyaeta 
> http://urang-sunda.or.id/<http://urang-sunda.or.id/ePupuh/epupuh.htm>,
> http://lssitb.f2o.org/ <http://lssitb.f2o.org/kamus/?wk=CategoryPupuh>,
> jeung  http://www.sundanet.com/<http://www.sundanet.com/artikel.php?id=21>)
> ngabewarakeun pupuh anu henteu baku (anu ku kuring ditembongkeun kamari
> pupuh Gurisa anu beda jumlah padalisanna antara sundanet jeung urang-sunda
> tea, tapi teuing mana nu salahna, tapi mustahil duanana bener). Balarea
> urang Sunda pasti percaya jeung ngaku yen enya nu tilu teh nu boga lalakon,
> tapi inyana pasti bakal bingung manggihan hal nu teu sapagodos ti nu tiluan
> teh (atawa inyana nyutat salah sahiji tur kabeneran nu dicutatna teh nu
> salah, padahal eta cutatan teh baris dibewarakan ka suklakna ka siklukna).
> Postingan Kang Oman sigana kudu dianggap hiji bongbolongan: eta nu tiluan
> teh kudu ngadeuheus babarengan ka nu janten Resi anu maqomna sadarjah sareng
> Abah Surya. Sigana mah anu kudu diheulakeun teh pamustungan ngeunaan rumus
> pupuhna (pada - padalisan - engang - aksara hirup panungtung tea).
>
> Salam,
> AJ
>
>
> *mh <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Kang Oman, Kang AJ, Kang Santona, sareng kum we
> barasaya nu sanesna.
>
> Nuhun kana infona. Naon nu diembrakeun ku salira, teu
> pisan-pisan jadi masalah. Malah resep we nu aya.
> Ngipuk Pupuh teh geuning tayohna mah jadi asa meuyeum
> nangka. Hehehe. Geus sakitu mangsa kaliwat, kakarek
> pada murak ayeuna. Enya ieu pentingna publikasi teh
> meureun, digeroan mah ti baheula menta pangoreksikeun,
> sabab loba kecap nu teu kaudag ku ceuli kuring.
> Berekah teu aya nu ngarespon. Padahal teu hese harita
> pamenta teh, ukur menta pangregepkeun haleuangna,
> terus koreksi transkripsina. Maklum ceuli kuring lain
> ceuli seniman nu terlatih, nya bari jeung loba
> kekecapan nu teu pati kaharti maksudna oge, saheulanan
> mah dituliskeun numutkeun nu karampa we. Jati
> prinsipna, sapanjang can kabedag meuli pantalon, nya
> make sontog we heula, ulah nepi ka ditaranjang.
> Hehehe.
>
> Ayeuna nembe dibaruka, nuhun pisan. Mangga urang pada
> koreksi. Upama tiasa mah kieu, ka babaraya dimana wae
> nu kagungan referensi pupuh, boh mangrupa naon wae, --
> audio, video, artikel -- mugia kersa ngalengkepan
> bahan nu tos aya. Leuwih hade jigana, upama aya pupuh
> di tiap wewengkon, ngarah tiasa silih bandingkeun.
>
> Mangga diantos, info salajengna.
>
> Salam,
> mh
>
> --- oman abdurahman < [EMAIL PROTECTED] <omanarah%40gmail.com>> wrote:
> > Ki Hasan (Mh), Kang Aj, oge baraya sadaya,
> >
> > Saeutik mairan, jeung satemenna mah ieu teh talatah
> > ti abah Surya kapungkur. Mudah-mudahan teu jadi
> > masalah, saeutikna teu jadi masalah
> > gede :).
> >
> > Eta, lebah audio kantetan unggal pupuh. Satemenna,
> > cara ngahaleuangkeun hiji pupuh, utamana sekar
> > ageung, henteu sarua antara hiji daerah jeung daerah
>
> > sejenna. Upamana, haleuang Asmarandana antara
> > Priangan kaler, tengah jeung pakidulan eta rada
> > beda. Lamun dina basa mah sebut wae ieu teh masalah
> > 'dialek' atawa soal lentong.
> >
> > Tah, kusabab anu dikantetkeun dina file nangkod
> > audio teh ngan hiji (asana unggal pupuh ngan hiji
> > conto wanda/cara ngahaleuangkeun, nya?), aya alusna
> > upama dina tiap file audio teh ditambahan
> > katerangan anu nuduhkeun ti wewengkon mana wae eta
> > wanda/cara ngahaleuangkeun audio pupuh conto teh.
> Nya
> > etang-etang mitembeyan ngebrehkeun (sakaligus)
> > ngahargaan unak-anik budaya urang. Ngan, meureun
> > jadi PR (pagawean imah), lain wae keur Ki Hasan,
> tapi
> > keur urang sadaya. PR neangan sumber daerah audio
> > pupuh anu kapilih.
> >
> > baktos,
> > manAR
> >
> > On 6/9/06, Aj Kusnet < [EMAIL PROTECTED] <ajkusnet%40yahoo.com>> wrote:
> > > Ki, oge baraya sejenna,
> > >
> > > Anu tangtu mah aturan pupuh teh aya dua:
> > >
> > > (1) Kudu murwakanti (hiji pada aya sabaraha
> > > padalisan, saban padalisanna aya sabaraha engang
> > > jeung ditungtungan ku sora aksara hirup naon) .
> > > Contona, Maskumambang: 12-i, 6-a, 8-i, 8a
> > >
> > > (2) unggal pupuh boga jiwa sewang-sewangan
> > > (tengtrem, bingung, banyol, gumbira, jste). Aturan
>
> > > kadua leuwih hese tibatan aturan kahiji.
> Kukituna,
> > > baheula keur di SD, guru kuring teu mentingkeun
> > > aturan kadua eta, tapi aturan kahiji mah mutlak.
> > > Contona, Maskumambang ngagambarkeun kanalangsaan,
> > > ngenes hate.
> > >
> > > Aya masalah gede nyatana mah dina perkara pupuh
> > > teh. 17 pupuh anu aya di
> > > http://urang-sunda.or.id/ePupuh/epupuh.htm (tur
> > > dicutat ku
> > > http://lssitb.f2o.org/kamus/?wk=CategoryPupuh ):
> > >
> > > (1) Pada kadua unggal pupuh teu tumut kana
> > > aturan kahiji, teu murwakanti.
> > > Sigana eta pada kadua teh bisa dianggap "alok"
> > > bae, ulah dianggap bagian tina pupuh, malah mun
> > > bisa mah dipiceun.
> > >
> > > (2) Lamun dibandingkeun jeung tulisan sejen
> > ngeunaan pupuh (toong salah
> > > sahijina di
> > http://www.sundanet.com/artikel.php?id=21),
> > sareretan kuring
> > > ningali bedana aturan purwakanti pupuh Gurisa
> > (cing tengetan nu lianna): di
> > > www.urang-sunda mah sapada teh aya 8 padalisan,
> > ari di www.sundanet mah 6
> > > padalisan.
> > >
> > > Sok urang pada menerkeun.
> > >
> > > AJ
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>  ------------------------------
> How low will we go? Check out Yahoo! Messenger�s low PC-to-Phone call
> rates. 
> <http://us.rd.yahoo.com/mail_us/taglines/postman8/*http://us.rd.yahoo.com/evt=39663/*http://voice.yahoo.com>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke