Muhun ari judulna mah "Ayang-ayang Gung". Anu si kuring poho deui teh istilah keur kelompok "Ayang-ayang Gung" jeung anu sarupa ti eta. Upamana wae, dina hasil karya masyarakat anu lolobana anonim teh apan aya anu disebut: Sisindiran, Wawangsalan, Kakawihan, jrrd, anu masing-masing puguh aturan nyusunna. Tah pikeun anu sarupa jeung "Ayang-ayang Gung" aya istilah khusus, istilah kelompokna anu lain sisindiran, oge lain kawih. Ari aturanana mah-sakumaha kapireng ku sarerea, diantarana: kecap atawa suku kecap anu akhir tina kalimah samemehna jadi kecap atawa suku kecap munggaran tina kaliman saterusna. Contona: Ayang-ayang gung, gung goongna rame...jst.
manAR On 9/6/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > saur kang kumi mah dina lagu "ayang-ayang gung" mang.. > mun teu lepat kieu: > " > ayang ayang gung > gung goongna rame > menak ki mas tanu > nu jadi wadana > naha maneh kitu > tukang olo-olo > loba anu giruk > ruket jeung kompeni > niat jadi pangkat > katon kagorengan > ngantos kangjeng dalem > lempa lempi lempong > jalan ka batawi ngemplong > " > teras ngeunaan dalem boncel mah aya dina pupuh mijil kitu? nu kesrek > alatan > nundung indung jeung bapana? > emut basa smp, pa u wahyudin guru basa sunda simkuring sok ngahariringkeun > pupuh ieu, mun teu lepat rumpaka na samodel kieu: > " > aduh gusti anu maha suci sim abdi rumaos, > pangna abdi dumugi ka kesrek > reh ka sepuh parantos ngusir > takabur sareng dir > tega nundung sepuh > " > punten upami lepat ah, tos rada lep-lepan uteukna yeuh.. > > dh > On 9/6/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Sarua Mh, si kuring oge neguh yen Ki Agen Sentanu teh nya Ki Mastanu > > tea. > > Ieu tokoh mun teu salah mah mashur ku gelarna salaku "Dalem Boncel" tea, > > lain? Aya kakawihan (sabenerna aya istilah khusus, lain kakawihan, > pikeun > > karya-karya masyarakat sarupa kitu, si kuring poho deui, aya dina buku > > "Peperenian") anu nyabit-nyabit ngaran "Ki Mastanu" > > > > ..................Ki Mastanu > > Nu jadi wadana > > Naha maneh kitu > > Tukang olo-olo > > Loba anu .......jst > > > > manAR > > > > > > > > > > > -- > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ > :.lembur deudeuh.: > http://banjarasih.blogsome.com > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
