Baraya,

Kaparengkeun aya waktu rada rineh, seja nepikeun peperinian "amanah" para
karuhun anu sae anu kacatet dina naskah kuno. Naon anu arek ditepikeun ieu
ngarupakeun seratan / kasauran yasana pangersa abah Surya dina acara mieling
milangkala kamerdikaan nagara urang, Indonesia tea, di lingkungan
Gubernuran. Tegesna, Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga) anu danget ieu nuju
dirawat di salah sahiji rumah sakit di Bandung (pamugi anjeunna masing
enggal damang sabihara-bihari deui), diulem ku pihak gubernuran kanggo
ngadugikeun wejangan dina maleman milangkala kamerdikaan RI tingkat
gubernuran.

1. Panganteur

(1)
Ieu amdato - eh pidato - abah teh dijejeran "Amanah Karuhun Sunda pikeun
Ngeusian Kamerdekaan Bangsa". Eusina ngarupakeun cutatan jeung pedaranana
anu pakait tina amanah-amanah sababaraha karuhun Sunda anu kacatet (sumber
tertulis) boh dina dina naskah kuno atawa prasasti Sunda. Hartina, lain ukur
carita lisan, tapi aya bukti bungkeuleukanana di arsip Nasional atawa
tempat-tempat resmi sejenna anu nyimpen eta naskah kuno atawa kabuyutan
tempat prasasti-prasasti anu jadi rujukan.  Diantara karuhun anu jadi sumber
rujukan anjeunna, nyaeta: 1. Prabu Guru Darmasiksa (Raja Sunda, 1175 - 1297
M; marentah salila 112 taun); 2. Prabu Niskala Wastu Kancana, Raja
Galuh-Sunda (periode Kawali, 1371 - 1475 M, marentah salila 104 taun); 3.
Sri Baduga Maharaja (Prabu Jayadewata/Prabu Siliwangi) Raja Pajajaran (1482
- 1521 M).

(2)
Eusining amanah karuhun US anu dituturkeun deui ku pangersa Abah Surya,
mataholangna ngeunaan papagon dina marentah jeung hirup
kumbuh kamasyarakatan. Leuwih ecesna, tetela, para karuhun geus maju pisan
pangemutna, yen beureum hideungna kaayaan masyarakat eta teh gumantung opat
pihak : 1) anu jadi pamarentahna/para pamimpinna, 2) jelma-jelma anu
palinter ti antara anggota masyarakat, 3) jelma-jelma anu baleunghar di jero
masyarakat, 4) para gegeden ti antara masyarakat. Leuwih ecesna deui,
paripolah anu salah, utamana laku korupsi, KKN jeung sabangsana ti para
pamimpin, gegeden, anu palinter jeung anu baleunghar eta sabab musabab
hancurna hiji masyarakat di mana wae di dunya ieu.

Hal ieu ditepikeun kalawan tan (tanpa) tedeng aling-aling ku abah ka
rengrengan para pangagung, inohong, jeung undangan anu hadir dina riungan
milangkala anu kasebut di luhur.

(3)
Tetela, budaya Sunda geus ngabogaan "istilah teknis" paripolah para pamimpin
anu matak nyilakkeun rahayat dina waktu anu lila (korupsi, KKN, jst).
Istilah teknis eta kapanggih tina amanah Sri Baduga Maharaja anu katuliskeun
ku yasana Ni Dawet (wanoja, satingkat pandita) dina naskah kuno Sanghiyang
Siksa Kanda Karesian (SSKK - 1518 M, sarga XXII). Istilah teknis anu
dimaksud, anu sakuduna disinglar ku sarerea, nyaeta: BURANGKAK, MARIRIS,
MARENDE, jeung WIRANG. Anu kumaha anu disebut Burangkak, Mariris, Marende
jeung Wirang teh? Mangga, ilo wae eusi pidato abah Surya di handap ieu anu
didugikeun satarabasna dina riungan mieling HUT RI ka-61 di gubernuran Jawa
Barat.

Sabalikna, rusiah atawa kiat pamarentahan /pamimpin (raja-raja) Sunda
baheula, anu bisa marentah nepi ka leuwih ti 100 taun atawa marentah anu
nepi ka wangi ka sakuliah Nusantara (batasan nusantara harita ngawengku Asia
Tenggara ayeuna) nya taya lian ku sabab para pamimpin harita geus bisa
ninggalkeun paripolah goreng anu kasebut di luhur (Burangkak, Mariris,
Marende, jeung Wirang).

(4)
Saterusna, abah Surya nyimpulkeun tugas anu ditimba tina amanah para karuhun
Sunda pikeun ngeusian alam kamerdekaan ayeuna dina papagon "Catur Manusa
Utama". Eusining Catur Utama estuning basajan dina dadaran, tapi jero jeung
kudu ditarekahan kalawan daria. Catur utama anu merenah pisan upama
jadi visi jeung misi atikan di Tatar Sunda (oge sa Indonesia satemenna mah)
diwangun ku opat kualitas: 1) Luhung elmuna, 2) Pengkuh agamana, 3)
Jembar budayana, 4) Rancage gawena.

Kalawan diadumaniskeun jeung papagon agama, abah nutup pidatona anu
ngarupakeun mataholang ajen-inajen budaya Sunda ku cutatan
tina Nurhidayahan, surah Ar Raad (QS 13) ayat 11 yen robahna hiji kaom
gumantung kana tarekahna pribadi, dina pupuh dangdanggula.

(5)
ieu materi mieling HUT RI di gubernuran teh didugikeun oge ku abah dina
acara "Pelatihan Instruktur Sosialisasi + Simulasi Mitigasi Bencana Gempa
jeung Tsunami". Hiji acara tina runtuyan 4 hambalan acara "aksi peduli
kisunda untuk Bencana Jabar Selatan" anu diluluguan ku Himpunan Mahasiswa
Tasikmalaya kalawan dirojong ku Kusnet, milist Tasik, milis kisunda, Yayasan
Sawala Bumi jeung Yayasan Pasamoan Sophia. Hiji acara anu diwangun ku
opat hambalan anu dina danget ieu karek anggeus dua hambalan (survei lokasi
& materi, 5-6 Agustus 2006 + pelatihan instruktur 19 - 20 Agustus 2006)

Pakaitna amanah karuhun jeung urusan bencana alam taya lian, kusabab
nuturkeun panitenanana, abah nandaan yen mindengna kajadian bencana pakait
jeung gorengna ngokolakeun nagara. Atawa, sabalikna, kaayaan masyarakat anu
ayem tentrem suwung tina bancangpakewuh eta minangka barokah tina
kapamimpinan anu bisa silih asih, silih asah, silih asuh;  ngertakeun bumi
lamba jeung miara kabuyutan, sakumaha eusining amanah karuhun Sunda.

Sakitu heula minangka panganteur. Anapon eusining pidato abah anu
ngarupakeun amanah luluhur pikeun ngeusian kamerdekaan bangsa bade
ditepikeun dina postingan anu kadua runtuyan ieu jejer, manawi pareng.

baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke