Baraya,
Mangga di handap ieu kapidangkeun eusining amanah karuhun Sunda pikeun
ngeusian kamerdikaan, sakumaha panganteur posting kahiji dina jejer anu
sarua. Anu dihandap ieu dikopi kalawan saeutik editing tina bahan ceramah
pangersa abah Surya sakumaha geus dicaritakeun samemehna. Kukituna,
hampurana wae bisi tulisan teh rada panjang atawa aya tulisan anu make huruf
baradag atawa huruf anu warna-warni.
baktos,
manAR
AMANAT KARUHUN SUNDA PIKEUN NGEUSIAN KAMERDEKAAN BANGSA
Dina miéling Kamerdekaan Républik Indonésia anu ka 61 taun, merenah
pisan upami
urang 'NYORÉANG KA TUKANG sareng NEUTEUP PERJOANGAN PIKAHAREUPEUN. Kitu deui
urang kedah nengetan kana kaayaan NAGARA sareng BANGSA Indonésia, hususna
mah masarakat di lembur urang sorangan, naha parantos LAYAK HIRUP SABAGÉ
MANUSA ANU MERDÉKA henteu dijajah ku budaya deungeun.
Anu kacida pentinghna mah, urang ogé kedah sakadada-sakaduga ngiring mémérés
kaayaan anu masih kénéh pasoléngkrah, di antawisna nyaéta ngabina KUALITAS
DIRI PRIBADI sangkan jadi warga nagara anu tohaga-lahir batin, manusa
anu LUHUNG
ÉLMUNA, PENGKUH AGAMANA, JEMBAR BUDAYANA sareng anu RANCAGÉ GAWÉNA.
Di masarakat Sunda aya paribasa " Bihari ngancik di kiwari, seja ayeuna
sampeureun jaga" anu hartosna ngararancang kahirupan masarakat ayeuna sareng
nu bakal datang anu raharja lahir batinna, anu MERDÉKA lahir batinna.
Urang diawitan ku niténan amanat Karuhun Sunda anu aya dina sawatara eusi
Naskah Sunda Kuna, nyaéta:
*1. **AMANAT PRABU GURU DARMASIKSA* (Raja Sunda 1175-1297 M > 112
Taun)
Mantenna nyaurkeun yén:
"KAAYAAN MASARAKAT ANU HENTEU TENGTREM, HENTEU RAHARJA TUR MINDENG KEUNA KU
MUSIBAH ALAM, BOH DI LEMBUR SORANGAN, BOH DI SATATAR DUNYA; ÉTA TÉH
DILANTARANKEUN KU TALAJAK-TINGKAH LAKU ANU SARALAH TI PARA GEGEDÉN,
PAMINGPIN, JELEMA ANU PALINTER, JELEMA ANU BALEUNGHAR, KAASUP OGÉ PARA
PAMINGPIN JEUNG PARA RAJA DI SADUNYA.
(*Amanat Galunggung; Kropak No: 632. Kaca 12 recto*).
Amanat Prabuguru Darmasiksa ka urang Sunda ayeuna, yén ari hirup téh kudu:
1. Biasakeun SOMÉAH HADÉ KASÉMAH, bari tetep kudu waspada jeung
ati-ati, sémah anu kumaha anu kudu dipibaraya ku urang.
2. Ari hirup ulah KONSUMTIF tapi kudu PRODUKTIF.
3. Ari nyarita jeung mikir téh kudu anu sipatna hakiki, kudu anu bener
jeung maslahat.
4. Lamun batur nyebutkeun pagawéan urang goréng, anu kudu digelendeng
téh nya diri urang sorangan, naha atuh digawé téh bét nu goréng.
5. Ulah sok nyalahkeun atawa neumbleuhkeun kasalahan urang ka batur.
6. Ari maréntah atawa nitah téh kudu kubasa anu santun
(pikayungyuneun).
7. Kudu hormat tilawat jeung kudu ngabungahkeun ka kolot urang.
8. Kudu boga sumanget digawé anu ngagedur, jeung boga kapribadian ahlak
anu tanggoh.
9. Ulah dibiasakeun nyarita gogorowokan, sindir-sampir, ngomongkeun,
nagogoréng batur. Pagawéan kitu téh matak hina kana diri.
10. Lamun urang teu ngagegedékeun papaséan. jeung teu ngarasa asa aing
pangbenerna, kahirupan di masarakat téh bakal tengtrem ayem. Kitu deui
kaayaan di dunya ogé, bakal tengtrem ayem, moal loba peperangan. Dunya téh
bakal tengtrem saperti talaga anu caina canémbrang hérang, saperti Gunung
anu teguh pancuh.
11. Kudu dibiasakeun saréréa migawé kamulyaan hirup, ku mancegkeun
patékadan, ucap jeung lampah anu hade sapopoé.
12. Ari hirup kudu boga tatakrama-sopan santun, ta'at kana aturan hukum,
nyaho wates mana anu halal jeung mana anu haram.
13. Perhatian téh kudu salawasna museur/ terpusat/ fokus kana tujuanana.
14. Bebeneran mah lain pikeun diadu-renyomkeun-dipaséakeun atwa dijadikeun
bahan debat, tapi pikeun dipraktekkeun.
15. Manusa mah kudu handap asor (tawadhu) ulah guminter, angkuh jeung ieu
aing. Jelema anu sombong éta téh ibarat paré hapa euweuh sikian.
16. Manusa anu mulya nyaéta anu ngaraketkeun tali silaturahim jeung papada
manusa.
17. Jelema anu ngaregepkeun nasehat kolotna jeung karuhunna, hirupna bakal
tengtrem.
18. Jelema anu ahlakna ruksak, éta hésé diubaranana, sabab diserang ku
panyakit anu henteu katara, nyaéta panyakit batin.
19. Kudu resep kana kaéndahan jeung katartiban.
20. Saha baé anu bisa ngajaga lingkungan alam bakal hirup pinanggih jeung
kabagjaan, sabab bakal mampuh méré kabagjaan pikeun anak jeung turunanana.
21. Leuwih kénéh aya hargaan kulit careuh anu aya di jarian, tibatan anak
bangsa anu henteu mikanyaah ka lemah caina.
Tah kitu sabagian tina amanatna Prabu Guru Darmasiksa ka urang sadaya, anu
ayeuna kapihapéan kudu miara kulawarga anu SAKINAH-MA'WADAH WA ROHMAH sareng
miara lingkungan hirup anu "sejahtera tur merdeka".
*2. AMANAT PRABU NISKALA WASTU KANCANA* (Raja Kawali. 1371–1475 M > 104
Taun)
Kapamingpinanana dipedar ku hiji bujangga nu ditulis dina naskah Sunda Kuna
" Carita Parahyangan", kieu unggelna:
"uga-muga aya anu hayang nurutan perilakuna (*Prabu Niskala Wastu Kancana*)
anu geus mampuh ngawujudkeun karaharjaan masarakat anu sejahtera…. tepi ka
CAI – CAHAYA - ANGKASA jeung ALAM ogé ngarasa betah jeung tengtrem aya dina
panangtayungan pamingpin "Sang Pelindung Dunia"
Salami pamaréntahan Prabu Niskala Wastu Kancana anu 104 taun, di wilayah
karajaanana teu kajadian musibah alam boh, *lini, tsunami, topan, gunung
bitu, urug (longsor), caah (banjir) sasalad panyakit *sste. Sabab alam ogé
ngarasa tengtrem dipingpin ku raja anu amanah tur anu Rakhmatan Lil Alamin
.
Prabu Niskala Wastu Kancana ngaamanatkeun ka turunana (generasi penerus)
yén:
"….Kudu ngabiasakeun migawé kautamaan (*pakéna gawé rahayu*) jeung
ngabiasakeun migawé karaharjaan anu sajati (*pakéna kereta bener = hirup anu
beresih*), sabab jadi sumber karaharjaan jeung kajayaan nagara"
Eusi Prasasti (Batu tinulis keur Paringetan) anu aya di komplek Astana
Gedé-Kawali-Ciamis, ngécéskeun pisan kualitas PrabuNiskala Wastu jeung
piwuruk ka "generasi penerus bangsa"
PRASASTI KAWALI I
"….Nya anjeunna (NWK) anu ngaraharjakeun (*ngamajukeun pertanian*)
di sakuliah nagri. Muga-muga aya anu datang pandeuri (*generasi penerus*)
anu ngabisakeun diri migawé kautamaan
supaya jaya di dunya"
PRASASTI KAWALI VIII
IWEU ULAH BOTOH BISI KOKORO
( Kadé ulah SARAKAH bisi SANGSARA)
Saterasna putu ti Prabu Niskala Wastu Kancana anu jenenganana SRI BADUGA
MAHARAJA atanapi sok disebat PRABU SILIWANGI, aya amanatna ka urang:
3. *AMANAT SRI BADUGA MAHARAJA* (Prabu Jayadéwata, Prabu Siliwangi;
Raja Pajajaran. 1482-1521 M)
Dina NASKAH SUNDA KUNA nyaéta SIKSA KANDA'NG KARESIAN (SSKK – 1518 M).
Palebah
sarga XXII, aya katerangan watek- pangadatan (karakter) manusia anu nyieun
karuksakan di alam
dunya, disebutna CATUR BUTA, nyaéta:
1. B U R A N G K A K
disebut mahluk MAHA GILA
Tegesna pikagilaeun, nyaéta jelema anu haseum budi (ketus), tara daék nanya
ti heula ka batur, henteu soméah, mun nyarita nada sorana kasar jeung ambek,
nyentak, molotot, ngahina, babari panas haté, kasar kalakuanana, teu nyaho
tatakrama. Jelema anu kitu euweuh bédana jeung raseksa, buta, durga, durgi,
buta kala.
Hirupna ngan pantes di tempat anu kalolotor.
2. M A R I R I S
disebut
LEUWIH HINA TIBATAN BANGKÉ
Hartina pikarujiteun, pikageuleuheun.
Leuwih kotor ti kokotor sato.
Leuwih pikarujiteun tibatan bangké anu butatayan.
Nyaéta manusa anu sok nyokot hak anu batur, maling, ceceremed, nipu,
ngarampog, ngabobodo, ngarampas, korupsi, ngabohong, panjang leungeun, metik
henteu amit-ngala henteu menta.
Lamun maot arwahna bakal sangsara di naraka sarebu-saratus taun lilana,
disupata ku Batara.
Jajauheun kana bisa disebut manusa.
Saharkat jeung sato anu pikageuleuheun, saperti hileud nahun, piteuk,
titinggi, limus sakeureut, pacét, lentah, méar, janggel, jambelong, lohong
(cucunguk), gorong (gaang)
3. M A R É N D É
disebut
BUTA ANU BEUNGEUTNA SEUNEU
RAKSASA BERMUKA API
Nyaéta watek jelema anu disangka bakal matak nimbulkeun katengtreman,
kaakuran, tapi buktina malah matak panas kaayaan di masarakat;
jadi henteu tengtrem, ngegedékeun papaséaan, babaladan, mumusuhan, tawuran,
nimbulkeun kacilakaan jeung kateutengtreman di masarakat.
4. W I R A N G
disebut
SATO ANU PIKASIEUNEUN
Nyaéta anu embung jadi jelema bener, embung jujur, embung jadi jelema anu
boga ahlak hadé, embung terus terang ngaku kasalahanana, embung tarékah, henteu
daék kapok, katagihan/nyandu.
Pangadatanana nyaéta : resep ngancam, ngagegedékeun papaséaan, mitenah,
maéhan.
Waték manusia WIRANG sarua jeung
buhaya, oray kadut, maung, badak jeung sato anu pikasieuneun séjénna.
5. TUGAS URANG PIKEUN NGEUSIAN KAMERDIKAAN NAGARA RÉPUBLIK INDONESIA
Pikeun ngeusian kamerdikaan RI téh kedah diawitan ku IBDA BIN NAFSI – WIWIT
TI DIRI PRIBADI. Urang kedah ningkatkeun kualitas diri urang pribadi, nu
disebat CATUR MANUSA UTAMA.
CATUR MANUSA UTAMA:
1. LUHUNG ÉLMUNA. Tegesna loba élmu pangaweruh lahir-batin anu
mangpa'at.
2. PENGKUH AGAMANA. Tegesna ngalaksanakeun aturan hirup-kumbuh anu
ditangtukeun ku agama anu dipiimanna; pikeun umat Muslim mah nyaéta
panceg Aqidah,
Ibadah, Syariah sareng Muamalah numutkeun Al-Qur'anul Karim sareng Sunnah
Nabi Muhammad Saw.
3. JEMBAR BUDAYANA. Tegesna mibanda jati diri Kasundaan anu Ngindung ka
Usum-mibapa ka Jaman – bari henteu leungit jatidiri Kasundaanana.
4. RANCAGE GAWÉNA. Tegesna ngagedur sumanget hirupna, rapékan, segut
digawé pikeun kamaslahatan diri jeung kulawarga katut masarakatna.
ALLOH SWT. parantos midawuh, yén moal robah kaayaan hiji kaom upama éta kaom
henteu daék ngarobah nasib ku pribadina. Geura mangga urang
lenyepan ayat suci AR-RAAD. Ayat 11
*TEMBANG SUNDA *
*NUR HIDAYAHAN*
* *
*AR-RAAD*
*Surat Ka- 13. Ayat 11*
لَهُ مُعَقِّبَاتٌ مِنْ بَيْنِ يَدَيْهِ وَمِنْ خَلْفِهِ يَحْفَظُونَهُ مِنْ
أَمْرِ اللَّهِ إِنَّ اللَّهَ لَا يُغَيِّرُ مَا بِقَوْمٍ حَتَّى يُغَيِّرُوا
مَا بِأَنْفُسِهِمْ وَإِذَا أَرَادَ اللَّهُ بِقَوْمٍ سُوءًا فَلَا مَرَدَّ
لَهُ وَمَا لَهُمْ مِنْ دُونِهِ مِنْ وَالٍ (11) * * *Pupuh
Dangdanggula* *ROBAHNA
KAAYAAN HIJI KAOM GUMANTUNG KANA TAREKAHNA PRIBADI .*
*:13/11*
Ari mungguh pikeun sugri jalmi,
unggal jalma aya nu ngajaga
dijaga utusan Alloh,
malaikat nu tangtu,
ngajagana bari bagilir,
di hareup di tukang,
tumut dawuh Agung,
paréntah Alloh Ta'ala,
paréntahna ti Gusti Nu Maha Suci,
miwarang malaikat.
*:13/=11*
Satemenna Alloh Maha Suci,
moal badé ngarobah nasibna
moal robah hiji kaom,
moal ngarobah kaum,
ngan kajaba kaomna tadi,
daék ngarobah nasibna,
kitu dawuh Agung,
moal robah kaayaan,
lamun baé éta umatna pribadi,
teu ngarobah nasibna.
*:13/=11*
Saupami kersaning Ilahi
saupami Alloh Nu Kawasa,
Maha Kersa Gusti Alloh,
badé ngancurkeun kaum,
hiji kaom badé dibasmi,
taya nu bisa nolak,
Pangersa Nu Agung,
taya keur panyalindungan,
manusa téh ka saha nitipkeun diri,
lintang ti ka Pangéran.
***
SHODAQOLLOHULADZIM
Maha Pinuji Ilahi,
moal lepat pidawuh-Na-
- ALLOH-
Pamungkas Wacana.
Mugia Alloh SWT. salamina maparin, taufik-hidayah- inayyah- rohmat magfiroh
ka urang sadaya, ka Bangsa Indonésia sagemblengna geusan ngawujudna
masarakat hirup kumbuh anu MADANI MARDOTILLAH. Amin!
Wassalamu'alaikum Wr Wb.
Hurip Sunda !
Bandung, 16 Agustus 2006
*Mkl. 382= 380 =377*
Bahan sabagian dibantun tina Makalah anu didugikeun dina
Saréséhan Pencanangan Gerakan Soméah Hadé ka Sémah.
di Aula Barat Gedung Saté. 10 Agustus 2006.
*Buku :*
- *Étika jeung Tatakrama*. H.R.Hidayat Suryalaga. Geger Sunten 1997
- *Kasundaan – Rawayan Jati*. H.R.Hidayat Suryalaga. Wahana Raksa
Sunda.2003.
- *NUR HIDAYAH - Tarjamah Al*-Qur'an 30 Juz dina Basa Sunda
Winangun Pupuh. Drs.H.R.Hidayat Suryalaga. Yayasan Nur Hidayah. 2003
- *Menembus Kemelut Perubahan di Indonésia* – Suatu Rekonstruksi
Multi Dimensi. Editor: Eddy Jusuf dkk. UNPAS. PRESS. 2006
- *Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat.* Pemerintah
Provinsi Daerah Tingkat I. Jawa Barat. 1983-1984
- *Séwaka Darma – Sanghyang Siksa Kanda'ng Karesian – Amanat
Galunggung.** *Saleh Danasasmita dkk. Direktorat Jenderal Kebudayaan
Depdikbud. Bandung. 1987.
- *Upacara Adat di Pasundan*. R.Akip Prawira Soeganda. Sumur
Bandung. 1982.
- *Strategi Kebudayaan*. Prof.Dr.C.A.van Peursen Gunung Mulia.1976
- *Teori Sosiologi Klasik dan Modern.* Doyle Paul Johnson.
Diindonésiakan: Robert M.Z.Lawang. Gramedia Pustaka Utama. Jakarta. 1994.
***
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/