Baraya, aya buku enggal, judulna teh "KHAZANAH PANTUN SUNDA, Sebuah
Interpretasi", kenging Pa Jakob Sumardjo. Dimedalkeun ku Penerbit
Kelir, Agustus 2006. Lamun meser buku ieu, aya VCD an dua siki,
eusina pagelaran Pantun Buhun : "Lahirna Prabu Siliwangi", Juru
pantunna nu disebat-sebat ku Ua Sas, Ki Akis. Pangaos Buku : Rp.
95.000 di Gramedia.
Kuring meser buku ieu kamari, tapi bukuna acan dibaca, tapi VCDna mah
geus diputer, ngan hanjakal pisan, rekaman VCDna kirang sae, tapi
lumayanlah ..... tinimbang teu aya.
Dina panganteurna Pa Jakob nyebatkeun buku ieu teh mangrupakeun
sumbangan leutik ka masyarakat Sunda dimana Pak Jakob geus 40 taun
hirup di Bandung, di tengah-tengah masyarakat Sunda. Buku ieu
oge "dipersembahkan" ka salah saurang pamuda Sunda, prajurit
Siliwangi, nu perlaya di taun 1947, kulantaran ngabela Desa Pa Jakob,
di Klaten Jawa Tengah. Pak Jakob (Jakobus) Sumardjo aslina urang
Klaten.
Ieu salah sawios komentar kana buku ieu :
Hawe Setiawan : Dalam Pandangan Jakob, cerita pantun cenderung
merupakan sesusun simbolis yang mengandung makna filsafat, politik
dan regius yang berlapis-lapis.
H. Dadang Kahmad : Membaca buku Pak Jakob Sumardjo, kesan utama saya
adalah buku ini ditulis oleh orang yang begitu tekun dengan daya
imajinasi yang tinggi dengan kekayaan interpretasi yang dalam. Saya
tidak percaya ketika membaca riwayat hidup Pak Jakob, bahwa beliau
bukan pituin Sunda karena begitu dalamnya tentang pantun Sunda.
Baktos,
WALUYA
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/