Saleresna mah aya "telaahan" bahasa ieu anu lengkap,
anu tos janten pakem para ahli bahasa sadunya, nyaeta
teori basa anu diserat ku Ferdinant De Saussure.
Kamari kuring ngagaduhan ringkasan bukuna anu diserat
ku Prof. Harimurti Kridalaksana. Tapii duka "kaselitp
dimana, dikurah-koreh di "pabetekan" di kantor kuring
teu kapendak. Teori Saussure teh, didasarkeun kana
panalungtikan basa-basa sadunya, kalebet basa
Sanskerta, anu janten acuan basa di Nusantara. Dina
teori Saussure, saleresna mah, basa teh heunteu
sakadar mung ngagambarkeun sora wae, tapi aya aspek
sanesna (kuring hilap deui, kang MH panginten langkung
paos). Ceuk Juragan Saussure teh, basa anu paling
komplit, konsisten aturanana nyaeta basa Sanskerta.
Tapi basa anu pang "kacowna" basa Cina (rumpun basa
ieu teh pan basana teh mangrupi gambar, sanes
ngagambarkeun sora).

Kumargi basa teh hasil olah cipta sareng rekayasa
manusa,  teu tiasa dibendung  pangaruh ti basa
sanesna. Ieu teh tos janten hukum alamna kabudayaan
(upama ningali basa sabage salah sahiji kabudayaan).
Kitu oge dina basa Sunda. Aksara basa Sunda dina abad
ka 12 benten pisan sareng aksara Sunda dina abad ka
16, sapertos anu dicarioskeun ku Kang Mumu, dosen
Sastra Daerah FIB UI.

Dina carios anu di luhur, saleresna kuring hoyong
ngagambarkeun, yen  aksara hiji basa teh , berkembang
teras, aya ugeran-ugeran anu kedah diperhatoskeun ku
urang. Dina perkara aksara Sunda ieu, (alm) mang Ayat
kantos medarkeun pendapatna..Kapungkur asana kuring
kantos mostingkeun perkawis ieu di  KUSnet.

Sakitu anu kapihatur, pamugi janten nambih wawasan
urang Sadaya. Upami aya nu lepat atanapi kaliru, eta
mah kalepatan kuring, atuh upami aya nu leres, eta mah
anging pangersa Allah.

Baktos,

mrachmatrawyani  


--- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> >Kang Dien, 
>   >Upama urang teu boga hiji barang, tapi urang
> perlu kana eta barang teh,
>   >diwenangkeun urang NGINJEUM. Komo deui ieu mah
> perkara nginjeum aksara,
>   >upama nginjemna teh teu kudu mulangkeun deuih.
> Pek we rek dipake nepi ka
>   >iraha oge, teu kudu mayar royalti sagala rupa.
> Kadar daek we makena.
>   >Hehehe.
>    
>   MH,
>   Wayahna, istilah NGINJEUM téh urang teundeun,
> malah urang popohokeun sakalian, bonganna nu
> kangaranan nginjeum mah kudu waé dipulangkeun. Mun
> teu kitu tangtu urang téh dosa da kapan nginjeum téh
> sarua jeung ngahutang. Nginjeun teu dipulangkeun
> sarua jeung nganjuk teu ditaur, nya !
>   Ku kituna, yu urang paké istilah MIBOGA jeung
> NGAWASA sangkan ulah aya anu ngagunasika. Mun urang
> miboga, sabataé, tangtu urang bisa maké sawaregna.
> Tapi najan urang teu miboga, asal urang ngawasa,
> asana sarua waé, dina harti bisa maké sawaregna bari
> teu aya anu ngagunasika. Kawas supir nu ngawasa
> mobil MH upamana, pan lalugina, jaba ti bisa maké
> sawaregna téh di bekelan deuih, keur meuli BBM jeung
> sajabana. Embohna ti éta, ka anu teu apal ka jinisna
> mah, si supir téh “bisa” ngaku yén mobil nu dipakéna
> téh mobil inyana, ha ha ha !
>    
>   >Tah eta pisan puguh oge, "Aksara teh GAMBARAN
> sora." Cing urang cobaan
>   >toong naon eta kalimah teh maksudna. Upama aya
> GAMBARAN, tangtu aya nu
>   >DIGAMBARKEUN, sarta aya nu NGAGAMBARKEUN. Naon
> hasil gambaran-na, nya
>   >AKSARA tea. Nu digambarkeunana, SORA. Ari nu
> ngagambarkeunana tangtu
>   >MANUSA. Hehehe.
>    
>   Tah kitu, leres éta téh !
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke