Sabenerna kuring teu wawuh jeung acan kungsi papanggih sakali-kali
acan. Ngaakangkeun teh pedah we umurna saluhureun. Kuring mimiti
ngareungeu Kang Omay teh, waktu kuring "disewa" ku pausahaan
kontraktor bor nu keur ngebor cai di kompleks Pupuk Kaltim Bontang.
Waktu digawe ngetest sumur, kuring disaksian ku petugas ti Pupuk
Kaltim. Nya ngobrol jeung petugas ti Pupuk Kaltim teh. Manehna
nanyakeun kuring aslina timana. Ceuk kuring teh Urang Sunda, asli ti
Sumedang. Si petugas teh ngomong, na da Dirut PT Pupuk Kaltim ge
urang Sumedang, "Pa Omay", cenah.
Rada ngajenghok pacampur reueus, geuning batur salembur gegedug PT
Pupuk Kaltim teh. Ceuk Petugas PT Pupuk Kaltim teh, Kang Omay teh
salah saurang CEO BUMN di indonesia nu prestasina alus, malah kungsi
meunang panghargaan sagala. Teuing kunaon, irung teh ngilu rebeh,
reueus, waktu si petugas Pupuk Kaltim teh muji-muji Kang Omay.
Dua taun katukang, dina koran jeung televisi, aya iklan ondangan
reuni alumni SMAN Sumedang (ayeuna mah SMAN 1 Sumedang) ka sakabeh
angkatan. Iklan ieu mucunghul dina TV, dina koran "gengsi" jiga
Kompas, geus puguh dina PR mah. Aya rasa pacampur-aduk, antara reueus
jeung rada helok, saha ieu teh nu ngamodalannana. Diinget-inget saha
kira-kira nu ayeuna keur "nanjeur' alumni teh. Agus Pahpahan kitu?
Prof Mubyar kitu?...... teu inget saeutik-eutik acan ka Kang Omay.
Tapi sanggeus babaturan sa alumni nelepon, kuring nembe terang, yen
kokojo reuni teh Kang Omay. Hanjakal pisan harita teh kuring teu bisa
datang ka Sumedang, padahal mah deukeut ti Bandung. Aya halangan
mobil Carry butut kuring, kudu turun mesin, jadi teu bisa kamana-
mana. Nelepon babaturan, sarua cenah teu bisa indit, keur riweuh ku
pagawean.
Pleng weh ....tepi ka tadi peuting. Kuring telat maca koran Kompas di
imah, keur paciweuh ku pgawean di kantor, jadi kakara bisa peutingna.
Bari gegelehean dina korsi, kuring satengah ngajret, waktu maca judul
warta dina Kompas, judulna teh "Omay K. Wiraatmaja Mulai
Diadili ....". Kang Omay dituduh ku kajaksaan nyelewengkeun dana keur
kaperluan pribadi. Batin kuring ngajerit, kareueus kuring, nu
nyababkeun irung kuring "rebeh" di Bontang, nu diagulkeun ka anak
kuring, waktu nempo iklan dina TV jeung Kompas, ayeuna unggal bale
watangan dituduh Korupsi!
Aduh ...Gusti, mudah-mudahan tuduhan kajaksaan teh salah, Kang Omay
teu kudu dihukum. Tapi umpama bener, dalah kudu dikumahakeun deui,
korupsi kudu leungit di nagara ieu. Ngan pamenta teh, ka urang Sunda
nu nuju "nanjeur" ayeuna atawa nu bade "nanjeur" engke kapayun, bere
kuring atawa urang Sunda nu sejenna, KAREUEUS, supaya irung
kuring "rebeh" deui, saperti waktu di Bontang .....
Baktos,
WALUYA
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/