Pamimpin ideal ceuk urang Sunda, kudu boga KAWEDUKAN, KEBEDASAN jeung 
AJIAN. Nu tilu ieu ngan bisa kapimilik lamun TAPA. Aya sabaraha model 
tapa nyaeta :

1) MATI GENI : teu dahar, teu nginum teu sare
2) PUASA MUTIH : Ukur dahar sangu jeung cai herang
3) MATANG PULUH : Teu dahar lauk cai
4) TEU SARE : teu sare tapi meunang barang dahar jeung nginum
5) NGALALAB : ukur ngadahar lalaban jeung cai herang
6) NGETAN : ukur dahar sangu ketan
7) NGALONG : Tatapa/samedi dina tatangkalan
8) NGIDANG : Cicing di jero leuweung siga mencek (kijang)

Pamimpin kudu boga sifat :
1) Teu adigung kamagungan (sombong jeung teu takabur)
2) Titih rintih, tara kajurung ku nafsu (tartib, teu kadorong ku 
nafsu)
3) Sacanggreud pageuh, sagolek pangkek, henteu ganti pileumpangan 
(kuat pamandeganana)
4) Leber wawanen
5) Loba socana rimbil cepilna (pinter maca situasi jeung daek 
ngadenge sora rakyatna)
6) Kudu boga pikiran rangkepan ( kudu waspada)]
7) Kudu jadi gunung pananggeuhan (kudu jadi andelan rakyatna)  

Kitu cenah, ceuk Nina Lubis, nu dicutat ku buku "Teologi Kebatinan 
Sunda".

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> 
> Assalamualaikum, wr.wb
> Sanaos telat ka sadaya para wargi, wilujeng boboran
> deui…sun! Hapunten sadaya kalelepatan miwah
> kaluluputan. 
> 
> Nyanggakeun dongeng kampung. Ieu kutrat-kotret khusus
> kanggo kawargian nonoman sunda, nu tos sepuh mah cekap
> ngilo mungkul sabab moal kahontal midamelna sareng
> dina hasilna sok kirang gunana kanggo bekel Jayana
> sakabeh sunda ….wah ma enya?  Ih puguh… enya?
> 
> Baktosna
> Eddy Nugraha






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke