--- Bambang Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> To: [email protected]
> From: Bambang Setiawan <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: Mon, 13 Nov 2006 20:25:08 -0800 (PST)
> Subject: Re: [Baraya_Sunda] Buku Baceo featuring Abah Kabayan
> 
> mh,
>    
>   Ide anu hade yeuh keur urang Jakarta. Sabab loba urang Jakarta anu
> hirupna teh lila di jalan : 2 jam keur indit ka kantor, 2 jam keur
> balikna. Tibatan 4 jam dipake ngalamun, nya meuning dipake "maca", jadi
> leuwih produktif.
>    
>   Jadi bisa "maca" sabaraha CD tah salila 4 jam di jalan?
>    
>   Tapi aya halangan teknis kaamanan. Lamun konci panto mobilna kurang
> hade, henteu wijaksana lamun masang CD player dina mobil. Tapi ketang
> mobil-mobil di Jakarta ayeuna teh keur usum masang televisi leutik.
> Jadi, lamun masang televisi aman, tangtu masang CD player oge aman.
>    
>   Baraya Sunda anu hirup di Bandung tahun 74-80 meureun inget keneh ka
> Abah Kabayan ti Radio Dahlia. Acara si Abah anu populer pisan taya lian
> ti Andi Si Buntung Jago Tutugan. Teu pira si Abah teh, ngan maca buku.
> Tapi cara macana matak resep nu ngadengekeun. Sanajan harita televisi
> geus loba, tapi acara eta radio bisa ngelehkeun acara tv. Loba rapat
> kantor anu digeser ku alasan pamilon rapat embung kaliwat ngadengekeun
> acara si Abah.
>    
>   Maksud kuring, lamun nyieun buku baceo anu dieusi ku sora Abah
> Kabayan, lalakonna kawas si Buntung, sigana bakal laku di Jawa Barat.
> Lumayan maturan nu keur nyemprung di Cipularang.
>    
>   Jumeneng keneh kitu si Abah teh? Bejana mah si Abah teh ramana Dul
> Sumbang.
>    
>   Salam,
>    
>   
> 
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           Baraya,
> Pikeun nu lahir taun 60-an, 70-an, jigana masih keneh ngalaman, kumaha
> resepna ngadengekeun dongeng memeh hees. Ti semet harita, kabiasaan
> dongeng memeh hees teh, jiga geus arang langka. Tapi kiwari eta dongeng
> memeh hees teh, jigana baris populer deui, ku ayana "Buku Baceo", nyaeta
> buku nu bisa ngomong kumamaneh. Saenyana kreasi buku baceo di urang lain
> barang anyar. Di urang aya acara nu kungsi populer, dongeng di radio.
> Jigana eta dongeng radio teh, bisa disulap dipopulerkeun deui make
> teknologi kiwari, jadi "buku baceo", nu bisa didengekeun iraha wae,
> dimana
> wae, jeung ku saha wae.
> 
> salam,
> mh


=====
Lalampahan rewuan mil, cukup dimimitian ku salengkah.


 
____________________________________________________________________________________
Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
http://new.mail.yahoo.com


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke