Sampurasun...baraya sadayana

hatur nuhun parantos maos seratan ti kang Jalaludin Rahmat di alamat 
http://islamlib.com/id/index.php?page=article&id=1148, perkawis Islam jeung 
Pluralisme ieu pernah dipresentasikeun,diseminarkeun ku Kang Jalal sareng 
Dosen-Dosen kahot di IAIN Sunan Gunung Jati. Antusias Mahasiswa IAIN positif 
kana pedaran anu ku Kang Jalan dipresentasikeun Ayat-Perayat tur Hadistna 
nganggo Pojector duka mereknamah duka Infocus, atanapi HP, hihihi..heheheh....

Kang Risdy nyerat :
"naon dalilnya anu ngajelaskeun yen agama anu lain oge salamet??,

Al-Baqoroh 62. Sesungguhnya orang-orang mukmin, orang-orang Yahudi, orang-orang 
Nasrani dan orang-orang Shabiin, siapa saja di antara mereka yang benar-benar 
beriman kepada Allah, hari kemudian dan beramal saleh, mereka akan menerima 
pahala dari Tuhan mereka, tidak ada kekhawatiran terhadap mereka, dan tidak 
(pula) mereka bersedih hati.

Dalam suatu riwayat dikemukakan bahwa Salman bertanya kepada Nabi SAW tentang 
penganut agama yang pernah ia anut bersama mereka. Ia terangkan cara shalatnya 
dan ibadahnya. Maka turunlah ayat tersebut di atas (S. Al-Baqoroh: 62) sebagai 
penegasan bahwa orang yang beriman kepada Allah dan hari akhir dan berbuat 
shaleh akan mendapat pahala dari Allah SWT. 
(Diriwayatkan oleh Ibnu Hatim dan al-Adni dalam musnadnya dari Ibnu Abi Najih 
yang bersumber dari Mujahid.)

S U R A T   A L - A N F A A L 

8:31. Dan apabila dibacakan kepada mereka ayat-ayat Kami, mereka berkata: 
"Sesungguhnya kami telah mendengar (ayat-ayat yang seperti ini), kalau kami 
menghendaki niscaya kami dapat membacakan yang seperti ini, (Al Qur'an) ini 
tidak lain hanyalah dongengan-dongengan orang-orang purbakala".

ayat dilhur mangrupikeun salahsawiyos ayat Al-Qur'an anu netelakeun yen Ayat 
Al-Qur'an teh sanes mung ukur dongeng, tapi Hukum ayat-ayat Al-Qur'an anu 
mangrupikeun hukuman pikeun Jalma-jalma Jaman baheula-Jaman Ayeuna dugi ka 
Akhir Jaman. 
Kang Oman Abdurahman nyerat :

"Kalimana, sagigiren ngutus Nabi anu mawa wahyu, Pangeran oge ngutus "wahyu"
sejen ka satiap jelema, kum teu diwiji-wiji. Wahyu anu kadua ieu disebutna
akal atawa qolbu. Ku cara ngagunakeun akalna kalawan niat anu beresih, tiap
jalma - sok sanajan teu kungsi narima informasi atawa ajaran Islam (anu
formal) bisa nepi ka Pangeranana (hartina iman)".


terasna deui ayat anu sami :

Al-Maidah 69. Sesungguhnya orang-orang mukmin, orang-orang Yahudi, Shabiin dan 
orang-orang Nasrani, siapa saja (di antara mereka) yang benar-benar beriman 
kepada Allah, hari kemudian dan beramal saleh, maka tidak ada kekhawatiran 
terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati.
Ayat anu diluhur sakedikna pisan salah sawios perkawis "agama anu lain oge 
salamet", sing saha wae jalmana anu 1. Iman ka Alloh, 2. Iman ka Poe Akhir, 3. 
tuluy boga laku hade-amal soleh, anu loba mere manfaat ka papada manusa tangtu 
menang wawales ti Alloh SWT. Pedaran salajengna nya aya dina buku Islam dan 
Pluralisme karangan Jalaludin Rahmat. sareng ulasan dina 
http://islamlib.com/id/index.php?page=article&id=1148

Kang Risdy nyerat :
"anu jelas mah, kedah aya kayakinan dina manah upami sasarana internal,
upami parantos gabung di masyarakat mah, mending tong ngabahas anu kieu
supados moal nyami2keun agama ..."
----------------------------------------------------------------------------
Iiiih...kang Risdy hapunten anu kasuhun, sanes bade kumawantun,...justru kedah 
dibewarakeun, jeng diajarkeun anu saleres-leresna dina pamahaman Islam perkawis 
Pluralisme teh, teu kenging sapotong-sapotong dina ngamamhum ayat-ayat 
Al-Qur'an tur Hadistna. Margi upami masyarakat anu mayoritas Islam kirang 
mamhum kana Al-Qur'anna tangtos masyarakat Islam gampil diprofokasi, 
ngalakukeun tindakan-tindakan ngaruksak, Laku ngalajur nafsu nu antukna 
asa-aing, poek dina dina nempo kana kaadilan, neangan dalil-dalil pikeun 
ngabenerkeun kalakuannana. Na'udzubillah hi mindzalik, terasna dauhan Alloh 
surah Al-Maidah 5:8
hapunten oge teu disundakeun :

Hartosna "Hai orang-orang yang beriman, hendaklah kamu jadi orang-orang yang 
selalu menegakkan (kebenaran) karena Allah, menjadi saksi dengan adil. Dan 
janganlah sekali-kali kebencianmu terhadap sesuatu kaum, mendorong kamu untuk 
berlaku tidak adil.  Berlaku adillah, karena adil itu lebih dekat kepada takwa. 
Dan bertakwalah kepada Allah, sesungguhnya Allah Maha Mengetahui apa yang kamu 
kerjakan".

Kalimat anu digunakeun dina surah Al-Maidah ayat 8, ieu teu ngagunakeun kalimat 
An-Nasu sapertos Ya-Ayyuhannas (he manusa), tapi langkung khusus pikeun ummat 
Islam Ya-Ayyuhalladziina Amanuu (he jalma anu ariman) supaya :

  1.. jadi saksi kalawan Adil, conto sakedik: "aya sabagean kelompok Islam anu 
nyieun karuksakan, mateni sakahayangna ngalanggar hukum", kulantaran eta 
kelompok teh mawa ngaran Islam jeng Agamana oge agama Islam tuluy dirojong, 
didukung da pedah sarua ngagem dina Islamna padahal can tangtu benerna maka 
urang sorangan teu jadi saksi kalawan adil.
  2.. Kakeuheul, Kangewa kupedah beda ka salasahiji Kaom, Suku, Bangsa, Agama 
anu luar ti Islam ulah ngajadikeun ummat Islam boga laku diluar kamanusaan 
kantenan dugi ka mateni jalma mah.
  3.. Saeutik teu ngalakukeun Kaadilan, tangtos tebih kana netepan kalimat 
Taqwa anu sabener-benerna Taqwa.
Janten yen Islam ngabenerkeun ayana faham Pluralisme sanes nyamikeun Ajaran 
Syare'at Agama, sakumaha parantos di pedar ku kang Jalal. tapi ummat Islam 
supaya ati-ati dina laku lampahna sapopoe bisi ngalajur nafsu ku pedah lobana 
jeng beda-beda dina pamahaman-pamahaman pikeun neangan kasalametan hirup dunya 
rauh akheratna, didieu pentingna urang kedah Silih Asah-Silih Asih, Silih Asuh. 
Silih asah dina pangarti, Silih asuh dina laku supaya hirup ngalakon di alam 
dunya teh karos janten rohmat, pan Islam teh Rohmatan lil'alamiin, mangga urang 
sasarengan tembongkeun yen ayana Islam teh mang rupikeun Rohmat, bade kusaha 
deui Islam ditembongkeun salaku Agama Rohmatan lil'alamiin, lamun lain ku urang 
Islam keneh.

sakitu heula, hapunten simkuring rada rusuh nyeratna
rampes
baktos
Agus Wirabudiman


  ----- Original Message ----- 
  From: Risdy DrakeCulla 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, November 14, 2006 11:37 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Islam Jeung Prluralisme


  sapagados pisan sareng tulisan ieu ...
  janten, kedah tiasa ngabentenkeun antawis pluralitas sareng pluralisme

  riranurmaida <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

    assalamu alaikum
    punten ah, bade ngiring diskusi, ari pamendakan simkuring mah, nua 
    aya dina realitas manusa teh nyaeta pluralitas (benten sareng 
    pluralisme, ari pluralitas mah nyaeta kaayaan nu teu homogen, kinten-
    kinten kitu lah)...Lantaran eta teh fitrahna manusa. Sok we geura 
    tingal, da moal aya masarakat nu saragam, aya istri, aya pameget, nu 
    sepuh, nu anom, urang sunda, urang padang,urang spanyol, afrika nu 
    kulitna bodas, nu semu kakonengan, nu sawo mateng tea, basa oge rupi-
    rupi, jrrd.
    Kukituna Islam oge mengakui pluralitas, nyaeta kaayaan anu heterogen 
    tea, termasuk dina agama, aya nu Muslim, Kristen, Yahudi, jsb. Matak 
    Islam mah henteu maksaken kana agama salah saurang. Lakum dinukum 
    waliyadin pan...
    mung ari nyarioskeun pluralisme urang kudu rada ati-ati, sabab, 
    pluralisme mah sakumaha dicarioskeun ku Kang Jalal nyaeta paham anu 
    menyatakan kebenaran teh tiasa ti mana wae, jalan menuju Tuhan teh 
    teu hiji, kitu... Ati-atina nyaeta urang tong nepi kajebak dina ide 
    anu asalna ti luar Islam eta. Pluralisme jelas aya ti luar Islam 
    (saatos konsili Nicea pami teu lepat mah, saatos aya kesepakatan 
    bahwa keselamatan tidak hanya berada pada Katolik saja), anu aya ti 
    jaman kapungkur mah ,saumur-umur manusa aya di alam dunya nya 
    pluralitas tea.
    Kunaon urang kud ati-ati? soalna ide pluralitas ieu bisa ngagiring 
    urang kana sinkretisme, campur aduk agama. Conto gampilna mah, doa 
    bersama rupa-rupa pemuka agama, Padahal ari Muslim mah pan sagala 
    ucap, lengkah teh kudu aya landasanana tina dalil Qur'an atawa 
    sunnah, pernah henteu nabi nyontoan kitu?,,,

    sakitu heula, mangga, hapunten basana campur-campur
    wassalam
    rira






------------------------------------------------------------------------------
  Cheap Talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.

   


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke