Ngaji, Novel, jeung Gelo
Saur Ema jeung Apa, mangsa leupas susu, kuring kungsi dirorok ku salah sahiji
kapi nini di Kalijati. Ngan teu lila. Ukur bubulanan. Waktu nini ngalih ka
Madiun, alatan carogena, nu janten AURI, ditugaskeun di ditu, kuring dipundut
deui ku Ema. Sigana mah Ema teu luas ari tebih teuing ti Bandung mah. Hese
ngalongokna.
Sanajan teu lila, jeung teu inget-inget acan, kuring ngarasa kahutangan budi
ku eta nini teh. Matak, sanggeus gede, mun sakalina ka Subang teh sok maksakeun
nyimpang ka bumi bibi, salah sahiji putrana. Nini mah, oge Aki Oding, carogena,
tos lami ngantunkeun. Mun teu salah, waktu kuring kelas lima.
Lian ti kahutangan budi, sok ngahajakeun nyimpang teh pedah bae bumina
kaliwatan. Teu kudu pungkal-pengkol heula. Ongkoh sakalian milu ka cai.
Sakali waktu mah, teuing ti mana mimitina, obrolan satengahing munjungan teh
nepi kana perkara putuna. Bibi teh ngadon ngagulkeun salah sahiji putuna, nu
harita keur anteng ulin di buruan. Lian ti pinter di sakola teh, eta budak
pinter ngajina. "Hatam Qur'anna ge geus opat kali," saur anjeunna. Padahal,
karak kelas lima. "Ajengan di pasantren mah geus menta sabaraha kali sangkan
dipasantrenkeun di dinya," saur bibi. Sabaraha bumi ti anjeunna, memang aya
pasantren Qur'an. "Ngan teu dibikeun," saur anjeunna deui.
"Ku naon teu dipasihkeun?," ceuk kuring.
"Ah, bisi gelo! Budak keneh," waler anjeunna.
Ngadenge kitu, kuring ngan saukur ngaheheh. Teu wani neruskeun. Obrolan
disalenggorkeun ngeunaan kasehatan anjeunna, wuwuhan anjeunna teh kagungan
kasawat gagal ginjal. Tiap tilu dinten ngadon ka Bandung, cuci darah di Hasan
Sadikin -- dugi ka pupusna, sabaraha bulan ka tukang.
++++
Sanajan dina basa, jeung kakait, nu rada beda, jawaban atawa pamadegan siga
si bibi teh lain harita bae nu nepi kana ceuli. Di Cibadak, Sukabumi, misalna,
kuring kungsi mergokan hiji tukang warung nu ngahulag anakna, budak SMP, nu
keur tonggoy maca novel. "Tong maca bae bisi gelo," kitu ceuk eta tukang
warung. Tayohna mah eta budak teh resep maca. Asa piraku ari maca dua tilu buku
mah ngadon dicaram. Komo, bari nyebutkeun bisi gelo mah.
Keur kuring, pamadegan siga kitu teh kaharti tapi teu saluyu. Kahartina, dina
halna bibi kuring, budak teh nya can sawawa bae ari kudu ngaji tafsir atawa
tauhid nu jero mah. Cukup bisa maca Qur'an, shalat, jeung prak-prakan ibadah nu
dasar bae. Malah, boa-boa, ka hareupna, kahoyong anjeunna mah si putu teh
ngalap elmu "sekular" bae. Sakola umum. Matak teu masihkeun ka pasantren teh,
lain perkara gelona.
Da, ari gelo mah teu ku masantren teu ku sakola sekuler. Sarua bae
lolongkrangna. Pangalaman kuring salila sakola: Paling heunteu aya tiluan nu
disebut gelo teh. Hiji urang Sospol Unpad, hiji urang Senirupa ITB, hiji deui
babaturan SMA, mahasiwa Matematika ITB. Mun kuring rek diitung mah, nya jadi
opat. (Mun ditambah jeung nu maca ieu pangacaprukan, nya leuwih loba deui: 1387
jalma!).
Demi dina kasus di Sukabumi, manan maca novel mending mantuan manehna di
warung. Di mana rek maca ge, meureun, leuwih hade maca buku-buku nu diajarkeun
di sakola. Karuhan, pakait jeung niley, UAN, jste.
Atawa, manehna nganggap carita nu aya dina novel teh ngan lamunan nu nulisna
wungkul. Bari teu napak dina kanyataan hirup -- paling heunteu, kanyataan hirup
sapopoe nu kaalaman ku maranehna. Kaharti, mun manehna nyaram si budak maca
novel teh. Utamana, mun novel eta napak jero dina diri budakna. Hartina, eta
budak teh jadi teu napak dina realitas nu aya. Nya, gampangna, gelo tea.
Teu panujuna, dina kasus bibi kuring: Asa piraku ajengan teu boga ijiran mana
nu merenah diajarkeun ka budak, mana nu pantes atawa wajib pisan keur nu geus
sawawa. Malah, bisa jadi, si ajengan tadi geus ningali kamampuhan si budak. Di
mana dibere elmu nu bareurat ge, eta budak moal nepi ka gelo. Mana anjeunna
meredih ka bibi ge.
Ari dina kasus Sukabumi: Salah sahiji fungsi novel, malah fungsi kasenian
umumna, nya memang keur ngimpi. Ngabeberah hate. Ngaleupaskeun kasusah,
katugenah, kakesel, atawa kacangkel, tina kahirupan sapopoe. Biasa hirup
walurat, nya hayang ngimpi jadi beunghar. Butek ningali kuleuheuna Bandung, nya
hayang ngambeuan asrina kota-kota di Denmark. Munasabah, sawatara di antarana,
eusina ngan impian wungkul. Teu napak jeung kahirupan sapopoe.
Leuwih ti kitu, teu kabeh novel ngan sakadar dongeng. Teu saeutik, sanajan
bari ngadongeng, novel nu mere kaweruh ngeunaan hal-hal lian dina kahirupan.
Dua novel Jamal, misalna, mere pangaweruh ngeunaan sawatara kaweruh dasar
ngeunaan senirupa jeung -- saencret -- ngeunaan sajarah, "adat", jeung "budaya"
Sunda.
Novel Umberto Eco, The Name of The Rose, lian ti nyengseurikeun jalma nu
ngaharamkeun seuri teh, oge mere kaweruh kumaha ulama-ulama Nasrani abad
pertengahan mulungan kaweruh ti sarjana-sarjana Muslim -- beh dituna, nya
nembongkeun jumud sakaligus motahna kahirupan Eropa, paling heunteu Itali,
samemeh maranehna meunang pencerahan, nu di antarana ngalahirkeun Michael
Angelo jeung Leonardo da Vinci.
Hartina, mun kuring jadi si bibi atawa indung budak Cibadak tadi, naon nu
tumiba ka barudakna teh rek dihucuhkeun. Si budak rek diserahkeun ka pasantren.
Ku cara kitu, paling heunteu, eta budak bisa nyerep kahirupan nu leuwih
relijius. Bari teu jauh ti imah. Sakalina hayang ngalongok, tinggal ngalengkah.
Beh dituna, naon salahna jadi jalma gelo? Malah, ngeunah jadi jalma gelo mah,
lin? Euweuh salah euweuh bener. Kuma karep. Agama sorangan teu ngahukuman jalma
owah. Dalah, pamanggih kuring, di mana gelona ku alatan ngaji, diajar perkara
agama, atawa nungtut elmu, gelo nu alus. Da, paniatan awalna hade. Ngalap elmu
agama, nu beh dituna ngalap berkah Anjeunna. Batan gelo alatan ditampik ku
kabogoh atawa mikiran buruan nu kagusur jalan tol?
Hanas eta elmuna teu kataekan, bantet, atawa jadi gelo pisan, nya eta mah
"nasib". Salila usahana geus bener, geus alus, hasilna goreng, nya lain salah
urang. Pan, urang mah kadar usaha? Sakadar ngojayan awak.
Jeung deui, naha enya mun jelema ngaji ti leuleutik, atawa loba maca buku,
kaasup sarupaning novel, bisa gelo? Can tangtu. Malah, ceuk tadi ge: Dina halna
ngaji, asa piraku ajengan teu boga ijiran? Dina perkara maca novel, piraku si
budak teu boga pipikiran sorangan, nu nungtun manehna ngabedakeun mana realitas
mana impian? Perkara mantuan gawe di warung, nya eta mah tinggal ngatur waktuna
bae. Iraha maca, iraha ngaladangan. Euweuh pakaitna jeung gelo.
Sepinggan, 12 Agustus 2006
(Mangsa kageloan ku gelo jeung nu gelo)
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Sponsored Link
Mortgage rates near 39yr lows. $510,000 Mortgage for $1,698/mo - Calculate
new house payment
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/