Assalamu'alaikum Wr Wb Kang Gunawan Yusuf, anu kusimkuring dipihormat hapunten abdi bade nyuhunkeun kaluhungan salira dina perkawis cep Wirabuana. kang Gun nyerat dina judul Re: [Urang Sunda] TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA (4): "Tarekah teu make syareat, jadina "SESAT", loba aliran kabatinan nu nyimpang tina ajaran Islam lantaran teu ngajalankeun hukum syareat, nu penting mah asal hate eling bae bari teu ngajalankeun syareat, nepi aya oge aliran nu mengpar tina ajaran islam nyieun ajaran sorangan bari nyebutkeun yen Islam teh agama-na urang arab".
Kumha Perkawis cep Wirabuana : Assalamu'alaikum Wr Wb Kang Kumincir, Kang Agus Pakusarakan, Kang Surtiwa, Kang Rachmat,Kang joko tingkir, Kang Abdul, Kang Trisna Permana, Kang Oman Abdurahman, utamina ka kasesepuh KUSNET, apih Sidiq, Ua Sas, Mang Jamal cenah janten G, Gamal...heheheh, nuhun ah, ka Kang Tito, Bah Willy kum ka sadaya para wargi di urangsunda, kisunda, [EMAIL PROTECTED] anu kusimkuring dipihormat. hapunten kumawantun unjukan kasadayana bade ngiring tulas-tulis deui...hehehe. //----------------------------------------------- perkawis tulisan simkuring dina ngiritik Fatwa ti Kerajaan Arab, FATWA ULAMA tentang PLURALISME AGAMA http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108050 teu aya sanes kanggo nimbang-nimbang pamikiran, ati-ati dina Tekad, ati-ati dina Laku Lampah, buktina Ulama2 di Nagara Iran benten sareng Ulama2 di Nagara Arab perbentenan dina paham Islam ieu teu leupas akibat tina sejarah Islam keneh, aya bacaan di situs www.al-shia.com judulna "KEMELUT KEPIMPINAN SELEPAS RASUL" http://www.al-shia.com/html/id/books/Kemelut%20Kepemimpinan/index.htm Salianti akibat kariweuhan dina Sajarah Islam, perbentenan Idiologi Islam oge diakibatkeun ku rujukan Hadistna, da Al-Qur'an kitab sucina mah sarua. contona hadist anu kedah Nyekel Pageuh Kitabulloh+Sunnah VS Nyekel Pageuh Kitabulloh+'Itroh Ahlul Bait, aya bacaan kanggo nambah wawasan situsna di http://www.al-shia.com/html/id/books/Kebenaran-Hilang/index.htm ,terus deui dina Rujukan ka para Ulamana, anu dimana eta para Ulama teh beda-beda dina ngarujuk Hadist jeng Nafisrkeun Al-Qur'anna, cenah saur ulamana Manhaj Salaf teh kieu-kieu, Madzhab Syi'ah mah kitu-kitu rame dikalangan Ulamana oge. //---------------------------------------------- simkuring oge sok rajeun noongan, diaji, dilenyepan dina eusi situs hidayatulloh,swaramuslim, jeng sajabana anu muatan eusi webna saurnah Manhaj Salafi, Ahlussunah Waljamaah, ngangkeun Islam Kaaffah, Islam Murni saurnah kitu. mangga etamah kumaha pangangkenna masing-masing jeung kaluhungan dina neuleuman Islamna. hehehem.. Kang Abdul nyerat : "posisi Yahudi, Nasrani, sareung Sabiin anu dijelaskeun ku Al Baqoroh 62, ngenaan SALAMET DI POE KIAMAH". hehehehe.., aya ayat, mangga pilari "dhi'fal hayati, wadhi'fal mamati", Alloh males amal manusa teh nalika hayat (hirup/didunya), sareng nalika mamati (maot/Kiamah Leutik). ka Kang Agus Pakusarakan, Kang Surtiwa, Kang Abdul : Teu Panujuna+Ngiritikna simkuring kana Fatwa ti KAS (Kerajaan Arab Saudi) sanes hartos kuring boga anggapan yen Zabur, Taurat, Injil anu ayeuna dibenerkeun kupedah ayana pamahaman Pluralisme dina Al-Qur'an, sanes..., ieu tos benten persualannana, antawis Manusa sareng Kitab Sucina., kumaha Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina perkawis "Kitab Suci"?, kumaha Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina perkawis "Manusa-na"?,. Kunaon eta kedah dibentenkeun? margi ibarat Cangkang sareng Eusina, Kitab Suci cangkanna, Manusa tegesna eusina anu ngalampahkeunnana, kahartos panginten. Pondok mikirnamah kieu we "Kitab tulisan Zabur, Taurat, Injil AYEUNA" moal meunang Hidayah Alloh da tos disampurnakeun ku Al-Qur'an anu nganggo bahasa Arab, salawasna KAFIR kitab tulisan Zabur, Taurat, Injil AYEUNA teh. jadi Cangkangna/Labelna cap Kafir ceuk Manusa anu geus nyekel cangkang tulisan tina Al-Qur'an yen Cangkang (Kitab Suci Zabur, Tauret,Injil teh) Kafir, Kitab Menyesatkan....dst punten teu disundakeun... Tah kumaha ayeuna Eusina, Manusana AYEUNA anu gubrag lahir kaalam dunya, ngarana cep "Wirabuana" tuluy dewasa di lingkungan kulawarga Yahudi/Katolik/Protestan? naha bisa meunang Rohmat Kasalametan di Dunyya jeng di Akherat moal cep "Wirabuana" teh ti Alloh SWT?. cep "Wirabuana" : kuringmah lain menang kahayang hirup di dunyana oge, tur komo deui turunan Yahudi/Katolik/Protestan, estuning jleg geus dewasa wee. cep "Wirabuana" teh boro-boro apal kana tulisan Al-Qur'an anu ku Bahasa Arab, cep "Wirabuana" mah ngedul dina maca Kitab Suci Zabur/Tauret/Injil-na, ibadah ka Gerejana oge belang betong...ti mimiti baleg cep "Wirabuana" mah resep nalungtik kana Ilmu Alam. Ku jerona kana Ilmu Alam manehna yakin kana ayana anu nyieun kalawan Anu nyieun ieu Alam teh Mung Hiji (Ahad/Tunggal) , cep "Wirabuana" yakin Alam anu keur ditalungtikna moal langgeng, nilik kana salirana nyalira cep "Wirabuana" teh ngagebeg, geuining ieu Alam anu Leutik oge sakieu tunggalna, atuh sarua moal langgengna tur bari aya aya papastenna, buktos loba nu maot, anu boga budak dituluykeun ku budakna, tuluy maot, memeh maot boga budak heula, tuluy maot jst. cep "Wirabuana" ngadenge geus di cap Kafir wee ku babaturannana teh..., ah hare-hare we nalungtik Alam. Da pamadegannana paduli disebut, Kafir bakal kana Naraka oge, lain urusan Manusa ieuh, anu nangtukeun Kuring Salamet jeng Heunteu mah, mimiti Pangeran Anu nyieun ieu Alam (da nalungtik wae kana Alam), Pangeran anu mere widi kuring Hirup di Alam Dunya (lain manusa), nalika kuring can bisa nanaon, kuring disalametkeun,disusuan ku Indung (Indung kuring didinya jadi juru salamet keur kuring, kumaha lamun kuindung pas brol gancang dipaehan,kawas loba jaman ayeuna, moal aya kuring ayeuna meureun), Bapak anu ngayuga jeng satuluyna, kitu pamadegan cep "Wirabuana". Salian ti hasil panalungtikan eta, cep "Wirabuana" jelema anu mimiti manggihan Teknologi Komputer tug jadi Internet, ni'atna mah supaya Manusa anu aya di Alam dunya babari hubungan boh ku surat/sora/gambar atawa Live. nya...hasilna anu ku Urang keur diparake diskusi. tuluy deuih simkuring apalna ka Ahlul baet teh tina Internet..heheheheh Tah kumaha Al-Qur'an+Akhlaq Nabi dina ngaHukuman cep "Wirabuana" boh ayeuna anu keur hirup keneh, atawa engke geus maotna?. A. cep "Wirabuana" Paehan we kabeh da Kafir ieuh salilana tur bakal ngaruksak ka Urang, Nini-Akina, Buyut,Jangawareng jtly oge merangan ka Kanjeng Nabi+Muslimiin, Kitab na oge geus di sampurnakeun ku Al-Qur'an dina Bahasa Arab, B. Salila cep "Wirabuana" teu ngaleupaskeun "Cangkang" (Kitab Suci Zabur, Tauret,Injil-na) Kafir. C. Jadi euweuh untungna cep "Wirabuana" lamun teu nyekel "Cangkang" Al-Qur'an mah, ku Alloh di dunya Disiksa komo di Akherat (tetep Kafirna), sanajan pinter Ilmu Alam oge. D. cep "Wirabuana" Moal menang pituduh Alloh pikeun Iman ka Alloh, da lain "Cangkang" Al-Qur'an Kitab Sucina, Amal Kaalusanna moal ditarima ku Alloh, da Teu Iman ka Alloh, teu Iman kana "Cangkang" Al-Qur'an, teu Iman ka Muhammad salaku Nabi panutup. F. "Cangkang" Da turunan ti kulawarga Yahudi/Nasrani/Sabiin anu Kafir tidituna, kafir we tuluy, paling oge turunannana jang Minuhan Seuneu Naraka. keun we hasil Teknologi Internetnamah pake wae, manfaatkeun ku Urang. mangga tah kumaha saur "cangkang" Al-Qur'an+Akhlaq Nabi ningal ngaHukuman ka eta cep "Wirabuana" teh boh ayeuna keur hirup keneh didunya atawa Hukuman engke di akherat?. Sakitu heula, ah mangga diantos walerannana tisadaya palawargi, katut ka Kang H. Adian Husaini, MA, anu parantos ngadamel logika "Minyak babi cap Onta"..., duka kitu geuning antukna teh teu akademis, kang Jalal mah teu kitu kanu nolak paham Pluralisme, beakeun dalil meureun...teubisa ngahujjah deui meureun...jadi ngaluarkeun tulisan Pluralisme teh samodel ngajual "Minyak babi cap Onta". heheheheheh... hapuntenna ah sadaya resep heureuy.... Wassalamu'alaikum Wr Wb baktos Agus Wirabudiman [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/