Assalamu'alaikum Wr Wb Sampurasun palawargi, wilujeng sumping kanu enggal lebet... Buat Kang Nana yang terhormat
Kang Nana nyerat : "Saran saya buat moderator, mendingan di-close aja diskusi dengan tema ini". Hapunten diwaler nya, perkawis di-clos/ditutup/dicegah/di-delet arsip judul Islam Jeung Pluralisme->cep Wirabuana, http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/15942, eta hal anu panggampil-gampilna dilakukeun ku Moderator. Kanggo simkuring perkawis Islam Jeung Pluralisme kuayana komentar ngahukuman ka cep Wirabuana ti Kang Adam sareng kang Agus P parantos cekap, sapertos seratan komentar ti : kang Adam Radiman yen cep Wirabuana bakal menang wawalesna boh didunya boh di akhreat kumaha seueur heunteuna amal kasaean anu dilakukeun ku cep Wirabuana. kang Agus Pakusarakan (Agus P) nyerat :"boateuing Ahli Surga mun bisa mah ajarkeun Islam anu sabener-benerna ti Kiayi/ustadz 'sina asup Islam sagemlengna". Kang Nana nyerat (Kang Agus W <==> kang Agus P), anu katangkeup kusimkuring hartosna dina salami Diskusi perkawis Islam Jeng Pluralisme teu nyambung, teu aya titik temu-na. Taaaah ku ayana komntar ti kang Agus P, sareng kang Adam, nyeratna janten kieu panginten (Kang Agus W =>boateuing Ahli Surga<= kang Agus P). kahartos panginten. Upami nilik seratan salakung mah, disawang diwang-wang, seratan diskusi teh mani sarareukeut, hareng-heng, pada mintonkeun DALIL, pada sumanget (Nafsu bahasa lemesna Motivasi) upami disuantenan mah janten "seng-seeeeengengeng, hung-huuuuuungungung, heng-heeeeeengngngng", dibulak balik, sek-kesek-kesek, taaah pan ieu nuju NGASAH (SILIH ASAH). Ari saleresna mah TEU AYA PAKAHEUT ATI boh simkuring pon kitu kang Agus P, nyaaaa kang Agus P, asa lewih deukeut duduluran sareng kang Agus P teh, kuayana guaran ieu, Bingaaah pisan simkuring mah katambih tos sasarengan dina HBH Kusnet 2006 di Garut. Ngaran Elmu ceuk KISUNDA-mah samodel Bedog, kayaho urang diasah, anu rompangna (dekok) dina pamikiran pada nalempengkeung kucara diasah dina batu asahan. Geus seukeut bedogna kumaha dipakena? naha dikadekkeun dipake maehan? naha dikadekkeun dipake tutulung kanu poekeun nyieun obor ku eta bedog, jeung satuluyna. Kang Nana nyerat "jika masih berminat dan meneruskan mendingan di forum lain, wahana lain atau di majelis yang lain". mmm, eta peryogi Biaya+Waktu pikeun dulur/baraya anu anggang pajauh, ayana Fasilitas Internet ieu, teu kinten Ageungna, tiasa rik-rik dina Biaya+Waktu kango SILIH ASAH tuker informasi jsb. cenah minuhan Space Yahoo, keun wae haratis iyeuh, sanes anu urang ieuh, urusan manajemen yahoo. Janten keur simkuring fasilitas ieu Milist kisunda, urangsunda, tasik yahoogroup teu ngan saukur pabeja-beja informasi tiluar atawa dipake ngarumpi wungkul, tiasa dianggo fasilitas SILIH ASAH tea supados SILIH ASUH saterasna SILIH ASIH, pan langkung ageung mangpaatna, tiasa ngaluarkeun "Pendapat dengan Bebas", upami dina acara resmi mah, kabiasaan urang sok loba rasa eraa jeung sajabana, antukna kapoek urang dina kanyaho teu dikedalkeun kaluar, nyaaa jadi poekeun dina Lakuna. Dauhan Alloh hartosna :"Dan barangsiapa yang buta (hatinya) di dunia ini, niscaya di akhirat (nanti) ia akan lebih buta (pula) dan lebih tersesat dari jalan (yang benar). (QS. 17:72)". Kang Nana nyerat : "Sekedar sumbang saran, akan lebih afdhal memulai diskusi dengan menyimpan dulu asumsi-asumsi yang dimiliki, sehingga tidak akan terjadi sayalah yang tepat/benar dan, yang lain tidak tepat/benar". simkuring satuju sakitu wae huela anu tiasa kapihatuuur Wassalamu'alaikum Wr Wb Rampes Mangga, Baktos Agus Wirabudiman ----- Original Message ----- From: Nana Tea To: [email protected] Sent: Saturday, November 18, 2006 5:26 PM Subject: Re: [kisunda] Kang Gunawan->Islam Jeung Pluralisme ==> close Assalamu'alaikum Wr Wr Buat moderator yang terhormat Diskusi dengan subyek ini telah panjang lebar kiranya dibahas. tetapi jika dilihat materi yang diangkat, tidak berangkat dari titik awal ketika diskusi, alias tidak mengalami perkembangan. Dari awal hingga saat ini, ya tetap mendiskusikan pada hal yang sama, rujukan yang sama, dan analogi yang sama. Saran saya buat moderator, mendingan di-close aja diskusi dengan tema ini. Buat para pihak yang telah mengirim tulisan utk tema/subject ini, dengan segala hormat mendingan sudahin saja, khusus di forum (kisunda) ini. jika masih berminat dan meneruskan mendingan di forum lain, wahana lain atau di majelis yang lain. Argumen yang dikemukakan oleh masing-masing pihak (Kang Agus W <==> kang Agus P), rasa-rasanya sudah terbaca dengan jelas. Kemana arahnya pembicaraan demikian juga dengan motivasi. Sekedar sumbang saran, akan lebih afdhal memulai diskusi dengan menyimpan dulu asumsi-asumsi yang dimiliki, sehingga tidak akan terjadi sayalah yang tepat/benar dan, yang lain tidak tepat/benar. Haturnuhun Moderator Wassalamu'alaikum wr wb . [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
