--- In [EMAIL PROTECTED], "mamangantra2000"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi,
Waktu HBH di Cibatu kamari, salah sahiji nu narik ati kuring nyaeta
obrolan ngeunaan pangalaman waktu Galunggung bitu. Teuing ti mana
mimitina eta obrolan teh. Nu inget, harita Kang Eko nu medar perkara
ieu teh.
Keur kuring mah pangalaman Kang Eko teh kacida narikna. Wuwuhan Kang
Eko, harita, masih keneh Sakola Dasar (Leres heunteu, Kang?).
Kasawang, kumaha hiji budak helok ningali lahar nu ruhay. "Tiap
sonten abdi sabatur-batur ngadon lalajo," saur Kang Eko, kurang
leuwih.
Tah, kumaha pangalaman para wagi sadayana, utamana nu urang Tasik --
boh nu wetaneun, kuloneun, kiduleun, atawa kalereun Galunggung. Cik
dongengkeun deui pangalaman para saderek eta dina milis ieu. Asana
bisa jadi hiji "sesuatu", boh salaku hiji obrolan, kasaksian,
pangalaman aheng, atawa "sajarah sosial" pisan.
Diantos pisan, ah. Oge ka Kang Eko: Tong mendeko bae. Cobi
kotretkeun deui pangalaman Akang harita teh. Alungkeun ka dieu.
Urang kempelkeun.
Baktos,
MGT
--- End forwarded message ---
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/