hade kang maman tah sanaos tukang potret tapi geuning aya eusian,sok ah kumaha tah mun kitu --- Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para wargi sa alam dunya, Digejeburkeun ku > Kang Oman, Agustus-September 2005, sim kuring > kaleresan ngiring Dhaurah Nasional Para Pengasuh > Pasantren. Sanes janten peserta, komo janten salah > saurang pembicarana mah. Ukur janten tukang motret, > bari sakali-sakali mantuan nu nyaratet eta > pajemuhan. Pamendak sim kuring, eta acara teh > kalintang saena. Sanes bae pedah diayakeun di > Cipanas, Tarogong, Garut, bari di tempat kiai nu > (cenah) rada mahiwal, KH Ahmad Thontowi Mussadad. > Tapi, jejerna, nu keur sim kuring teu weleh aktual: > Ngahudangkeun (deui) etos kaelmuan para ulama > pangasuh pondok. (Judul nu dines, dina Basa Malayu, > keur hilap). Ngeunaan eta acara, sim kuring > pangangguran ngadamel pangacaprukan. Wuwuhan euweuh > gawe tea -- jeung geus bakat, sok sagala dijieun > pangacaprukan, dikomentaran. Dugi ka dalapan atanapi > salapan pangacaprukan. Nanging, nu kapuluk mun nu di > handap ieu. Nu sanesna, kabeuleum memori cardna. > (Atanapi, boa-boa, Kang Oman kantos midamel > "laporan"nana?). Dialungkeun ka dieu teh, > manawi bae aya nu iasa ngalengkepan. Boh datana, boh > "wacana" nu aya di dinya. (Kitu ge manawi aya eta > sakadang wacana teh. Boa-boa ieu pangacaprukan teh > ngan ukur tumpukan hurup jeung angka, nu ngotoran > panon jeung minuhan bandwidth wungkul). Rumaos mung > ukur ngacapruk, bari ngandelkeun ingetan -- nu remen > poho jeung salah. Ongkoh lain ahlina. Intina > mah: Mugia bae tepang sareng mangpaat. Amin. > Baktos, MGT > ========================================================= > Almanthiq al Aristi (Oleh-oleh ti Tarogong # 5) > > Salah sahiji patanyaan nu, ceuk pamanggih kuring, > pangalusna taya lian tinu diajukeun ku peserta ti > Lampung. Poho deui ngaranna mah. Ngan, ieu urang > Jember nu nyongcolang teh -- katingal, tina > patanyaan-patanyaannna, loba maca -- keur di Jawana > aktif di LSM. > Sakuringeun, patanyaan manehna lain bae jadi > mataholang naon nu diudag ku eta daurah. Tapi, oge > nyeukeutan: Ngahudangkeun (deui) etos kaulamaan > (kaelmuan) para ulama pangasuh pondok. (Nu engke > ngahudangkeun hal sarupa di kalangan santri jeung, > tangtu bae, umat). > > Ari patanyaannana, kawilang teu pira: Naha > bener, (peradaban) Islam boga hutang ka (peradaban) > urang Barat, khususna ka sarjana jeung ahli-ahli > falsafah Yunani? Teuing nyungkun -- teuing nyindir > peserta lian (atawa panitia pisan), nu ulukutek dina > perkara teknis atawa teu jauh tina kitab -- eta > patanyaan teh. Tapi, keur kuring mah: oke pisan. > > Hanjakal, Ajengan -- nu harita jadi pembicara -- > teu ngajawab eta patanyaan nu mendasar. Karah hayoh, > deui-deui, medar perluna sajarah jeung elmu sajarah > dina nafsir atawa ngembangkeun kaelmuan agama Islam. > Teu beda dina ceramahna nu eunggeus-eunggeus. Eta > deui, eta deui. Kituna teh bari ukur mere garis > badag wungkul. Teu ngabejerbeaskeun kalayan rinci. > Abong kiai ahli hikmah. (Cenah). > > Mun teu inget tugas kuring harita ukur jadi tukang > motret -- ongkoh rumasa jalma "sekuler", engke hayoh > ngadon dicariduhan ku nu aya -- hayang tah ngarawel > mikropon nu ngajegir di hareupeun eta majelis. Lain > nanaon. Ceuk tadi ge: Ieu patanyaan teh kawilang > mendasar. (Bagian tina) mataholang ieu dhaurah. > Sabab, nya alatan pagilinggisik jeung falsafah atawa > kaweruh ti sarjana-sarjana Yunani eta, cenah, Islam > jaya di buana teh. > > Mun teu salah, ti jaman Abas Al Saffah, raja > Abasiyah nu ka hiji, ulama-ulama Islam geus > nafakuran elmu-elmu nu jolna ti Yunani. Malah, > saencan Islam jaya di Persia ge, urang Persia teh > geus boga hiji universitas. Asana mah ngaranna teh > Universitas Jundi Shapur. Diadegkeun ku Shapur, > lulugu Bani Sassan. > > Nya, di universitas eta tradisi ilmiah nu nyampak > di "puncak-puncak" peradaban nu aya harita digalo > jadi tradisi ilmiah sarjana-sarjana Persia. Lian ti > Yunani, karya-karya ilmiah ti India, Cina, Yahudi > (Ibrani), Suryani (Syria), Romawi, oge didareres ku > sarjana-sarjana Persia harita. Geus karuhan > karya-karya sarjana Persia sorangan mah. > > Bisana urang Persia nepi ka "nalaktak" kitu teh > teu ujug-ujug. Legegna mah, teu a historis tea > meureun. Aya sabab atawa aya titincakannana. Aya > ayeuna aya baheula: Jauh saencanna, Iskandar > Zulkarnaen, abad ka 3 Masehi (?), waktu ngajorag > Asia nepi ka India, geus mitembeyan ku naon nu > disebut Helenisme tea. Pagalona Wetan jeung Kulon. > Nya, ti harita para ulama jeung sarjana Persia > khususna, ulama Timur umumna (kaasup Mesir jeung > India), geus wanoh jeung kabudayaan Yunani-Romawi. > Kaasup dina perkara kaelmuan. > > Sanajan kitu, nu kacatet ku sajarah, hartina aya > bukti bungkeuleukan, mangrupa buku atawa dokumen > tulis lianna -- bari kungsi kabaca atawa kadenge ku > kuring "dongengna" -- ceuyahna nawu elmu ti Yunani > teh nya magsa Islam geus manggung. Boh di Irak, > Suryani, Iran, Spanyol, oge Mesir. Utamana, nya ti > mangsa Jaman Abasiyah tea. > > Cenah, nya di Jaman Abasiyah ieu mucunghalna > istilah almathiy alaristy jeung mutsul alflathuniy > teh. Istilah ka hiji jelas ngarujuk ka Kanjeng > Aristoteles, nu kadua ka Kanjeng Plato. Urang pada > terang, cenah, kumna falsafah atawa pipikiran nu > mangkuk nepi ka kiwari teh, mun disederhanakeun, > taya lian ti "perang abadi" dua sarjana Yunani ieu. > Ide versus materi -- lengkep jeung varian-varianna. > > Lian ti Plato jeung Aristoteles, sarjana-sarjana > Yunani lianna nu karyana diteuleuman, sakaligus > ditarjamahkeun kana Basa Arab, ku sarjana-sarjana > muslim harita -- di antarana -- : Euclideus, > Hypocrates, jeung Galenus. Demi ti India, di > antarana, mun teu salah, karya salah saurang > sastrawanna: Baidaba. (Teuing kapinanonna Shai Baba. > Komo jeung Shahrukh Khan mah). Karya Baidaba nu > ditarjamahkeun teh taya lian ti Khalilah wa Dimnah, > nu -- cenah deui bae (mun teu ceuk Cak Nur, ceuk > Abdul Hadi WM), ku ngaliwatan tarjamahannana dina > Basa Malayu, mere pangaruh kana falsafah kakuasaan > nu diagem ku raja-raja Jawa jeung Malayu. (Raja > Sunda mah teu disebut-sebut, euy. Sumpah. Tapi, > kaharti: Raja Sunda mah sarakti. Teu kapangaruhan ku > nu lian. Hehehe...). > > Karya Baidaba eta oge, nu ditarjamahkeun kana Basa > Arab ku Al Mustafa (teuing naon lengkepna. Poho), nu > engke mere pangaruh ka sawatara filosof Kulon > "modern". Di antarana, nu pangingetna: Francis > Bacon! (Ngahaja make tanda seru. Soalna, mun teu > salah, Bacon teh jadi salah sahiji ikon penting dina > buku Eco, The Name of The Roses). > Balik deui kana perkara "hutang" urang ka urang > Yunani tadi, nya ku alatan pagilinggisik jeung elmu > nu dikembangkeun ku maranehna, urang khususna, dunya > umumna, panggih jeung Al Kindi, Biruni, Alhazen, > Kanjeng Imam Ghazali, Kanjeng Ibnu Rusyd, oge > sarjana-filosof nu nepi ka kiwari tetep "jumeneng" > -- kagak ada matinye : Kanjeng Ibnu Taimiyah! > > Kumaha satemenna, jentreannana (?), pangaruh urang > Yunani tadi kana pamendak para ulama-ulama Islam? > Oge naon nu dimaksud almathiy alaristy jeung mutsul > alflathuniy? Eta mah lain bagian kuring. Bagian nu > leuwih ahli. Bagian ajengan jeung kiai. Kuring mah > ukur ngambeuan haseupna. Eta ge ti kajauhan. Teu > langsung tina durukan. > > Ongkoh geus rek magrib. Rek ka cai heula. (Era > atuh, euy. Geus ngilu "dhaurah nasional", ari solat > masih keneh loba bolongna. Emh, sorry pisan, My > Lord. Forgive me. Please!). > > > Babakan Madang, Desember 2005 > > > > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > > --------------------------------- > Need a quick answer? Get one in minutes from people > who know. Ask your question on Yahoo! Answers. > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
