Ua Sas jeung Al Nadim
Maca posting Ua Sas ieu,
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108236, nu nyabit-nyabit
perkara koleksi pabukonna nu nepi ka 4.000, kuring jadi inget ka Al Nadim.
Komo, basa kamari panggih di Cupumanik mah. Si Ua alewoh nerangkeun kumaha
jujutan perbukuan di urang. Kituna teh bari mahanan buku sagala. Nuhun pisan,
Ua. Katampi. (Padahal, sumpahna ge ngan heureuy, Ua).
Sapanjang balik ka Jakarta-keun, hate mah teu weleh inget ka si Ua oge MJ.
Rumasa, nu tadina hayang nguriling, karah ngahujud di Cupumanik. Bari
sosoranganan. Wuwuhan poe Ahad. Karak bisa kaluar jam 12-an. Eta ge bubuhan bae
ditelepon. Ngadon luncat kana angkot ka Cimahikeun. Nungguan batur ti sore
keneh, karah ngabetem. Karak ngawalonan SMS kuring sanggeus kuring balik deui
ka Jakarta. Atuh, acara di Bandung teh paburantak. Teu bisa kamana-mana.
Tapi, saha ari Al Nadim? Ieu inohong teh urang Bagdad. Hirup jaman Khalifah
Harun Al Rasyid teuing Al Mamun, ketang. Ngan, siga si Ua, Al Nadim teh
sarua boga karesep kana buku. Malah, lian ti resep, siga si Ua oge, anjeunna
muka toko buku di Bagdad. Alatan ku strategis, teu jauh ti Masjid Agung Bagdad
jeung Bait al Hikmah nu jadi centre of excelence dina kahirupan intelektual
Bagdad harita (Mun di Jakarta ayeuna mah sarupaning Teater Utan Kayu meureun,
nya?) toko buku Al Nadim jadi pangjugjugan para ulama jeung sarjana Bagdad
harita. Ongkoh, lian ti icalan buku, di tokona eta, Al Nadim oge nyadiakeun
rohangan khusus keur sawala. (Ilikan kumaha model sawatara toko buku jeung cafe
kiwari). Lian ti perkara agama (Islam, tangtuna), di eta tempat, cenah, oge sok
diayakeun sawala ngeunaan filsafat jeung sastra.
Atuh, teu pamohalan mun toko buku Al Nadim jadi pangjugjugan para ulama jeung
sarjana teh. Kaasup jadi pangjugjugan gegeden-gegeden Bagdad harita, nu sarua
pada resep nareangan elmu pangaweruh. Nya, alatan jadi pangjugjugan gegeden
jeung inohong eta, Al Nadim jadi wawuh jeung maranehna. Malah, ngaran Al Nadim
ge, taya lian ti sesebutan keur anjeunna alatan jadi sobat para inohong (al
Nadim). Da, ngaran nu sabenerna mah lain eta. Saha? Poho deui, euy! Hehehe...
(Barina ge tong sagala hayang dihuapan, atuh. Sakali-kali mah teangan ku
sorangan. Bukuna ge pabalatak di pabukon jeung toko buku. Malah nge-search di
google ge mo burung manggih. Kotektak. Terus alungkeun ka dieu eusina.).
Saencan cicing di Bagdad, Al Nadim kungsi nganjrek di Mosul. Lian ti Sulaeman
Al Mantiqi, anjeunna kungsi guguru ka ulama-ulama sanesna. Ti mimiti Al Sirafi
nepi ka Al Munajim. Nya, ti aranjeunna Al Nadim nawu elmu ngeunaan filsafat
jeung elmu-elmu lianna. Kaweruhna eta nambah mekar mangsa anjeunna ngadamel
khalaqah (sawala) sareng Isa bin Ali -- nu cenah dipikaserab pisan ku anjeunna.
Oge alatan sosobatan jeung sawatara filosof jaman harita.
Tayohna, alatan karesep jeung sobat-sobatna, lian ti disebut Mutazilah, Al
Nadim oge disebut-sebut urang Syiah nu keur takiyyah (nyumput?). Ari perkara
mutazilahna mah gampang dirampana: Karesepna kana filsafat, boh karya filosof
Yunani boh karya filosof Islam siga Al Kindi, oge dibuktikeun ku sikap kritisna
ka kalangan tradisi. Malah, dina salah sahiji bukuna, Al Nadim negeskeun ku
naon anjeunna remen ngayakeun pangaosan nu disarumpingan ku ulama-ulama
Mutazilah: Aranjeunna yakin yen rusiah-rusiah satungkebing alam jeung dasar
kaparcayaan kana agama tiasa diterangkeun ku akal pikiran sanaos aya
watesannana. Keur Al Nadim, kahirupan kaagamaan umat Islam moal mekar mun teu
mere tempat kalayan maksimal keur mahluk Gusti nu ngaranna akal.
Soal anjeunna syiah? Teuing. Lian ti teu manggih jentreannana, oge kuring teu
pati ngarti kana soal syiah jeung non syiah ieu teh. Lian ti aranjeunna mah
ngahormat pisan ka ahlul bait, kulawarga Kanjeng Nabi SAW. Oge aya naon nu
disebut imamah. Kadituna mah teu nyaho. Di mana nyaho ge moal dijentrekeun di
dieu. Can waktuna. Hahaha...
Di luar kayakinan anjeunna ngeunaan akal, oge soal Syiah eta, jasa Al Nadim
pikeun kahirupan urang kiwari pakait jeung buku nu diserat ku anjeunna: Kitab
al Fihrist. Sanajan remen ditarjamahkeun jadi Buku Indeks, seuseuhannana, buku
Al Nadim ieu leuwih deukeut kana naon nu disebut katalog. Malah, bisa jadi
salah sahiji cabang epistemologi. Maksud kuring: Mun epistemologi leuwih
deukeut kana falsafah ngeunaan elmu, buku Al Nadim ieu mah leuwih kana
sistematika elmu.
Atawa, bisa jadi, leuwih hade disebut ensiklopedia paelmuan? Kuma karep bae.
Ngan, Al Fihrist ieu, nu nepi ka 10 babna, ngawengku sarupaning hal nu pakait
jeung buku. Di dinya urang bisa manggih ringkesan eusi hiji buku, kumaha
kahirupan (biografi) nu nulisna, nepi ka kumaha kaayaan fisik eta buku.
Kasawang kumaha legana pangaweruh Al Nadim. Sabab, eusi katalogna eta lain bae
ngawengku buku-buku nu pakait jeung agama boh Islam, boh non Islam tapi oge
ngawengku ngeunaan Basa Arab jeung Basa Non Arab. Kaasup sastra. Bisa jadi,
taksiran kuring, sistem desimal nu dipake ku pabukon-pabukon kiwari, nu disebut
sistem Dewey tea, alatan dikembangkeun Melvil Dewey (lain ku filosof jeung
ahli pendidikan Amerika, John Dewey), satemenna diilhaman ku sistematika
paelmuan nu dijieun ku Al Nadim ieu.
Tangtu bae, Al Nadim bisa nyieun eta buku teh alatan loba maca tea. Lian ti
kitu: Anjeunna oge salah saurang waraq (lain carok!) di Bagdad harita. Cenah,
saencan hiji ulama atawa sarjana medalkeun bukuna, eta ulama teh medar
pipikirannana di payuneun hiji majelis teu beda mun urang ujian rek nyieun
skripsi baheula. Tah, naon nu dipedar atawa dipadungdengkeun dina eta majelis
teh diserat ku hiji sekretaris, nu disebat waraq. Nya, hasil seratan waraq
eta nu engke dimedalkeun jadi buku si ulama teh.
Kukituna, teu aneh mun Al Nadim iasa medar eusi buku katut biografi nu
nyeratna. Da, sawareh, eta buku teh ngiring diparajian ku anjeunna. Nu
lianna, nya alatan anjeunna maca kumna buku nu diical di tokona. Hartina, balik
deui ka Ua Sas, si Ua kantun ngadamel katalog buku-buku nu aya di pabukonanna.
Hehehe... Punten, Ua. Sok nyalutak. Tapi, why not, Ua? Kantun tret. Pan, tiap
aya nu peryogi ngeunaan buku Sunda atanapi nu pakait sareng Sunda, kantun muka
eta kandaga?
Salemba, 11 Desember 2006
(Tawis hormat ka Ua Sas)
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Check out the all-new Yahoo! Mail beta - Fire up a more powerful email and get
things done faster.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/