Sampurasun... Upami ditilik tisisi tigigir gunem catur poligami aya nu Pro aya anu Kontra, masing-masing pada ngaguar Dalil anu sarua, mung benten dina nafsirkeunnana tea, nilik asal muasalna POLIGAMI geus jadi kabiasaan Uranga Arab. Memeh Kanjeng Nabi nyebarkeun Islam oge waktu harita lolobana geus pada ngabogaan pamajikan leuwih ti hiji (poligami) kuhal ieu kasauran para Ulama Madzhab Ja'fariah perkawis Poligami dina Fatwana "Islam Membatasi Poligami bukan Membolehkannya". Ku hal sakitu anu bade Poligami nyukcruk lamlampahan Nabi SAW dugi kasalapan Istri...mangga, cenah dugi ka Opat...mangga, perkawis watesan dina ngajalankeun POLIGAMI oge parantos benten, saurnah watesna dugi ka 4 atanapi 9 dina ngahartoskeunnana Wawuna wau 'Atafna tina , "Masna(2), Wa-Tsulasa(3), Wa-Ruba(4)", janten 2+3=5. 5+4=9, Nabi salami jumenengna Istrina aya 9. Anu bade poligami pentingna kedah aya watesna ieu oge EUCEUK CENAH tulisan Al-Qur'an anu ku Bahasa Arab tur EUCEK CENAH BEJA (Hadist) nyonto ka Nabi saw, bade diwates ulah langkung ku 4 atanapi bade diwates ulah langkung ku 9. Upami palay keneh Nikah tina Wates anu di cepeng...kedah dicereikeun heula anu aya, heg ngalakon deui parentah Alloh dina tulisan Al-Qur'an surah Anisa tea "Maa Thobalkum minannisai" (milih-milih deui awewe) pan Ibadah ngajalankeun parentah Alloh "maathobalakum minannisai", satung-tung KAHAYANG Nafsu urang ka awewe, nafsuna oge cenah jadi rohmat ari dumasar kana tulisan hurup Al-Qur'an da eta parentah Alloh. Jadi lamun loba milih awewe loba ngajalankeun parentah Alloh, loba pahalana...meureun kituuu. saha wae etamah.
Kunaon make di wates? apanan leuwih loba milih awewe tuluy ditikah eta leuwih loba pahala? mmmm, Tah palih dieu urang kedah paos-paos dina ngamaphum parentah Alloh sareng Nabi-na kedah Kasaksi ku Diri Rasa Raga Salira anu jadi patokan pikeun ngalampahkeun Tulisan Huruf anu disebat Al-Qur'an tur Hadist-na. Sok sanajan Dalil Al-Qur'an ratusan Ayat tur Hadistna kalintang, ari patoja'iah sareng KAHAYANG dirinamah tangtu maol kalakon eta parentah Dalil teh alias moal laksana...janten patokannana estu balik deui kadirina masing-masing supados teu parebutan Dalil, Tulisan Al-Qur'an anu Bahasa Arab jeung Hadist, marebutkeun cangkang, marebutkeun paisan kosong. Satiap parentah Alloh sareng Nabi-na eta Ibadah, da urang diciptakeun teh pikeun Ibadah, Tah ayeuna simkuring bade tumaros Naon parentah Alloh+Nabi-na anu HEUTEU DIWATES? apanan Sholat-mah diwates 5 Waktu, Puasa Wajib diwates 1 Bulan, Zakat aya watesna, Ibadah Haji pon kitu watesannana teh pikeun anu Mampu, tug tepi ka Nikah anu dijerona aya kawajiban Macul Sawah heheheheh, hihihiihih hal ieu oge di wates lahan paculeunnana teh. Tah upama urang Diciptakeun salaku Manusa (kum teu diwiji-wiji naon wae Labelnana mah) pikeun Ibadah, tangtu salila hirup kumalanang di alam dunya urang kudu tuluy-tuluy Ibadah ka Alloh, sakali deui naon Parentah Alloh+Sunnah Nabi anu teu aya watesna? hehehehehe, hehheuheueu itung-itung tatarucingan.... Sakitu heula tisimkuring dina raraga Silih Asah di ieu milist Rampes. baktos Agus Wirabudiman From: Uteuk Tongo To: [email protected] Sent: Thursday, December 14, 2006 2:13 PM Subject: [kisunda] MEMAHAMI POLIGAMI (Punten teu disundakeun) Poligami .... Quran menegaskan batasan terhadap poligami dengan perkataan yang tegas: "Jika kamu takut yang kamu tidak akan dapat berlaku seadilnya didalam melayani lebih dari satu isteri, maka kamu mestilah cukup dengan yang satu saja." (4:3) "Kamu tidak akan boleh berlaku adil dalam perhubungan berpoligami, walau bagaimana pun payahnya kamu mencuba." (4:129). 1. Ianya mestilah melegakan kesusahan dan penderitaan dan bukannya untuk memberi kesusahan dan penderitaan. 2. Jika kamu mempunyai keluarga muda, tentu sekali poligami telah disalahgunakan. 3. Berpoligami dengan menggantikan isteri yang muda adalah satu dari menyalah gunakan undang undang Allah (4:19). Uteuk Tongo Walangtaga [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
