Sanajan Bulan Nguliwed
   (gk)
   
  I.
  sabada
  sekon demi sekon anu jadi kanteh  menit
   ditinun jadi jam;
  jam ngajadi poe
  poe jadi  bulan
  bulan ngabaju taun
  awak  nyangsaya (deui):
  dina lalakon   sorangan
   
  II.
  roh nu ditiupkeun
  kana raga nu pinasti mapagkeun pati
  ukur 
  kalangkang wayang kulit
  dina layar belewuk :
  kacaangan
  lampu balincong kurang minyak -
  katebak  angin
   
  III.
   bumi muter --  jagat eundeur  
  kembang nu   seungit kahibaran  usum semi:
  garing 
   kabeuleum  heab   panon poe usum  panas  
  terus – murudul 
   geunteul 
  ngahodhod
   katirisan 
   
  IV.
   
  Poe terus ngagilinding
  nyipuh buuk  pulas kulawu  
  meotan kulit
  maragas tulang
   
  V.
   
   Lalakon hirup 
  beku  dina gelas waktu, 
  jadi  layar
  tempat lalajo   mangyuta kalakuan
  (anu ngerakeun!!!!) 
   
  VI.
   Baranang paris
  maragatkeun kasadaran: 
   poe teh, 
  laut tanpa tungtung
   tempat  pamayang balayar tanpa tujuan
  poho ka pangbalikan
   
  V.
  Gusti, 
  Dina  undakan waktu  mapag  ganti taun
  Najan bulan nguliwed ngalelewe, kana 
  keclak cimata
  jeung  jangji anu remen dikedalkeun:
  Kuring
  ngitung mundur 
  mapag cahaya harepan : 
  sugan
  enjing mah langkung bener
  ti kamari
   
  Pasihan kakiatan
   
   
   
  Adzan Maghrib 31 Desember 2006
  Di La Fontaine, 57 Paris
   



 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
En finir avec le spam? Yahoo! Mail vous offre la meilleure protection possible 
contre les messages non sollicités 
http://mail.yahoo.fr Yahoo! Mail 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke