Baraya,

Ayeuna urang geus asup kana taun anyar, ceuk pananggalan Masehi, oge
can pati lila kaliwat ceuk pananggalan Sunda (Kala Sunda). Biasana
dina kajadian-kajadian sarupa pabaru teh urang rada engeuh kana urusan
waktu. Sok sanajan, satemenna, unggal waktu oge anyar keur manusa mah.
Ngan nyakitu wae, kabiasaan tea anu urang sarerea teu pati gampang
kaluar tidinya,. Unggal aya pangeling-ngeling kana taun anyar, kakarek
sadar ngeunaan waktu, kaasup si kuring sorangan.

Asup ka taun 2007 atawa taun dina Kala Sunda, asa kaingetan ku
hubungan antara waktu jeung basa Sunda. Atawa, kumaha pangaruh waktu
atawa perhatian kana waktu US baheula anu ebeh dina basa anu
digunakeun sapopoe. Tulisan ieu, minangkana mah terusna tina jejer
"Sabudeureun 14 Desember 2006 ...jeung Kaajaiban Waktu" anu tiheula
masih hanca. Ngan, teu diteruskeun dina jejer "kaajaiban waktu", sabab
bisi teu nepi ieu tulisan ngagambarkeun naon wae anu kaasup kaajaiban
waktu teh.

1. Waktu anu Pikaheraneun

Hiji hal anu nangtukeun kahirupan manusa - ilaharna anggapan manusa
umumna - nyaeta "waktu". Lamun dipikiran, waktu moal kapikiran. Keur
leutik kungsi ampir kapiuhan mikiran waktu. Boh waktu anu aya atawa
anu disebut teu "aya mimitina" jeung teu "aya tungtungna". Matak teu
ngarti, kunaon harita ngadon mikir anu sarupa kitu. Kabehdieunakeun,
sanggeus sawawa, utamana sanggeus rumahtangga, teu pati dipikiran
teuing soal waktu teh. Ongkoh meureun anu sejen anu leuwih ngadadak
tur penting loba keneh pikiraneun.

Waktu teh pikaheraneun. Sabab, satiap manusa hayang tambah waktu, tapi
embung tambah kolot alias hayang tetep wae ngora. Kalimah hikmah ti
salah sahiji sastrawan sigana aya sari ngupahan maneh oge soal waktu
eta. Kieu geura unina: "Salah sahiji hal anu mawa kabagjaan dina hirup
nyaeta kanyaatan yen urang sarere, manusa, bertambah tua". Tuh
geuningan, asa pasalia nya jeung kanyataan hirup sapopoe.

Tapi, lamun ditilik tina jihat panalungtikan ngeunaan "maot", eta
kekecapan sastrawan teh aya benerna oge. Ceuk anu nalungtik ngeunaan
maot - anu mindeng disangka salaku panganggeusan sagalana - teh kudu
dipapagkeun. Sabab maot eta salah sahiji panto pikeun kahirupan
saterusna. Saur panalungtik tadi saterusna: "Cobi wae emutan, naha
kersa hirup terus lila di dunya ieu, sawatara babaturan saangkatan
anjeun geus maraot?". Enya, teu kabayang oge lamun urang hirup lila di
dunya, nepi ka rempo, sawatara sobat-sobat anu saangkatan geus heubeul
ninggalkeun alam dunya anu fana ieu. Kana moal pikabetaheun, moal
pikaresepeun. Tah geuningan mere bongbolongan kekecapan sastrawan anu
ditumbu ku pamendak ti anu nalungtik ngeunaan maot teh.

Saeutikna, pikaheraneun waktu teh dina lebah definisina. Waktu, bisa
jadi lain ukuran detik (istilah detik ieu bisa terus dikobet nepi ka
definisina ceuk para ahli fisika: sadetik teh nyaeta jumlah ngageterna
atom .....jst), balikta hiji panto atawa ukuran kabetah jeung karesep.
Kukituna, kaharti upama di dunya wetan (Dunia Timur, bangsa-bangsa
Asia umumna) ukuran waktu teh daor (siklus), lain garis (linier :
kamari ditumbu ayeuna laju disambung isukan, jst). Upama waktu teh
panto, panto keur naon? Upama ukuran waktu mah kabetah atawa karesep,
naon anu bisa ngalilakeun waktu atawa nyakeudeungkeunana?


2. Waktu linier jeung waktu siklis; waktu fisik jeung waktu psikis

Tunda heula eta pananya, balik deui soal ngamaknaan waktu. Teu saeutik
para ahli anu nalungtik waktu. Kacindekanana, aya dua golongan anu
ngahartikeun waktu. Golongan anu kahiji, mikiran waktu sacara fisik.
Hasilna nya waktu anu linier tea. Upamana: kamari datang memeh ayeuna,
ayeuna anu eukeur datang nyilih kamari, isukan datang numbu ayeuna.
Atawa, taun 2000 ditumbu ku taun 2001, diteruskeun ku taun 2002, 2003,
2004, 2005, 2006, 2007, jst.

Dina waktu anu linier, kamari teh moal kapanggih deui da geus ganti
jadi ayeuna. Anapon isukan eta baris ngaganti ayeuna. Itungan dina
waktu linier ieu tangtu wae sacara fisik: sakitu detik, sakieu menit,
jam, poe, bulan, jeung tahun. Lamun manusa bolongkotan ukur
ngandelkeun jeung nyoko kana waktu linier, satemenna teu aya istilah
bosen, bungah, kesel, jeung jongjon. Sabab, lila sakeudeungna waktu
estuning ukura diitung ku jumlah ukuran waktu fisik.

Golongan kadua, mikiran waktu leuwih nyoko kana psikologis: waktu
senang, waktu sedih, waktu beunghar, waktu miskin, waktu rupek, waktu
laluasa, jst. Dr. Alexis Carrel
(http://en.wikipedia.org/wiki/Alexis_Carrel), kacida alusna
ngagambarkeun kumaha balitungan waktu sacara kajiwaan ieu, luyu jeung
kamekaran fisik jeung jiwa manusa dina salah sahiji bukuna. Judul eta
buku dina basa Inggris nyaeta "Man, the Unknown" anu ditarjamahkeun
kana basa Indonesia jadi "Misteri Manusia" (terbitan PT. Rosdakarya,
Bandung). Salah saurang dokter anu nyangking hadial nobel widang
kadokteran ieu nerangkeun kumaha karasana waktu psikologi ku cara
perlambang jelema jeung  hiji barang nu ngapung dina cai anu
dipalidkeun di hiji walungan.

Nalika eta barang mimiti dialungkeun tur munggaran palid, di girang,
jelema anu nungguan eta barang beulah hilirna, memeh datangna eta
barang ka hareupeunana, ngarasa lila (nungguan). Eta gambaran waktu
keur budak nepi ka mimiti rumaja, nalika waktu can karasa manfaat
naon-naon. Nalika eta barang nagdeukeutan anu nungguan, waktu karasa
gancang pisan liwatna. Eta gambaran nalika manusa nincak mangsa rumaja
nepi ka mimiti sawawa, mangsa waktu sapoena-sapoena karasa tereh
liwatna. Mangsa sawawa nepi ka puncakna, waktu sapopoe anu karasana
sakolepat-sakolepat digambarkeun ku barang anu palid tadi nalika
deukeut pisan ka jelema anu nungguan eta barang, pas ngaliwat lebah
eta jelama nepi ka sakedapan mimiti ngajauhan eta anu nungguan barang.
Anapon gambaran nalika eta barang mimiti palid jauh ti anu nungguanana
tadi, eta nuduhkeun balik deuina waktu anu karasana lila liwatna dina
sapoena-sapoena, tegesna nalika manusa asup kana mangsa kakolotnakeun
nepi ka maotna.

3. Waktu psikologid dina kahirupan sapopoe

Kitu kira-kira gambaran waktu psikologis sakumaha kaunggel dina buku
"Misteri Manusa" yasana Dr. Alexis Carrel. Hampura bisi kuring kurang
pas nuturkeunana deui eta carita, bubuhan ukur ngandelkeun ingetan
(memori). Ka sugri anu hoyong maluruh langkung paos, mangag dihaturnan
maos eta buku. Anu jelas, Carrel dina eta bukuna nalatahan waktu anu
operasional atawa karasa sapopoe dina kahirupan manusa mah taya lian
ti waktu psikologis tadi.

Pamadegan Carrel di luhur memang kabuktian dina kahirupan sapopoe.
Umumna urang, sanajan dina pacabakan anu maneuh ngandelkeun waktu
fisik, upamana dina nyieun jangji, nohonan pagawean, jst, tapi ari anu
digawe dina memori urang mah - utamana tukangeun kasadaran (bawah
sadar) urang - taya lian ti waktu psikologis. "Maneh mah talangke
pisan ari dititah teh", "Na gagancangan teuing euy, can dicaneut tah
susuguh teh", "Duh engkang, na lami-lami teuing angkat teh, abdi
keueung teu aya batur", "Teu karaos nya kang rumah tangga teh, urang
ayeuna tos boga bati dua", "Buruan euy, itu batur geus lila nungguan",
jst, eta kalimah-kalimah anu biasa kapanggih dina hirup kumbuh sapopoe
anu nuduhkeun waktu dina hartina nuturkeun itungan waktu psikologis.

Baraya, kumaha waktu numutkeun Al Qur'an, naha leuwih condong kana
waktu fisik atawa psikis? Oge kumaha waktu dina kahirupan Urang Sunda?
Dina pedaran saterasna, manawi pareng, Insya Alloh bade diguar kumaha
waktu ceuk Al Qur'an (ceuk pamahaman si kuring) oge ceuk kosmologi
kasundaan. Malah, di masyarakat Sunda, waktu teh oge dijabarkeun dina
sababaraha ebrehan basa. Anu kumaha? Naha nyoko kana waktu fisik atawa
waktu psikologi eta ebrehan waktu dina basa Sunda teh? Insya Alloh
manawi pareng urang guar dina seratan saterasna.

Cag heula.

baktos,
manAR


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke