--- In [email protected], ":: boedax angon ::" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>Kang ja-su nuhun kana pedarannana ngenaan pakarang keris,sok ah 
ungkab deui nu pakarang sanesna.
> KERIS TANGGUH PAJAJARAN
>    
>   euweuh saung anu nangtung
>   euweuh kandang tinggal papalang
>   euweuh leuit anu kari
>   euweuh imah anu hanteu kalentah
>    
>   euweuh kamurang anu garonjang
>   euweuh danau anu garedog
>   euweuh pangpang sora katincak
>   euweuh areuy tapak muranteng
>    
>   ---------------------------------------
>   papay, tapi ulah sapapay papayna
>   cukcruk, tapi ulah sacukcrukna
>   teang, tapi ulah sateang-teangna
>   tapi siar, kupikiran anu panjang
>   kupangdeuleu anu jauh
>   ejeung hate anu rancage
>    
>   sabab, lacak pajajaran nyieun sasar
>   kusakabeh, nu nyalarna tanpa dadas
>   nu maraksa uga sina ngawaruga
>   nu harayang disebut loba kaweruh
>   bari ngaku-ngaku,  yen ragana
>   padahal ngalodjokeun batur-batur ku ilapat anu salah 
>    
>    
>   Lamun maca-maca ngeunaan keris, dina hiji buku disebatkeun yen 
jaman keris teh dimimitian ku jaman samemeh pajajaran. Di jaman ieu 
jamanna kajayaan Hindu jeung Budha. Mimiti abad 10 aya caritaan 
ngeunaan keris, samodel Keris Empu Gandring.Ceuk Ki Darmosoegito tea 
mah dina bukuna nu judulna dhuwung jaman na Sang Prabu Maha Dewa 
Buda. Tapi mun ceuk Jaman na Purwacarita atawa jaman entah berantah 
mah aya hiji Empu Ramajati nu sok nyieunan sanjata samodel Pasopati, 
Sarotama, Trisula, Keris jrrd. Empu ieu nurunkeun silsilah Empu  nu 
lainna nyaeta Empu Bromokedhali nu ngaran kerisna Keris Tundung-
Mungsuh jeung Keris Kyai Kader, Empu Cakang nu nyieun Keris  Manglar.
>    
>   Jaman kadua jamanna Pajajaran, ceuk carita-carita Babad,Empu anu 
kakoncara teh nyaeta Empu Keleng nu nyieun Keris Kyai Kopek, nyaeta 
keris lempeng, dapur tilam upih, pamor tambal; wesi kawas batutulis
(lumer). Eta keris ayeuna dipimilik ku R.M.A Widodo Sontodipuro, 
Surakarta. Aya deui Empu Nyi Sombro nu nyieun Keris Kopek, nyaeta 
keris lempeng Dapur Kebo Lajer, Pamor Sanah, gagang atawa ukiran na 
kawas patung awewe. Jaman-jaman keris teh dituluykeun deui ku jaman 
majapahit nu aya dina babad sok disebat Majalengka, jaman Demak 
jamanna para Wali, jaman Pajang , jaman mataram, jeung jaman yogya-
solo.
>    
>   Keris oge aya nu ngaranna keris sakti, dina hiji wawacan Sumpena 
Kanagan aya nu disebat keris tunggal naga nu dibogaan ku Raden 
Sumpena pamere Embah Gurita Sagara. Di wawacan Jaka Paringga aya nu 
disebut keris setan kubur nu dibogaan ku raja jaka paringga. Dinu 
naskah Cerbon ge disebutkeun aya hiji keris nu ngaranna keris 
Kalamanggeng nu di bogaan Raden Sahid hiji bentuk jelmaan Babakaur nu 
kalur ti larangan Nyi Kidul ratu nagara Kandari. Keris Sakti nu 
lainna oge disebutkeun dinu Babad Gebang, Wawacan Suryaningrat, 
Wawacan Suryakanta, Wawacan Rangga Wulung, Wawacan Abdullah, Wawacan 
Achmad Muhamad, jeung Wawacan Danumaya
>    
>   .......... Nyambung ka bagean ka dua
>    
>   Mapag Seren Taun Guru Bumi
>   Kampung Sindang Barang Desa Pasir Eurih,Kecamatan Taman Sari 
Kabupaten Bogor 3-4 Febuari 2007
>    
>   http://geocities.com/serentaunsindangbarang
>   http://serentaunsbr.multiply.com
>    
>   cag ach.
>   Pun Yayan
>    
>   Moal kacipta ku pujangga
>   Moal kagambar ku tukang ngarang
>   Moal katepi ku tukang mikir
>   Moal kacatur ku juru pantun 
> 
>               
> ---------------------------------
>  New Yahoo! Mail is the ultimate force in competitive emailing. 
Find out more at the Yahoo! Mail Championships. Plus: play games and 
win prizes.
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke