Aya kawawuhan, malah kamari oge ngabantuan dulur milist urang Soreang anu ayeuna sarua keur ngabaladah usaha produski + jualan herbal hiji jenis tutuwuhan (asli?) urang" heuheueu, sugan kersaeun ditawaran ieu lowongan. Inyana kamari ngabantuan nyieun desain brosur jeung lebel eta produk herbal, asli buatan Bandung (sababaraha warga ieu milist malah kungsi ngaraosan eta produk).
Ke urang forwardkeun ieu ibe lowongan teh ka anjeunna. Para wargi, Enyaan, nilik kana dunya herbal, asa gede kabina-bina potensi herbal urang teh. Ti mimiti antanan, godobos, saledri, bonteng, wortel, koneng gede, cikur, jrrd ayeuna tos tiasa dipendakan herbalna. Atuh anu ancru kana widang eta ti mimiti alumni fakna, kayaning ipb, nepi ka alumni teknologi indutrina saperti itb geus ceuyah. Muga-muga wae hal ieu tiasa ngangkat darajat, martabat nepi ka ...karomah...patani urang. Amin. baktos, manAR On 1/24/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ---------- Forwarded message ---------- > From: Aasep Tea > Date: Jan 24, 2007 7:54 PM > Subject: [Baraya_Sunda] Lowongan Gawe - Media Communication Design Staff > To: [EMAIL PROTECTED], [email protected] > > Akang n' Eceu, > Abdi teh ayeuna nuju nulungan rerencangan anu damel di PT. Liza Herbal > International, www.lizaherbal.com kanggo mendevelop marketing n' > communication strategy produk n' jasana eta PT. Kaleresan Direktur-na > rerencangan abdi ti Civil ITB ...oge management na teh para mahasiswa/i > alumni ti IPB anu sumanget menduniakan Herbal Indonesia :D... visina teh > eta... saurna teh iraha deui atuh produk-2 endonesa teh tiasa mendunia... > ulah kurung batokeun wae :D...Maenya improt deui... improt deui... iraha > exportna saurna :D. Alhamdulillah ayeuna tos tiasa nembus ka Brunei walopun > nembe lelengkah halu eta ge. > > Tah dina raraga abdi mensupport aranjeuna eta :D... abdi peryogi jalmi anu > creatip anu tiasa think outside the box... kanggo menggeol dunia perherbalan > di dunia :D. Ngan kulantaran eta PT teh nembe BALITA masih kaneh dina CRADLE > teu acan janten Wyatt atanapi Abott laboratories... tapi Insya Alloh upami > digeol secara serius mah tiasa nyaingan eta parusahaan multinational :D... > janten wayahna pisan gajina saalit heula teu acan ageung :D... mung Rp. > 1.5 juta/ month including makan siang haratis :D. Fresh graduates are > welcome :D... Saparantos 3 bulan probation... tah Insya Alloh aya reward anu > sanes sapertos health insurance ti Manulife... oge tabungan hari tua :D. > Jeung oge Insya Alloh da rerencangan abdi eta mah fair pisan :D... upami > hade gawe jeung daek cape anu karaos ku abdi teu nyaahan :D. > > Tah upami Akang Eceu gaduh wargi atanapi babaturan anu kinten-2na daek > cape gawe jeung sumangatna edun + creatip... upami tiasa mah nu resep ngulik > Desain Komunikasi ... tiasa mentransfer pesan-2 marketing ka media-2 anu > efektif... misalna ngadamel iklan di majalah, koran, banner, leaflet, > jrrd... :D. > > Syarat pendidikan na mah > - Boh S1 atanapi D3 oge welcome :D. Universitas na mah ti mana wae :D... > tapi langkung prefer ti Sakola Design, Artisek eeeh Arsitek, Seni Rupa, ... > mung teu terbatas kana eta. > - Syarat nu sanes IPK kedah langkung ti 2.75 :D... ambeh nyambung > ngobrolna :D... ulah abong kena tiasa think outside the box tapi teu > nyambung pan ripuh... eta mah "creatip" teuing :D. > - Lalaki atanapi Cowok eeeh Cewek sami wae mangga... welcome. Nu penting > PD ngaros kasep atanapi geulis :D. Mun lalaki mah syaratna kudu cunihin > :D... lamun teu cunihin pasti moal cratip hehehe (punten heureuy). > - Kantorna engke di Bogor janten kedah daek tinggal di Bogor... timana wae > asalna mah terserah :D. > - Gawe jam kerja normal sapertos nu sanes... ngan wayahna upami nuju > ngudag-2 deadline kedah wayahna we :D. Tapi ari kopi, teh, jeung emameun mah > saaya-2 we :D. > - Syaratna oge kudu humoris ... ulah baeudan soalna meh abdi ngobrolna > asik. > > Mangga bilih aya saha wae anu tertarik... ieu peryogina URGENT pisan ... > mangga kirim lamarana ka imel abdi: [EMAIL > PROTECTED]<asep4x4%40yahoo.com.sg>atanapi cc ka > [EMAIL PROTECTED] <asep%40petrotekmigasindo.com> :D. > > Oh enya nu dikirim na mah biasa wae ... CV, Cover Letter .. pas foto > atanapi nu keur ngagaya ge tiasa :D... lamun anu keur senyum eta langkung > sae :D. Tah komo deui lamun aya portofolio na mangga dikirim oge... janten > abdi tiasa ninggali langsung karya-2na :D. > > Sakitu heula mudah-2an aya mangfaatna infona. > > Salam, > Asep > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
