GK for Governor?
GK di dieu lain Ginanjar Kartasasmita. Komo Gerilyawan Kota atawa Gajah
Kumincir mah. Tapi, Ganjar Kurnia. Hiji di antara ihwan Kusnet, malah inohong
Sunda, nu ku kuring dipikareueus bari tangtuna, salaku somah, teu eureun nepi
ka reueus, tapi aya pangharepan: Bisa ngilu ngomean kaayaan nu can nyugemakeun
(pisan). Kukituna, nyambung sawala ngeunaan Gubernur Jabar kahareup: Asa
merenah mun GK jadi pamilonna.
Aya sawatara alesan ku naon GK pantes disodorkeun salaku Gubernur. Paling
heunteu, pakait jeung kareueus kuring tadi. Naha kareueus kuring eta
signifikan, atawa aya pakaitna pisan, jeung kalungguhan atawa pamilihan
Gubernur Jabar? Tangtu bae can karuhan. Tapi, paduli teuing, rek signifikan rek
heunteu ge. Kuma kuring, we... (Kuring nu ngacapruk, na di dinya kudu make
protes?, ceuk si Jay, bari ngabalangkeun korong ka walungan da korongna nepi
ka sakarung).
Ongkoh ieu mah susuganan bae. Da dina prakna mah lain kuring nu nangtukeun
komo si Jay mah. Tapi, karep jinisna, Golkar, PKS, Paguyuban Pasundan,
manajemen kampanye, elit Jawa Barat, rahayat Jawa Barat jeung...Gusti Allah. YP
atawa Kusnet? Sigana mah can bisa ngusulkeun-ngusulkeun acan. Da, sibuk ku
urusan sewang-sewangan jeung ngome... korong. Teuing pamilihan nu pageto mah.
Sigana YP-Kusnet geus leuwih sawawa, nepi ka sanajan ukur yayasan, nu basisna
milis, lain ormas lain partai politik, tapi miboga wibawa atawa pangaruh dina
widang politik lian ti miboga wibawa nu sarua dina widang kabudayaan jeung
sosial-ekonomi.
Demi kareueus kuring ka GK, meh sarua jeung kareueus kuring ka MJ: Sagala
bisa. Masagi tea meureun pibasaeunnana mah. Coba bae: Nyukcruk elmu tatanen
nepi ka digelar DR, tapi tapis medar perkara tutungkusan budaya Sunda. Kituna
teh lain ukur medar dina harti nyarita. Tapi, jeung prak. Mun urang nyaliksik
kamekaran sawatara kasenian Sunda, anjeunna salah saurang inohong nu kudu
kasebat. Naha salaku seniman praktisi, pemikir, atawa organisator. Teu aneh mun
anjeunna nepi ka dibenum janten Direktur Lembaga Kebudayaan UNPAD teh. Aya
dasar, aya tatapakannana.
Sanajan teu wanoh kana enas-enasna (Daek beunghar, ieu kecap meunang mulung
ti Ua Sas, teuing merenah teuing hanteu dilarapkeun di dinya. Dipake teh pedah
bae ngeunah kadengena, sanajan maksud kuring enas di dinya teh rincian
atawa rincikannana ngeunaan naon nu dipigawe ku GK salaku Direktur eta
lembaga), tapi aya sawatara nu katohyan ku panon sorangan. Di antarana
inventarisasi kasenian Sunda kiwari. Mun teu salah gawe bareng jeung Disbudpar
Jabar. Malah, panalungtikan nu sipatna deskriptip teh (Nepi ka judulna ge, mun
teu salah, Deskripsi Kasenian Sunda) diterbitkeunnana ku Disbudpar Jabar. Dalah
kuring kungsi meunang eta buku ge nya ti urang Disbudpar. Ngan, teuing dipaok
ku saha bari kuring ukur kungsi nyekel, mukaan, teu kungsi maca eusina. Komo
bari leleb mah.
Keur kuring, eta panalungtikan teh penting kacida. Lain bae bisa
ngabandingkeun hasilna jeung naon nu kungsi dilakukan ku Pa Enoch dua dekade
katukang, atawa sawatara monografi nu diterbitkeun ku Dirjen Kasenian, Dinas
Kasenian, atawa ukur tulisan dina sawatara majalah. Tapi, bisa jadi titincakan
pikeun mekarkeun (atawa numpurkeun pisan) kasenian Sunda ka hareup. Bari teu
ukur diwawaas siga pangacaprukan ieu. Da puguh jujutannana, puguh angka,
puguh bangkarakna. Bubuhan didamel ku ahlina. Sanajan, bisa jadi, aya kasenian
atawa aspek-aspek nu teu katoel. Boh ku konsep jeung metodelogina, atawa ku
kasamporetan nu aya dina prak-prakannana. Ngaranna ge hasil gawe manusa. Moal
aya nu sampurna. (Da sampurna mah merek roko jeung ngaran hotel). Ngan, ku
toongan harita, eta panalungtikan teh kawilang reumbeuy. Komprehensif, ceuk
budak Makassar, master ti New Zealand, nu harita milu mukaan eta buku.
Intina, GK teh geus mere andil kana kamekaran kabudayaan Sunda. Kituna teh
bari jeung nyakola luyu jeung profesi atawa kawajibannana salaku akademisi
di hiji nagara nu masih keneh anti-akademis, mun lain jumud atawa ukur gagayaan
ge. Paling heunteu, nambut kasauran Pa Erry, masih kudu disanghareupan ku
tawakal. (Basa nampa eta SMS, kuring sorangan rada ngahuleung. Teu ngarti: Nu
kumaha ari tawakal teh? Sakanyaho, eta teh aran salah sahiji jalan di
wewengkon Sukajadi, Bandung. Oge, mun teu salah, ngaran beus Bandung-Cirebon.
Kadieunakeun, ngaran captain di hiji restoran hotel leutik di Tawao, Sabah).
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
It's here! Your new message!
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/