Kamari basa usum halodo panjang... 
eh punten lepat, etamah lagu nya. Kieu geura baraya...
Kamari akang ampir-ampiran ngalaman kajadian sapertos anu 
dicarioskeun ku kang Agus Pakusarakan nyaeta ihwal GELUT. Awalna teu 
sapira, harita isuk2 keneh kuring indit ka kantor make motor. Biasa 
we nyantai bari udud ngelepus da tiris... biasanamah seep sabatang 
tah dugi ka kantor teh bubuhan ti rorompok ka kantor teh jarakna teu 
patos anggang.
Barang nepi ka parapatan aceh-lombok (deukeut stadion siliwangi) 
lampu merah hurung hejo nandakeun bisa terus melaju sekenceng-
kencengnya nepi ka 100 tah na tikungan oge... (maksudna murag duit 
saratus perak, sanes ngebut 100km per jam, jaba ge da akangmah kuduna 
oge lurus henteu nikung... heuheuheu). Ana seak teh aya motor VEGA 
nyuruwuk ti beulah kanan bari langsung mengkol ka kiri (nyiap motor 
akang)hareupeun pisan, atuh cekiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiit... rem 
motor akang jejeritan nahan ban sina eureun muter, jedud... motor 
eureun bari akangna tijongklok ka hareup lumayan we tah 'si aa' 
seueuleun tidagor kana stang. Akibatna spontan tah kaluar kata-kata 
mutiara teh... "G...g, sing baleg atuh euy!", tangtu bari dada deg2an 
reuwas kareureuhnakeun, roko ge ngacleng duka kamana (kabur jiganamah 
sieuneun).
Tapi ana REG teh eta jelema ngeureunkeun motorna teu jauh ti tempat 
kajadian, bari popolotot (maranehna boncengan dua'an), dedeganana 
sembada jiganamah petugas security maranehna teh) bari malik molotot 
sosorongot make bahasa walanda "naon siah "A...ng" dst.... bari 
nyampeurkeun ka akang anu geugeumeueun keneh.
"Udah-udah pak maaf, ga apa2 kok" ceuk akang. Tapi teu narimaeun 
meureun manehna teh da kalah beuki poporongos bari nu hiji 
nyurungkeun dada akang. 
Atuh ari kitu-kitu teuingmah akang oge asa teu dihargaan, (tah nafsu 
tea meureun tateh), teu narima ceuk pikir da jangkung badag oge moal 
ditarajean sarua ngadahar sangu (boa2 manehnamah daharna batu nya 
lur...) Nya leungeun anu nyurungkeun teh ditakis bari dicentok... pas 
ngoloyong 'etana' disampakeun tuur...nya hatur lumayan we genaheun 
pelem... heuheuheu. Babaturana teu narima, manehna rek nyerang 
jiganamah ngan ku akang kaburu dibentak "SAYA PETUGAS!" kamu dari 
kesatuan mana? heuheuheu... molohok tah duanana oge, disangkana enya 
meureun padahal akangmah wadul wungkul... heuheuheu tungtungnamah 
maranehna menta hampura bari arindit. Nya untung we lah jurus 
terakhir teh ampuh, coba mun teu mempan duka kumaha tah akhirna...
Kade ah teu kenging ditarurutan kalakuan samodel nu karandapan ku 
akang teh nya, mending oge jiga ceuk barudak ayeuna PEACE!!
hatur nuhun. Cag.





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke