Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Memang leres pisan di lingkungan si kuring oge nu namina komplek sok sanaos
seueur urang sunda tapi ari barudak mah cumarios teh sok ku basa persatuan di
campur sunda anu teu kinten ngisinkeunnana, rada sakinten di komplek teu
sapertos di wilayah anu kirang (rada kumuh) , si kuring ngagaduhan pangalaman
perkawis basa sunda barudak ayeuna, malihan ngaraos isin ku urang Majenang,
cenah basa sunda di Sumpiuh Majenang leuwih alus ti batan basa sunda di
Bandung, lantaran basa sunda di Bandung mah mun ngobrol barudak teh anjing teh
sok kababawa.
Pangalaman nu ka dua : dina hiji waktos si kuring di ajak ku pun bojo
ningali anu pramuka (camping) seueur pisan tenda, ku si kuring di kupingkeun
obrolan barudak tina tenda SD Komplek sareng tenda SD Kampung, nya masih keneh
sae basa sundana SD Komplek sok sanaos dicampur basa Indonesia dibanding SD
Kampung nu basa sundana teh teu weleh anjing deui anjing deui.
Conto obrolan barudak ayeuna :
A. kamana njing?
B. anjing teh di teangan ti tadi ku aing!
A. enya eta tah si C teh goblog pisan.
B. Mun teu ku aing di bantu mah .....jeung saterusna
Si kuring oge bingung pisan ngabandungan barudak teh, nya ari pun anak mah
ahirna cumarios teh janten campur sakumna basa barudak ayeuna. margina ti aalit
di asuh ku urang sunda bari ngalobrol jeung baturna para pembantu ti jawa
janten bae hese pisan, sok sanaos dirorompok sadidinten basa sunda. Eta oge sok
dipiwarang basa sunda anu rada sae sapamendak si kuring tapi walerna teh susah
cenah.
Kumaha atuh nya, naha basa sunda teh bakal leungit atanapi kumaha? tong boro
barudak sepuh oge diajak basa sunda teh kalah diwaler ku basa indonesia, cobian
geura upami ngagaleuh bubuahan atanapi naon bae, benten sareng di jateng,
ditaros ku basa indonesia diwaler ku basa jawa, duka teu tiasaeun basa
indonesia duka keukeuh kana basana.
wassalam
Isya ND
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
dimana dumukna, kitu?
On 2/26/07, ade saputra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Padumukan sim kuring ayeuna teh aya di hiji komplek anu nuju "krisis
> kasundaan". Loba urang Sunda namah (utamana pendatang ti lembur/kota
> sejen). Ngan hanjakal lingkungan didieu teu ngadukung kana
> ngabudayakeun nyarita dina basa Sunda da didieu mah ampir kabeh nyarita
> na make Bahasa Persatuan nyaeta Bhs. Indonesia tea.
> Kungsi aya kajadian anu matak nyeri kana hate waktu nu jadi anak
> ngarenghik ceurik dilaledek ku babaturana sabab nyarita make basa Sunda
> anu akibatna ayeuna budakteh ampir kapok mun kudu nyarita make basa
> sunda (utamana mun keur arulin jeung babaturana).
> Kumaha tah di wilayah dulur2? Sok atuh tulungan susuganan aya dulur-
> dulur di dieu anu ngagaduhan 'strategi' anu hade sangkan budak teh teu
> nepi ka minder komo deui mun nepi ka wani ninggalkeun kabudayaana
> sorangan.
>
> hatur nuhun.
>
>
>
--
geocities.com/mangjamal
[Non-text portions of this message have been removed]
---------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/