Rampes, Kang Firman, sim kuring teu gaduh pangalaman soal anu kararitu, kajaba sami sareng salira, sok mindeng nampi e-mail anu persis sami sareng anu katampi ku salira. Atuh sim kuring oge yakin, seueur anu sok biasa icikibung di internet, kungsi, masih atawa arek ngalaman (deui) nampi e-mail samodel kitu. Ngan, ku si kuring mah eta e-mail-email anu nawarkeun transfer artos anu matak pikauruyeun teh sok langsung wae didelet. Naon sababna?
Sabab kahiji, sanajan can pangalaman neruskeun lalakon e-mail2an sarupa kitu, si kuring kungsi narima jeung maca sababaraha laporan ti rerencangan anu kungsi ngalaman, netelakeun yen anu kararitu teh meleg-meleg niat nipu urang. Sabab kadua, kungsi ningak reportase dina salah sahiji statsiun tv di urang anu ngalaporkeun praktek-praktek panipuan ngaliwatan e-mail sarupa kitu, khususna anu dilakukeun ku urang Afrika. Dina eta reportase teu samanea, korbannya teh nepi ka urang Barat (Amerika + Eropa) anu ceuk akal sehat mah asa pamohalan urang Barat anu sakitu rasionalna nepi ka tipu ku urang Afrika ku cara model kitu. Modus panipuanana: nya ngabibita ku janji arek transfer ka no rekening urang, janji harta warisan, money loundrey, meunang lotere atawa naon wae lah anu mataholangna mah urang rek dibere duit gede kabina-kabina. Ngan syaratna urang kudu mere nomer rekening urang. Tah, sanggeus nomer rekening urang aya dina leungeun maranehanana mah nya gancang kacida praktek nipu saterusna teh. Kitu sotenan lamun urang terus teu sadar kana rupa-rupa "trik" maranehanana anu enas-enasna menta duit tiheula. Muga-muga wae salira henteu katipu ku cara-cara panipuan model jaman internet ieu. Pikeun mayunan anu kararitu oge anu sarupa kitu ngaliwatan kahirupan sapopoe, cepeng wae atuh prinsip hirup (dina basa Indonesia): "Tidak ada makan siang yang haratis". Ceuk Sundana mah: "Lamun hayang ngakeul, kudu ngakall, lamun hayang nyapek, kudu ngopek". Alias, sagala rupa oge anu matak ni'mat tur salamet mah teu aya sanes ladang usaha sorangan. Sakitu wae Kang, pamugi aya manfaatna. baktos, manAR On 2/28/07, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun, > Simkuring tos lami pisan seuseur nampi email 'laundry money' nu cindekna > ngajak gawebareng transfer-transferan artos. Biasana aranjeuna ngarang > carita saniskanten rupi nu tungtungna nyuhungkeun/nawisan gawebareng. > > Bakating ku panasaran mangtaun-taun nampi email nu kitu, kamari simkuring > panasaran ngabales email nu ceunah ti Benin, Afrika. Teu disangka, waleranna > enggal pisan, malihan mah simkuring nampi telepon ti Benin. > > Simkuring oge kantos males eta email kalawan nyebatkeun hiji nomer > rekening bank sareng sababaraha data sanesna. > > Mung kadieunakeun, simkuring rada mangmang sok sieun mayunan > kajantenan-kajantenan nu teu nyugemakeun. Numawi, dina forum ieu, simkuring > mundut ka parawargi nu kantos ngagaduhan pangalaman atanapi uninga perkawis > ieu kasus, mugia tiasa babagi pangalaman atanapi pangaweruhna ka simkuring. > Hatur nuhun pisan kana perhatosan Aranjeun. > > > Firman Juliansyah > Jl. Kancra Dalam II No 7Ab, Bandung, Indonesia > Phn: +62 22 5431324, Fax: +62 22 5431325 > MP : +62 (0)81.320.656.905 > YM & FS: [EMAIL PROTECTED] <firmanjul%40yahoo.com> > http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto > > --------------------------------- > Sucker-punch spam with award-winning protection. > Try the free Yahoo! Mail Beta. > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Something is new at Yahoo! Groups. Check out the enhanced email design. http://us.click.yahoo.com/kOt0.A/gOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
