Sim kuring ge kantos ka Samarinda, resep pisan geningan. Utamina upami nuju 
ameng ka Pulo Kumala nu janten puseur kaulinan sapertos Dufan. Sim kuring ge 
kantos sindang ka Museum (Mulawarman?) sareng pasar seni...

  Mung hanjakal pisan, sim kuring teu kantos ameng ka Cukang Tangkal (jambatan 
nu mangrupakeun akar tangkal badag nu dibulat-beulit...)

  Hoyong deui ameng ka Samarinda, Balikpapan, & Bontang. 

    ----- Original Message ----- 
    From: Endang Tatan 
    To: [email protected] 
    Sent: Wednesday, May 09, 2007 8:13 AM
    Subject: RE: [kisunda] Samarinda, Kaltim jeung Kutai


    Haturan baraya urang sunda, oge kang dudi anu ngajgeugeuh di tatar
    Samarinda.
    Simkuring dua minggon ka pengker kenging tugas ka Balikpapan sareng
    samarinda saminggon lamina.. 
    Muhun pangwangunan ayeuna di samarinda mani pesat , eta we ningali
    Islamic center di sisi walungan Mahakam mani ngajenggleng kitu, oge bumi
    dinasna Gupernur kaltim mani sae..
    Tapi hanjakal nya tina saminggon aya panginten 3 kali mah listrik PLN
    pareum, janten teu aneh geuningan masing masing instansi ngagaduhan
    Genset nyalira nyalira anu ngamatakkeun polusi suara..padahala mah nya
    Pemprop Kaltim ti batan ngawangun gedung gedung di sisi walungan Mahakam
    anu nyedot dana teu saalit, mendingan ngawangun PLTA atanapi PLTD da
    geuning eta walungan Mahakam teh caina mani ngagulidag kitu , Citarum
    Onaman Caina teu sabaraha ageung , tapi tiasa ngajalankeun 3 PLTA
    (Saguling, Cirata,Jatiluhur), wah upami Walungan Mahakam tiasa ngadamel
    PLTA sigana sadayana wilayah Kaltim moal kakirangan Listrik... teras
    PLTD oge tiasa da sumber dayana tiasa nunjang nyaeta Batubara, saur
    urang Samarinda mah, ngagali 10 Meter oge tos kapendak tah sakadang
    Batubara teh..
    Salami di samarinda, kabagean oge jalan jalan ka Pampang, tempat Dayak
    asli anu masih aya keneh cepilna di gantungan ku perhiasan, anu
    ngakibatkeun cepilna dugi ka pupundakan saking ku beratna perhiasan anu
    ngagantung dina cepilna, eta Dayak Buhunna, ari Dayak anu tos moderenna
    mah geuningGareulis we, kulitna barodas siga urang Bandung, oge sempet
    jalan jalan ka Kutai ningali Jambatan payuneun Kantor Bupati Kutai , wah
    sabaraha Milyar tah danana di golontorkeunkeun kangge meresan Jambatan
    sareng pulo anu aya di sisi jambatan...lamun ningalina di wengi mah siga
    di luar nagreg lah...

    cag ah..
    tatan


    _____ 

    From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf
    Of dudi_ss
    Sent: Wednesday, May 09, 2007 6:55 AM
    To: [email protected]
    Subject: [kisunda] Samarinda, Kaltim jeung Kutai

    Haturan Baraya,

    Wilujeng tepang deui sareng si kuring anu tos lami henteu nepangan
    parawargi sadaya, tos dugi kamana lalampahan urang sunda dialam maya
    teh? Ti saprak ngumbara ka Samarinda, jigana nembe ayeuna tiasa inten
    deui ngalanglangan milis.

    Baraya,

    Samarinda teh puser kota provinsi Kalimatan Timur (Kaltim), anu Insya
    Alloh taun payun janten kota utama dilaksanakeunana Pekan Olahraga
    Nasional (PON), sawatara waktos anu tos kalangkung pengurus KONI Jabar
    kantos sumping ka dieu, mailih nepangan wargi sunda anu aya disamarinda
    anu dipinangsaraya janteun fasilitator kanggo transfortasi/akomodasi
    atlet salami dilaksanakankeunana PON di Kaltim. 

    Dina sajarah Nusantara, aya anu disebat-sebat karajaan anu pang kolotna
    di Nusantara nyaeta Karajaan Kutai. Karajaan ieu teh kasebut dina
    prasasti ngadeg kirang langkung abad 4-5 masehi, raja anu kasohor yaeta
    Raja Mulawarman ayeuna di Samarinda diabadikeun janten nami paguron
    luhur "Universitas Mulawarman" disingket UNMUL. Nyabit-nyabit Unmul
    kaleresan parawargi inohongna teh seueur urang sunda boh anu masih aktif
    atanapi anu tos pangsiun, malih rektorna pisan urang sunda tulen eta
    teh. Wangsul deui kana sajarah, Karajaan Kutai teh geuning aya 2 (dua)
    nyaeta Kutai Martadipura atanapi Kutai Mulawarman (Kutai buhun tea)
    sareng Kutai Kertanegara anu ieu mah nembe ngadeg kiten-kiten abad ka
    XIII. Taun 1600-an eta dua karajaan teh digabungkeun ku jalan
    peperangan, janten Karajaan Kutai Kertanegara wungkul anu puser dayeuhna
    di Tenggarong, dugi ka ayeuna Sultan Kutai Kertanegara linggih didinya.
    Ari patilasan puser kota Kutai buhun ayana di Muara Kaman, salah sahiji
    kot! a kacamatan diwewengkon Kabupaten Kutai Kertanegara (Kukar), teu
    teubih ti Tenggarong puser kota Kabupaten. Samarinda mah teu
    kasebat-sebat di sajarah Kutai, tapi tangtosna ge kawengku ku eta
    karajaan da mung 40 km ti Tenggarong. Catetan: Kapungkur mung aya hiji
    kabupaten anu nganggo nami "kutai" ayeuna dimekarkeun janten tilu,
    nyaeta Kab. Kutai Timur, Kutai Barat, anu ditengah nganggo nami karajaan
    janten Kab. Kutai Kertanegara.

    Kaltim kiwari,

    Parawargi aya anu peryogi kauninga kusadayana perkawis potensi alam
    didieu, salian wewengkonana anu lega, kandungan alam bumi Kaltim teh
    geuning beunghar diantawisna Minyak Bumi, Gas Alam, ayeuna anu nuju
    trend Batu Bara sareng Kebon sawit ari HPH kai/kayu mah tos kantun
    sesana. Aya oge anu teu eleh penting kanggo sumber energi kapayun, yen
    di Kaltim kandungan Uranium-na berlimpah. Saatosna otda (otonomi daerah)
    kota-kota di Kaltim mesrat majengna, utamina kota Samarinda, Balikpapan
    sareng Bontang. Saurna PAD Kaltim kalebet anu pang-ageungna diantawis
    provinsi sanesna, dana pemprov anu ngendap dibank ampir Rp. 10 triliun.
    Mung nyakitu harta mah sok mahaya-mahayu ayeuna seueur pangagung anu
    unggah balewatangan, diparios kunu berwajib, kalebet Gubernurna anu
    notabene urang sunda oge. Ari masyarakatna, masyarakat campuran Suku
    Kutai, Dayak minangka penduduk asli Suku Sunda, Jawa, Mandar (Sulawesi),
    Bugis (Sulawesi), Banjar (Banjarmasin/Kalsel). Pangseueurna pendatang
    suku ! Banjar ti Banjarmasin Kalimatan Selatan, Bugis jeung Jawa
    khususna Jawa Timuran. Urang Dayak seuseurna masih hirup tradisional
    dikampung, kampungna digirang/hulu/gunung tapi seueur oge anu tos janten
    pangagung sok sanaos blasteran sareng non Dayak. Pangwak urang Dayak teu
    benten sareng urang sunda, kulitna barodas/koneng jiga urang sunda anu
    bodas he.. he.. panona rada sipit, mung teu sipit pisan jiga si amoy. 

    Aya deui anu kapanggih didieu "kuning langsat" jeung "mabuk kepayang"
    horeng simana horeng "langsat" teh sarimbag jeung buah dukuh, aah...
    sebut wae dukuhlah (da keukeuh saur urang dieu mah benten, padah eta
    kulitana ipis, ari dukuh mah kandel). Ari "kepayang" basa anu lazim di
    suku Banjar, jigana teu sadaya urang banjar teurangeun da ieu kengingna
    teu dihaja nalika ngobrol sareng hiji sepuh urang Banjar, "kepayang" teh
    nyaeta "kelewek ngora" ari kelewek ngora teh sanes "picung" tea, naha
    ari tuang picung sok janten mabok atanapi lieur kitu? 

    Baraya, bilih aya anu kaleresan ngulampreng ka Samarinda tong hilap
    sindang ka rorompok. 

    Wassalam,

    dudi_ss 

    [Non-text portions of this message have been removed]

    [Non-text portions of this message have been removed]



     

 


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke