Sampurasun
Nuhun sareng katampi pisan kang Manar.
Keur kuring mah" tumaros" teh bubukaning elmu.
Jadi kuring diajar naon anu henteu anu can apal ti dulur anu sejen.
Sakali deui nuhun pisan kang Manar...
Naon anu ditulis ku kuring eta mah bubuka wacana keur urang sadaya...
cag heula.
Salam
Dedi Turmudi
Graduate Student
Dep. of Edu. and Teacher Training
Prog. MAT TESOL
School for International Training
Brattleboro, VT 05302 USA
Phone 802 579 2109
www.coretanpenaku.multiply.com
www.ddturmudi.multiply.com
www.geocities.com/ddturmudi
----- Original Message ----
From: oman abdurahman
Rampes Kang Dedi,
Leuh katarimakeun pisang kang urun rembug pamadeganana. Si kuring sapuk kana
naon anu ditepikeun ku salira, kajaba ngeunaan tokoh agama Islam :). Upama
ukuranana eta tokoh teh kawentar dina harti loba disebut-sebut ku awam bari
jeung mindeng mucunghul dina media (boh tv atawa koran oge media sejenna),
nya sapuk AA Gym anu kasohor teh (kitu oge samemeh kasus anjeunna poligami).
Tapi, upama nyoko kana ukuran sejenna, upamana: kaintelektualan jeung
kreativitas dina ngawinkeun (melakukan sinergi) agama jeung budaya,
satemenna aya inohong sejenna.
Dina widang kaintelektualan, leupas tina kontroversi madzhab (anu
enas-enasna ku sagolongan muslim madzhab tinangtu dianggap lain Islam), Kang
Jalal kudu disebutkeun. Ieu inohong sajajar jeung Cak Nur (Nurcholid Madjid)
alm. Malah anu disebut panungtung oge mindeng "diajar" jeung
babarengan ngagedekeun Paramadina. Kang Jalal, keur sakolana kapungkur
kenging beasiswa fullbright (leres teu nulisna Kang? punten dikoreksi wae
upami lepat), anu lulus kalawan predikat luar biasa (lebet organisasi Phi
Kafa Phi sareng anu sarupi ti eta).
Dina widang sinergi agama jeung budaya, daek teu daek urang kudu nyebutkeun
inohong HR. Hidayat Suryalaga (abah Surya) anu purna mitembeyan ngadamel
tarjamahan Al Qur'an kana basa Sunda dina wangun pupuh sekar ageung, oge
tarjamahan Al Qur'an kana basa Sunda dina wangun pupujian (nashid)
ancokeuneun atikan keur barudak. Abah Surya oge kungsi jadi konsultan tim
anu ngarumuskeun ajaran moral/budipekerti tingkat Nasional. Ngan nyakitu, di
urang mah apan anu populer teh kudu anu kawentar ku media (ieu oge salah
sahiji kriteria, sanes?).
Perlu oge disebutkeun inohong kersana Ajip Rosidi (Kang Ajip) anu mitembeyan
dina program hadiah Rancage. Hiji pangleler keur karya sastra/pikeun
sastrawa anu lain wae Sastra/Sastrawan Sunda, tapi sakuliah Nusantara.
---------
Pangajak ti salira pikeun ngarevitalisasi budaya Sunda (cokot jeung gedekeun
anu hadena, tinggalkeun anu teu kondusif keur ngigelan pajamanan), kalintang
narikna, Hayu urang mimitian. Mangga diantos asupan-asupan saterasna ti
salira oge ti dulur-dulur sejenna anu seja ulubiung dina ieu jejer.
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/