Googling dina Raraga Milangkala Bogor ka 525
Poe Jumat ping 01 Juni 2007 isuk-isuk keneh geus ka lapangan
sempur tadinamah deuk neangan nu hejo-hejo heueh dah bogor mah kota Angkot geus
puguh meni pabaliut lah ku Angkot teh, nya sanajan deukeut ge ngahajakeun weh
naek angkot tadinamah deuk leuleumpangan kusabab eweuh batur.
Di angkot jeung si supir teh ngobrol weh kamana-mendi lumayan euy
bisa sauetik-sauetik diajar Social Engineering (SE), lain SE ceuk basa IT
atawa Hacker tea http://yayanm.wordpress.com/ Ceuk si supir teh ke ping 3 Juni
na bakal aya demo (deuh jigana demo gede), kusabab geus aya bus ukuran
saparapat nu jurusan barangsiang bubulak/laladon (teuing poho deui heheheh ...)
nu diaranna
Ieu Bus nu diaranan TranPakuan teh cenah mah ngurangan oplah eh
salah pandapatan si Supir Angkot. Rada dilematis (oge edass basa na teu
ngarti), nya di hiji widang Bogor teh pabaliut ku angkot di sisi nu lian Pemda
teh neangan laternatifna, mangga ach sok padungdeungan ameh teu aya silih pasea.
Teu lila nepi sempur teh pamandangan geus rame jasa, komo deui loba
spanduk-spanduk nu ngucpakeun milangkala bogor teh. Kuring mah maksakeun maneh
weh ningalian neng SPG heula hueuehuehu hejo pisan ningali nu kiut mah jiga
angkot wae, laju weh juragan Runa dongkap.
Duan weh mapay-mapay leuwi eh salah mapay-mapay Stand atawa ImRan
atawa Imah Pameran. Didinya kuring ningalian Stand na DisbudaPar Kota bogor
bari nananya weh komo nujagana teh Mojang Fotogenik Bogor 2006 (heuheuehu reus
ingeut basa baheula mimiluan nu karitu huehuehue).
Laju weh ningalian Stand nu aya patulapatali jeung tatanian, komo
Juragan Runa mah resep pisan, di stand naonnya poho deui Bale Panalitian Tanah
rada kataji, didinya kuring mah maca-maca browsur weh. Jadi reus ingeut nu
dipanaruban tea nu Juragan Runa kaditu wae (http://www.kandagaorganic.com).
Laju weh di Stand na Rikan Baya nu dipupuhuan ku Wa Wahyu tea rada
ngobrol saeutik bari kataji ku tawis soca merchandise (deuh basa na nang
mulungan) ku kujang kujang, koo aya kujang nu keur pin tea.
Sanggeu kukurilingan ningalian Stand komo ningalain nu harerangmah
euy meni sgood (rada campring basana), kuring nyukruk ka panggung nu mintonkeun
kasenian-kasenian, teu rada lila di wartakeun ku MC na MOKA A.K.A Mojang Jajaka
Kota Bogor sina ka payun, nya teu antaparah weh du-duanan sina ngawanohkeun
maneh, arikuring teu asa-asa bari muka kamera pura-pura kahareup motoan si
Mojang na hungkul heuheuhue .. bari lempang na rada legeg weh alias Kandeul
Kulit Beungeut. Aya nu matak waas ka si mojang teh basa ngawanohkeun teh make
basa sunda nya meni eces lah kadanguna.. bari ngagerendeng di hate teh mun aya
patarosan kuring deuk nanya .. neng bade ditikah ku abdi huehue jigan si mojang
eta teh ngaberegedeg nya laju weh bengeut bereum sepa jeung teu bisa sare ..
heheh teuing tibalik ketang hehuheue.
Cag Ach
Yayan[at]virtual[dot]co[dot]id
---------------------------------
Yahoo! Answers - Got a question? Someone out there knows the answer. Tryit now.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/