Kenging nyalin tina Mangle No. 2133:
ANI SUKMAWATI: Ngahariring Musikalisasi Puisi
Lebah ngahariring mah da puguh purahna. Ngan bae teu sagala diaprak. Dijojoan
nu sakirana kawadahan kasubadanan. Kangaranan tembang cianjuran, kawih
kacapian, jeung pop sundaan mah masih keneh tiasa dikeureuyeuh. "Wios bade
tetep renggenek dina tembang sareng kawih bae, moal suba-saba ngahaleuang di
luareun eta," ceuk ieu Juara Tembang Cianjuran KORPRI taun 1996 teh.
Dina tembang cianjuran, albeum Ani sukmawati geus aya kana limana, direkam
babarengan jeung Rahmat Sunandar (Juara Damas 1999 & 2006) sarta Ujang
Supriatna (Juara Damas 2003), Pon kitu deui dina albeum kawih kacapian jeung
pop sunda. Malah sora Ani kungsi diririhan ku musisi nalaktak Ricky Sianipar
pikeun ngahaleuangkeun lagu 'Es Lili' jeung 'Bubuy Bulan' dina komposisi musik
etnik alternatif. Klipna geus mimiti sumebar di tivi-tivi lokal nu aya di
Bandung. Ari kiwari, ieu juru kawih nu sawatara bulan katukang dikantun ku
carogena pikeun saendeng-endeng teh, ngalalanyah kana musikalisasi sajak Sunda
garapan Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS). Lagu nu
dihaleuangkeunnanadiala tina sajak 'Pangbalikan' karya Wahyu Wibisana jeung
lagu 'Hiji Peuting' nu diala tina sajak Etti RS. Anyar-anyar ieu eta lagu
musikalisasi sajak nu dua teh dipagelarkeun di Rumentangsiang jeung Taman
Budaya.
Naha teu mendak kagejed?
"Alhamdulillah teu seueur teuing ngawagu, kawantu warna musikna ge kentel pisan
sareng warna tradisi," ceuk ieu indung ti dua budak nu kiwari jadi karyawan
Dispenda Kota Bandung teh.
Tos kagungan maksad mungkas hirup lelengohan?
Ieu juru tembang nu digedekeun ku PTS Malati pingpinan Ida Widawati teh kalah
ka imut mawur. "Isin ah..." pokna ***(Dang)
Salam,
Asep
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/