Yeuh no sok susundaan wae, aya bahan saeutik. 
Hapunten kangge anu tos "paham" ceritana ... he..he.. :) 
  
  
  
Di kelas 
  
Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah "the killer" ceuk barudak mah. 
Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu 
borokokok. 
Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna. 
  
Poé kahiji. 
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb, 
anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru 
Lia. 
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti 
kantor ! ", ibu 
ngancem 
"Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu guru Lia 
naros. 
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak" 
"Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi katelah tukang 
heureuy. 
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR". 
"Nangtung dihareup ! Dadan ! " 
"Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu 
gaduh 
béas" 
"Nangtung dihareup ! Dikdik ! " 
"Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih " 
"Nangtung dihareup ! Yusuf ! " 
"Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina" 
"Nangtung dihareup ! Mahmud ! " 
"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi " 
"Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Endang ! 
"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang " 
"Nangtung dihareup ! Nandang ! " 
"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan " 
"Nangtung dihareup ! Naddy ! " 
"Plak - plék - plok, hartosna bararahé " 
"Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Epul ! " 
"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur " 
"Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Doddy ! " 
Si Doddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun 
ditanya. 
Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. 
Bakating ku geumpeur, ari seduuut .... téh hitut ! 
"Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : " Kaluar 
kabéh ! ", 
ibu Lia bendu. 
  
Poé ka dua. 
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous, 
anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru 
Lia. 
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti 
kantor ! ", ibu 
ngancem 
"Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !", ibu guru Lia 
naros. 
"Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan ". 
"Manéh nu istuning belegug pisan mah ! Déni ! 
"Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun" 
" Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh ! Matak TBC 
ngajar 
barudak kawas kieu mah !", bu Lia bendu. 
" Ah moal bu, buktosna rama ngajar di TC séhat-séhat saja tuh...." 
" Heueh da gajihna béda jeung guru SD ! 
  
  
  
  
  
Barakatax
<http://geo.yahoo.com/serv?s=97359714/grpId=2636369/grpspId=1705171464/msgId
=16942/stime=1189478570/nc1=3848643/nc2=3848581/nc3=4670553> 
 


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke