Baraya,
Seja neraskeun catetan dina riungan forum group discussion (FGD) Jabar 2007
widang kabudayaan runtuyan ka 5, dina jejer "Ngigelan jeung Ngigelkeun
Pajamanan" bagian nu ka 2. Nyanggakeun sareng hapunten bilih kapanjangan teuing:
NGIGELAN JEUNG NGIGELKEUN PAJAMANAN (2)
4. Ngaropea Epistemik Pangwangunan Atikan di Jabar
- Kasang Tukang jeung Tujuan
Program anu diusulkeun ku KHS diluhur teh teu bisa dipisahkeun jeung
revitalisasi atikan. Kabuktian, sakumaha teu lila satutasna KHS ngadadarkeun
program padesaan tadi dina raraga NJNP, anjeunna ngaguar kawijakan atikan keur
ngawangun kabudayaan di Jabar. Dina panganteur makalahna pakait jeung pasoalan
atikan di Jabar ieu KHS nepikeun sababaraha paistilahan konci, kasang tukang,
jeung gambar ringkesan anu jadi tujuan guarana. Yen atikan teh amanah
konstitusional, kultural (oge agama) jeung profesionalisme sapanjang jaman.
Oge, yen dialog epistemik ieu ngarupakeun ngabeungharan informasi, silih
tepungkeun, jeung asupan salaku second opinion anu digarap ngaliwatan
pangajian monitoring jeung evaluasi (monev).
Masih dina tataran kasang tukang diskusi, KHS oge nepikeun yen atikan
ngarupakeun kakuatan pangdogong pikeun prak-prakanana Otonomi Daerah, kalayan
tujuanana nata deui kahirupan jero bangsa jeung nagara anu leuwih sejahtera
jeung leuwih mibanda darajat. Oge, Daerah Jabar jeung Sunda salaku sub etnis
lokal mayoritasna ngabogaan potensi kaarifan lokal (local genus) anu potensial
pisan disumbangsihkeun ka dunya atikan. Anapon anu jadi udagan sagala usaha
dina widang atikan, kaasup diskusi ngeunaan epistemik pangwangunan atikan ieu,
teu aya lian iwal ti maysrakat madani, mardotillah, pikeun Jabar atawa
Tatar Sunda, khususna.
- Hasil Monev: Moral salaku Udagan Atikan anu Teu meunang Ditawar
Samemeh ngaguar mataholang ngeunaan perluna ngabedah potensi kaarifan lokal
tina budaya lokal (Daerah Jabar), KHS ngadugikeun heula pentingna moral salaku
munara atawa rambu-rambu pikeun ngawangun atikan. KHS lebah dieu nepikeun
pamadegan Dr, Harun Nasution ngeunaan tujuan atikan, nyaeta (tarjamahan):
...naon tujuan (atikan) teh? Kahadean di dunya sagemblengna. Diantara sagala
makhluk anu aya di alam ieu nya ukur manusa anu bisa mikirkeun kapentingan
jeung kahadean pikeun alam sagemblengna. Kahadean jeung kasampurnaan ieu baris
kahontal lamun manusa mibanda moral anu luhung. Jadi, ceuk KHS, kecap konci
anu ngabogaan peurah teh taya lian ti MORAL. Anapon moral ieu, tangtu pakait
layeut jeung larapan kaedah akhlak, tatakrama, etika, etiket, sopan santun,
atawa budipakarti.
Saterusna, KHS nandeskeun pentingna moral dina dunya atikan kalawan pamadegan
ahli atikan sejenna, Huston Smith, sarupa kieu (tarjamahan):...cara anu
pangmanfaatna pikeun nyiapkeun mangsa sorangeun ka hareup (KHS: ngaliwatan
atikan), nyaeta mertelakeun bagean-bagean tina pamandangan religi anu teu
barobah (KHS: moral). Dijelaskeun saterusna, yen manusa anu luhung moralna
eta ngarupakeun tujuan dijieunna manusa di marcapada ieu: Nya manusa eta anu
dina Islam mah disebut khalifah fil ardli, anu boga akhlakul karimah, jeung
rahmatan lil alamin. Atawa, ceuk ikon Sunda mah disebut anu geus Ngertakeun
Bumi Lamba tea.
Laju, KHS ngajelaskeun deui, yen moral salaku tujuan atikan teh kudu
dijadikeun hambalan atawa dadasar dina nangtukeun epistimologi atikan di
Indonesia, kaasup di Jabar (epistimologi, singgetna, ngandung harti: metode,
cara atawa sistem keur ngahontal udagan; epistemik ngandung harti: nyipat
kana epistimologi atawa pakait jeung pasoalan cara, metode atawa sistim.
Prak-prakanana, dina bagean akhir tina epistemik atikan, upamana: eusining
kurikulum atikan). Saterusna KHS netelakeun hiji hal anu penting ngeunaan
pakaitna atikan jeung budaya. Yen aktivitas atikan teh salawasna baris
lumangsung dina jalan kabudayaan (kultur) kalawan sakabeh pasifatan jeung
rarangkenna. Oge, yen ku cara ngagunakeun alat monev eta urang bisa ngukur
kualitas moral manusa salaku hasil (output) tina aktivitas atikan.
KHS neundeun perhatian anu gede kacida kana pasoalan panitenan jeung
pamariksaan (monev), khususna dina widang atikan. Nuturkeun pamadegana inyana,
monev kudu dilaksanakeun sapanjang waktu. Oge ieu monev anu dilaksanakeun teh
kudu sanggup ngaji (kualitas moral) diri ti mimiti tataran sorangan (individu),
kulawarga poko, sub lokal, lokal, regional, nasional, malah nepi ka kualitas
moral manusa sacara global. Pola patangtungan (penstrukturan) saperti kitu
geus nuduhkeun jihat konsep otonomi-desentralisasi anu bottom up. Hiji pola
anu dina babasan Sunda mah kieu kasebutna: mimiti ti diri sakujur, laju batur
sakasur, batur sadapur, batur sasumur, batur salembur, nepi ka batur
sagupernur, saur KHS.
- Dialog Kamitraan Epistemik Pangwangunan Atikan Jabar
Saterusna, dina diskusi soal epistimologi atikan ieu, KHS nepikeun pamendakna
soal falsafah anu kudu digunakeun dina ngalaksanakeun monev widang atikan.
Numutkeun KHS, falsafah anu digunakeun teh kudu ngarupakeun gabungan antara
falsafah meunang manusa jeung falsafah anu sifatna religius-ilahiah (bisa oge
disebutkeun salaku falsafah anu dijieun kalawan nyoko kana religi). Kalawan
nyontokeun nagara-nagara liberal anu pamustunganana nempatkeun manusa salaku
pakakas kasar atawa bagean tina mesin produksi; runtagna Rusia anu sosialis
anu laju robah jadi paniron demokrasi liberal; jeung barobahna RRC anu tadina
kaceluk salaku nagri tirai bambu jadi makhluk ekonomi dunya anu rampus kana
pasar bebas, KHS nolak pamikiran Naon Gunana Anjeun keur Kuring, bari
nyodorkeun alternatifna anu dikali tina akar budaya Daerah Jabar sorangan,
nyaeta: Naon Gunana Kuring keur Anjeun.
Pikeun urang Sunda anu ngalaksanakeun agamana, falsafah atawa konsep
hirupna dina satengahing masyarakatna teh eta aya dina kecap tadi, Naon Gunana
Kuring keur Anjeun. Sedengkeun anu sabalikna, nyaeta falsafah Naon Gunana
Anjeun keur Kuring eta ngarupakeun konsep atawa falsafah urang barat, kitu
kurang leuwih pedaran KHS ngeunaan falsafah anu diperlukeun pikeun
ngalaksanakeun monev widang atikan. Kusabab kitu, urang Sunda mah leuwih
condong kana konsep KAM (Kawajiban Asasi Manusa). Anapon bangsa barat, leuwih
nyoko kana konsep anu ayeuna keur sakitu mahabuna: HAM (Hak Asasi Manusa).
Pamuga wae ieu konsep HAM teh teu katerusan jadi liberalisme anu kamalinaan,
KHS neruskeun kateranganana. Tembong tina dadaran KHS, yen falsafah Naon
Gunana Kuring keur Anjeun ngababarkeun konsep KAM, sedengkeun falsafah
sabalikna ngalahirkeun konsep HAM.
(Naha enya fasafah urang Sunda mah Naon Gunana Kuring keur Anjeun atawa
ngaheulakeun KAM tea, tinimbang sabalikna, Naon Gunana Anjeun keur Kuring
atawa ngaheulakeun HAM tea? Moal kitu, nya kusabab eta falsafah, urang Sunda
jadi mindeng kacaturkeun elehan jeung sabangsana? Tapi, upama inget kana
katerangan dina agama (Islam, upamana), diantarana anu nerangkeun yen
pangalus-alusna manusa eta anu pangmanfaatna ka manusa sejenna, kuat alesan
pikeun narima yen konsep ngaheulakeun KAM teh ngarupakeun cecekelan urang
Sunda).
(Ongkoh falsafah bangsa-bangsa anu deukeut ka alam mah aslina memang kitu,
ngaheulakeun KAM. Hal ieu sakumaha pidato pamimpin Indian Suku Seattle, Taun
1854, nalika inyana nyanghareupan pamimpin kulit putih anu rek meuli taneuhna.
Hiji pidato anu kaceluk minangka malumat ngeunaan lingkungan hirup anu
pangendahna. Lamun kitu, moal boa, kamunduran Urang Sunda teh kulantaran dirina
henteu bener-bener ngajaga jeung percaya diri kana ajen inajen pokona. Biasa
geuning, anu satengah-satengah mah tara hasil. Wallohualam).
Pakait jeung kaperluan falsafah subtansi jeung prak-prakan monev dina
ngawangun atikan, KHS nyodorkeun pamadegan sarupa kieu: Yen dina dunya atikan
urang kudu salawasna aya dina pigura epistimologi anu religius-ilahiah. Hal
eta, hartina kualitas moral atawa akhlak. Jeung hal eta (kualitas moral atawa
akhlak) teh perlu pisan ngajeblag dituliskeun dina Renstra (rencana strategi)
jeung dijelaskeun kalawan rinci dina tugas jeung fungsi (Tupoksi) Depdiknas
pikeun jadi sumber nurunkeun KBK (Kurikulum Berbasis Kompetensi). Saterusna,
hal eta baris mecut para guru sangkan leuwih rancage enggoning ngagambarkeun
analisis monev pikeun ngagunakeun jeung ngawujudkeunana dina KTSP (Kurikulum
Tingkat Satuan Pendidikan).
- Atikan salaku Kakuatan Pangdeudeul pikeun Ngalaksanakeun Otonomi
Daerah
Reformasi taun 1998 kalawan ngakar geus ngarobah sistem tatanagara di nagara
NKRI anu dipikacinta ieu, khususna parobahan anu pohara dina sistem
pamarentahan, tina sistem anu museur (sentralisasi) kana sistem anu nyebar
(desentralisasi) anu dipikawanoh ku balarea salaku Otonomi Daerah. Hal ieu
kudu dijaga ku urang sangkan dina prak-prakanana henteu bleg wae ngabalukarkeun
kasangsaraan atawa bangbaluh ka balarea, saur KHS bubuka.
Saterusna dijelaskeun, yen sok sanajan Otoda kudu ditalingakeun bisi
kamalinaan jadi nyangsarakeun rahayat loba, tapi satemenna Otoda oge mere
lolongkrang anu kacida pentingna keur pangwangunan anu walatra. Parobahan
sistem pamarentahan ieu ngamungkinkeun hiji komunitas (etnis) anu mibanda
kaarifan lokal (local genus) dina jero pranata masyarakatna ngarevitalisasi
deui sistem masyarakat anu luyu jeung fitrah bungkeuleukan (entitas) etnisna,
pedaran KHS saterusna. Yen satiap entitas etnis tangtu mibanda kaarifan lokal
anu gede kacida manfaatna pikeun mecut (akselerasi) ngawujudna karaharjaan
masyarakat. Dina giliranana, hal ieu baris mere kontribusi kana lahirna NKRI
anu diridoan ku Pangeran, dadaran KHS saterusna mere alesan pentingna Otoda
pikeun icikibungna etnis-etnis dina ngudag cita-cita bangsa.
(Lebah dieu aya dua hal anu sapada harita mucunghul dina pipikiran. Kahiji,
ngeunaan falsafah sajarah ti Mat I . Dimon anu leuwih maju ti Toynbee. Kaduana,
tafsiran atawa soal revitalisasi kecap Pajajaran, kaasup terminologi anu
mindeng nyangsarakeun rahayat:harta karun Pajajaran. Singgetna memeh
dadaran anu leuwih panjang-pamadegan (falsafah sajarah) ti Dimon teh kieu: yen
sakumaha basajanna hiji bangsa, upama eta bangsa kungsi hadir (eksis) sok
komo deui lamun masih aya dikieuna, tangtu eta bangsa mibanda ajen-inajen anu
leuleus liat (fleksible) anu bisa pisan (potensial) dipateakeun (diberdayakan,
digali kembali) pikeun dadasar ngahontal kajayaan deui eta bangsa. Ari (sub)
bangsa Sunda? Lain wae kungsi aya, malah aya keneh dikieuna; dina jumlah
penduduk malah kadua panggedena sanggeus seler Jawa).
(Anapon ngeunaan revitalisasi tafsiran istilah Pajajaran ieu kungsi
dipedar oge ku KHS dina hiji kasempetan- kaitanana jeung Otoda eta kieu: Ceuk
sakaol, pajajaran teh asal kecapna tina pada sajajaran, nyaeta kajadian
waktu perang karajaan Galuh jeung Sunda, karajaan laleutik anu jadi bawahan eta
dua karajaan dironjatkeun darajatna jadi sajajar jeung indungnn tur dihijikeun
sakabehna dina kaayaan papada satingkatan, jadi karaajaan anyar anu disebut
Pajajaran kalawan rajana Sri Baduga Maha Raja tea. Lain hal ieu teh satemenna
mah geus kaasup Otonomi Daerah atawa sistem desentralisasi? Abad 15 M eta
kajadian teh)
.
Dina katerangan akhir bab Otoda ieu, satutasna ngababaran kasempetan
ka-lokal-an manggung di tingkat nasional nepi ka global, KHS nandeskeun agen
anu bisa ngalakukeun eta parobahan. Wujudna (eta parobahan) pohara
ditangtukeunana ku sistem jeung kualitas atikan, boh formal, in formal atawa
non formal. Sakabehna tangtu bisa diracik dina alam Otoda. Hasil anu
diharepkeun teh teu aya lian iwal ti anak didik nu luhur ajen moralna nepi ka
bisa ngabaktikeun dirina ka masyarakat dina tataran wilayah administratif ti
mimiti sub lokal (desa, kacamatan), lokal (kota, kabupaten), regional
(provinsi), nasional nepi ka internasional, saur KHS.
- Potensi Kaarifan Lokal Budaya Lokal (Sunda) pikeun Ngawangun
Dunya Atikan
Jejer potensi kearifan lokal budaya lokal sacara umum ngarupakeun mataholang
naon anu ditepikeun ku KHS dina guaran Ngaropea Epistemik Pangwangunan Atikan
di Jabar. Dasar pamikiran KHS pakait jeung hal eta kieu: Di satiap wilayah
administratif pasti baris kapanggih potensi kaarifan lokal jeung kapinunjulan
ajen inajen budaya lokal (mulok: muatan lokal). Ngeunaan hal eta, geus loba
hasil panalungtikan jeung rumusan ti instansi-instansi anu boga kawenangan
(Disdik, Disbudpar, jsb). Anu perlu ku urang dilakukeun saterusna nyaeta milih
jeung nyusun sistem eta kandungan ajen-inajen kaarifan lokal tadi, nepi ka bisa
dimanfaatkeun jadi eusining pangajaran sakola/kuliah di satiap panta-panta
atikan ti mimiti budak (paud: pendidikan usia dini) nepi ka strata S-3.
Saterusna, alokasi jeung udagan KBK-na oge geus dituliskeun dina kurikulum
atawa SAP-na.
Saterusna, KHS ngaguar naon anu jadi potensi kaarifan lokal budaya Daerah
(Sunda) anu bisa dikontribusikeun kana dunya, nyaeta: a) 6 Kualitas Moral
Kamanusaan (Sad Kualitas Kamanusaan), b) Indikator 9 R, jeung c) sistem
panataan masyarakat. Sad Kamanusaan anu dikali tina falsafah Pancasila
jeung Agama - eta ngarupakeun mataholang epistimologi dunya atikan pikeun Jabar
anu satemenna bisa dikontribusikeun kana sistem atikan Nasional, balikta nepi
ka tingkat internasional. Indikator 9 R, ngarupakeun pananda atawa ciciren
yen hiji siswa/mahasiswa geus ngabogaan kapinunjulan diri. Sistem
kamasyarakatan nyoko kana masyarakat sakola jeung sabudeureunana.
Sad kualitas kamanusaan (sakumaha sabagean guaranana geus ditepikeun), anu
dina epistimolgi usula KHS kudu jadi mataholang dina ngudag sasaran atikan,
nyaeta:
(1) Kualitas Moral manusa ka Pangeranana (KMMT), indikatorna: kualitas
akidah, ibadah, syariah jeung muamalah;
(2) Kualitas Moral Manusa ka Pribadina (KMPP), indikatorna: kualitas
luhung elmuna, jembar budayana, pengkuh agamana, jeung rancage gawena.
(3) Kualitas Moral manusa ka Manusia sejan/Masyarakatna (KMMM),
indikatorna: kualitas ngamasyarakat dina jero agama anu loba (multi
religiositas), seler bangsa anu rea (multi etnis), jeung budaya anu warna-warni
(multi kultur);
(4) Kualitas Moral Manusa ka Alamna (KMMA), indikatorna: kasadaran ngahiji
(sinergi) kalawan ngahargaan alam makro (lingkungan hirup); alam mikro
(kualitas fisik, psikis, jeung spiritual dirina), jeung kasadaran kana
kajangkepan wilayah geo-politis-na;
(5) Kualitas Moral Manusa kana Waktu (KMMW), indikatorna: kasadarana nu
saimbang antara prak-prakan ngalarapkeun waktu nerus (linier), waktu daur
(siklis), jeung ayana waktu baqa (kaabadian akherat);
(6) Kualitas Moral Manusa dina ngahontal karaharjaan lahir jeung batina
(KMMLB), indikatorna: kualitas kasadaran dina ngalarapkeun etika jeung estetika.
(mmm...geuningan loba jeung beurat kacida naon anu jadi mataholang dunya
atikan katut indikatorna masing-masing pikeun Jabar ti KHS teh. Jeung kacida
idealna nepi ka tangtu wae perlu dirinci kana ukuran-ukuran anu gampang
kapaham ku sarea jeung bisa diukur hontalana).
Saterusna, indikator hasil (keluaran/output) atikan anu dikali tina akar
budaya lokal Daerah Jabar (Sunda) sakumaha anu disodorkeun ku KHS teh nya anu
disebut 9 R (salapan er) tea. Opat tina ieu 9 R teh geus loba pisan anu
wanoh, sedengkeun sesana anu 5, aya sababaraha pamadegan. Urang cutat wae 9 R
versi KHS sakumaha dihandap ieu kalawan indikatorna masing-masing:
(1) CAGEUR, indikatorna: sehat fisikna (lahirna) jeung sehat psikisna
(batinna) oge sehat dina laku salehna (Bind: sehat dalam berkesalehan sosial);
(2) BAGEUR, indikatorna: patuh kana hukum (hukum agamana, hukum nuranina,
hukum adatna jeug hukum positifna);
(3) BENER, indikatorna: hirupna ngabogaan visi anu jelas, jeung ngabogaan
misi anu realistis tur kaukur;
(4) PINTER, indikatorna: mampuh ngungkulan tangtangan, halangan-harungan,
jeung masalah hirupna ku elmu jeung imanna;
(5) SINGER, indikatorna : parigel (B. Ind: terampil) digawe, boga etos
kerja anu luhur (sumanget gawe anu ngagedur), mampuh ngamotivasi dirina, jeung
boga prestasi gawe;
(6) TEGER, indikatorna: kuat hate, mampuh nyanghareupan cocoba atawa ujian
hirup, henteu putus harepan;
(7) PANGGER, indikatorna: konsiten (istiqomah atawa ajeg) dina jero
ngahontal tujuan atawa cita-cita; atawa weweg pamadeganana;
(8) WANTER, indikatorna: wani ka hareup, percaya diri, siap diuji, wani
diadu (B. Ind.: berani bersaing);
(9) CANGKER, indikatorna: kuat fisik, jagjag, salawasna dina kaayaan sayoga
(siap siaga).
Ngeunaan sistem panataan masyarakat nu dimaksud nyaeta sistem Tri Tangtu di
Buana- sakumaha dina Amanah Galunggung - anu direvitalisasi pikeun
masyakarakat desa. Tafsiran hal eta ti KHS geus ditepikeun sememehna. Urang
balikan deui wae nataan unsur-unsur Tri Tangtu di Desa hasil revitalisasi KHS
ieu kalawan terus difokuskeun pikeun masyarakat sakolaan (murid, guru, kolot
murid, jst) sakumaha dina makalahna, Nyaeta, sarupa kieu:
(1) RAMA = kulawarga, anggota masyarakat sagemblengna salaku akar sadagori
(grass root). Posisi Rama kudu boga sifat Gurat Lemah, hartina: kuat nyekel
taneuh anu hakekatnasuci jeung ngamanfaatkeunana salaku sumber karaharjaan
kumna masyarakat.
(2) RESI = manusa-manusa anu boga pangaweruh, anu laluhung ku elmu, ulama,
anu sanggup minterkeun bangsa, golongan LSM anu tujuan hade. Posisi Resi ieu
kudu boga sifat Gurat Cai, maksudna: ngadorong tumuwuhna kualitas SDM anu
manfaat
(3) PRABU = pamimpin formal, birokrat, pamarentah, anu nyarieun kawijakan
jeung unsur Trias Politica lianna. Saha wae anu aya dina posisi Prabu eta
kudu ngabogaan sifat atawa falsafah Gurat Batu anu hartina taat atawa patuh
dina ngalaksanakeun hukum;
Dina tangtungan tatanan sakola jeung masyarakat sabudeureunana, unsur-unsur
Tri Tangtu di Desa tadi geus dirumuskeun, nyaeta: 1) Dewan Guru anu bisa
disaruakeun jeung Prabu; 2) Dewan Wawakil Orang Tua Murid, anu bisa
disajajarkeun jeung Resi, jeung 3) Anggota masyarakat di sabudeureun lokasi
sakola anu bisa dipapadakeun salaku Rama.
Minangka catetan: Dina salah sahiji kasempetan, di sela-sela pedaranana, KHS
nepikeun informasi yen ieu program Tri Tangtu di Desa atawa ngawangu
Masyarakat Desa Budaya anu diantarana ngandung larapan Rama-Resi-Prabu anu
fokus dina pangwangunan atikan, geus dimimitian di 5 lokasi anu masing-masing
aya di wewengkon 5 kabupaten salaku model conto (B. Ind: percontohan).
Kabupaten anu 5 teh nyaeta: Subang, Cianjur, Sumedang, Garut jeung Ciamis. Eta
model conto salah sahiji pangwangunan budaya teh dilaksanakeun ku Dinas
Pariwisata (Disbudpar) Jabar minangka pupuhu ti jihat Pamarentah Jabar. Muga
lancar.
Cag.
manAR
---------------------------------
Pinpoint customers who are looking for what you sell.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/