Mangtaun-taun ka tukang, jaman teu jomlo-jomlo acan, ditembongan rupa2 buku
ku Aa Opang, di antarana ieu buku. Judulna Carita Parahiyangan: titilar
karuhun urang Sunda abad ka-16 Masehi, minangka alih-aksara (transkripsi)
Carita Parahiyangan (sabagian ti naskah dina koropak 406 di Musieum Gajah)
anu naskah aslina mah aksara Sunda anu diguratkeun dina daun  lontar (mun
teu salah). Alih-aksara ieu teh karya almarhum Aca, bukuna wedalan Yayasan
Kabudayaan Nusalarang, Bandung, taun 1968. Sababaraha taun ka pengker,
alih-aksara ieu naskah tos didamel oge ku almarhum Prof. Ekajati sareng Kang
Undang A. Darsa, sarta medal dina seri Sundalana. Mudah2an aranjeunna anu
parantos gaduh jasa dina nalungtik sajarah Sunda ditampi iman Islamna,
dihapunten samudaya kalepatanana.

Dipotokopina geus lila. Dibacana, najan ukur saliwat-saliwat, geus lila oge.
Geus lila jadi hanca pikeun didigitalkeun, kakara ngebut sanggeus
'manggihan' sopwer Read Iris dina komputer tempat gawe. Atuh... nuhun pisan,
Juragan Dunungan, parantos nyayagikeun sagala rupi parabot pikeun kaperluan
ieu 'proyek' (najan teu bebeja ge, heuheu...).

Sabenerna mah dina bukuna aya dua versi: alih-aksara tulen & surahanana dina
basa Sunda kiwari. Mung, saayeunaeun mah nembe tiasa kapidangkeun
alih-aksarana anu tulen. Wayahna kedah rada luman-lamun wungwung-wangwang
mun mendakan kekecapan anu araheng, sabab sahanteuna eta kekecapan teh
kolotna geus opat abad, tapi da disasar-sasar ge moal burung... ngagorehel
geura...

Mangga geura cobian, bilih panasaran. Aya Mandiminyak nu ngeudeu-ngeudeu
dahuanana, aya Hariang Banga, aya Purbasora, aya Sanjaya nu pilih tanding,
aya Prabu Maharaja nu perang di Majapahit, aya Prabu Niskalawastu Kancana nu
welas asih wicaksana, aya Sang Ratu Jayadewata, aya Prabu Surawisesa nu
bebeakan perang mertahankeun karajaanana. Pokona mah rame, lah... Komo mun
bari ngalamun mah...

Wilujeng ngaderes. Punten panjang... heheh.
------------------

Ndéh nihan Carita Parahiyangan.

Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra.

Rajaputra miseuweukeun [1] Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida
sapilanceukan.

Ngangaranan manéh Rahiyangta Déwaraja.

Basa lumaku ngarajaresi ngangaranan manéh Rahiyangta ri Medangjati, inya
Sang Layuwatang, nya nu nyieun Sanghiyang Watang Ageung.

Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra; Sang
Apatiyan [2] Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang
Putanjala inya Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah [3],
Sang Sandanggreba, Sang Wretikandayun.

Hana paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, nyayang di titrayatra [4]
Bagawat Resi Makandria [5]. Dihakan anakna ku salakina. Diseuseul [6] ku
éwéna [7].

Carék éwéna, "Papa urang, lamun urang teu dianak, jeueung Bagawat Resi
Makandria. Ditapa sotéh papa, ja hanteu dianak."

Carék Bagawat Resi Makandria, "Dianak ku waya, ja éwé ogé hanteu."

Ti inya carék Bagawat Resi Makandria, "Aing dék leumpang ka Sang Resi Guru,
ka Kéndan."

Datang siya ka Kéndan.

Carék Sang Resi Guru, "Na naha siya Bagawat Resi Makandria, mana siya datang
ka dinih?"

"Pun samapun [8], aya béja kami pun, kami ménta pirabieun pun. Kéna kami
kapupulihan ku Paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, papa baruk urang
hanteu di na anak."

Carék Sang Resi Guru, "Leumpang siya ti heula ka batur siya deui, anaking
Pwah Aksari Jabung, leumpang husir Bagawat Resi Makandria, na pideungeuneun
satapa, anaking."

Leumpang Pwah Rababu, datang ka baturna, teu diaku rabi. Nyeueung inya
wedadari geulis, ti inya nyieun manéh Pwah Manjangandara, na Bagawat Resi
Makandria nyieun manéh Rakéyan Kebowulan, sida pasanggaman. Carék Sang Resi
Guru,

"Étén [9] anaking, Pwah Sanghiyang Sri! Leumpang kita ngajadi ka lanceuk
siya, ka Pwah Aksari Jabung."

Ti inya leumpang Pwah Sanghiyang Sri ngajadi, inya Pwah Bungatak
Mangaléngalé.

Carék Sang Mangukuhan, "Nam adiing [10] kalih, urang ngaboro [11] leumpang
ka tegal."

Sadatang ka tengah tegal, kasampak Pwah Manjangandara deung Rakéyan
Kebowulan. Digérékeun ku sang pancaputra; beunangna samaya, asing [12] nu
numbak inya ti heula, nu ngeunaan inya, piratueun [13].

Keuna ku tumbak Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara.
Lumpat ka patapaanana, datang paéh. Dituturkeun ku Sang Wretikandayun. Pwah
Bungatak [14] Mangaléngalé kasondong nginang deung Pwah Manjangandara; ku
Sang Wretikandayun dibaan pulang ka Galuh, ka Rahiyangta ri Medangjati.

Lawasniya adeg ratu lima welas tahun, disilihan ku Sang Wretikandayun di
Galuh, mirabi Pwah Bungatak Mangaléngalé.

Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang Karungkalah nyieun manéh
panggérék, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap; Sang Sandanggreba
nyieun manéh padagang. Ku Sang Wretikandayun diadegkeun Sang Mangukuhan,
Rahiyangtang Kulikuli; sang Karungkalah diadegkeun Rahiyangtang Surawulan;
Sang Katungmaralah diadegkeun Rahiyangtang Pelesawi [15]; Sang Sandanggreba
diadegkeun Rahiyangtang Rawunglangit.

Sang Wretikandayun adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan
manéh Rahiyangta ri Menir [16]. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan,
inya nu nyieunna Purbatisti.

Lawasniya ratu salapan puluh tahun.

Disilihan ku Rahiyangtang Kulikuli, lawasniya ratu dalapan puluh tahun.

Disilihan ku Rahiyangtang Sarawulan, lawasniya ratu genep tahun, katujuhna
panteg kana goréng twah.

Disilihan ku Rahiyangtang Rawunglangit, lawasniya adeg ratu genep puluh
tahun.

Disilihan ku Rahiyangtang Mandiminyak.

Seuweu Rahiyangta ri Menir [17], teluan sapilanceukan; anu cikal nya
Rahiyang Sempakwaja, adeg Batara Dangiyang Guru di Galunggung; Rahiyangtang
Kedul, adeg Batara Hiyang Buyut di Denuh; Rahiyangtang Mandiminyak adeg di
Galuh.

Carék Sang Resi Guru, "Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja hanteu diboga
[18] éwé. Anaking Pwah Rababu! Kita leumpang husir Rahiyang Sempakwaja, kéna
inya pideungeuneun siya satapa."

Sang Resi ngagisik tipulung [19] jadi jalalang bodas, leumpang ngahusir
Rahiyang Sempakwaja,  eukeur melit [20].

Carék Rahiyang Sempakwaja, "Na naha jalalang bodas éta?"

Top sumpit. Nya mana dihusir, dék nyumpit inya. Kapanggih Pwah Rababu eukeur
mandi di Sanghiyang Talaga Candana.

Carék Rahiyang Sempakwaja, "Ti mana kéh, éta nu mandi?"

Éta diléléd sampingna ku sumpit. Beunang diléléd. Aya deungeunna Pwah Aksari
kalih, tuluy lalumpatan ka tegal. Pwah Rababu dicokot ku Rahiyang
Sempakwaja, dipirabi, dikasiahan na Pwah Rababu. Nya mana diseuweu, inya
Rahiyang Purbasora, Rahiyang Demunawan, dwaan sapilanceukan.

Ngareungeu tatabeuhan humung gumuruh tanpa parungon [21], tatabeuhan di
Galuh. Pulang ka Galuh teter nu ngigel.

Sadatang ka buruan ageung, carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, na
saha éta?"

"Béjana nu ngigel di buruan ageung."

"Éta bawa sinjang saparagi, iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita
keudeu-keudeu!"

Leumpang sang apatih ka buruan ageung, dibaan ka kadatwan na Pwah Rababu.
Dipirabi ku Rahiyangtang Mandiminyak, dirabi kasiahan na Pwah rababu.
Diseuweu patemuan, dingaranan Sang Salah.

Carék Rahiyang Sempakwaja, "Rababu leumpang! Ku siya bwatkeun budak éta ka
Rahiyangtang Mandiminyak. Anteurkeun patemuan siya Sang Salahtwah."

Leumpang Pwah Rababu ka Galuh.

"Aing dititah ku Rahiyang Sempakwaja mwatkeun budak éta, beunang siya
ngeudeu-ngeudeu aing téh."

Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Anak aing tu kita, Sang Salah."

Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, ku siya teundeun kana
jambangan. Bawa ka tegal!"

Dibawa ku sang apatih ka tegal, sapamungkur [22] sang apatih, ti tegal metu
ikang aprama [23] tog ka langit, kabireungeuh ku Rahiyangtang Mandiminyak.

"Sang Apatih, husir deui teundeun siya, budak ta!"

Dihusir ku sang apatih ka tegal, kasondong hirup. Dibaan ka hareupeun
Rahiyangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sénna.

Lawasniya ratu tujuh tahun. Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku Sang
Séna. Lawasniya ratu tujuh tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang Purbasora. Na
Sang Séna diintarkeun ka Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri.

Ageung [24] sakamantrian, lunga ka Rahiyangtang Kedul, ka Denuh [25], ménta
dibunikeun.

Carék Rahiyangtang Kedul, "Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya
kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu [26] siya?"

Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun
ku Rahiyang Purbasora."

"Lamun kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya aing. Moga
ulah meunang prangan; lamun siya ngalaga prang [27] ka kami. Ngan siya
leumpang maratkeun, husir Tohaan di Sunda."

Sadatang ka Tohaan di Sunda [28], tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda.
Ti inya ditinggalkeun, ngahusir Rabuyut Sawal. Carék Rabuyut Sawal, "Saha
siya?"

"Aing pun seuweu Sang Séna. Aing nanyakeun pustaka bawa Rabuyut Sawal.
Eusina ma ratuning bala sariwu; pakeun séda, pakeun sakti, paméré Sang Resi
Guru."

Dibikeun ku Rabuyut Sawal.

Ti inya pulang ka Galuh Rakéyan Jambri. Tuluy diprang deung Rahiyang
Purbasora. Paéh Rahiyang Purbasora.

Lawasniya ratu tujuh tahun. Disilihan ku Rakéyan Jambri, inya Rahiyang
Sanjaya.

Carék Rahiyang Sanjaya, "Sang Apatih, leumpang siya, nanya ka Batara
Dangiyang Guru ku piparintaheun urang inih!"

Sadatang sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiyang Guru, "Na naha
béja siya, Sang Apatih?"

"Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun [29], adi
Rahiyang Purbasora."

Hanteu dibikeun ku Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru,
"Rahiyang Sanjaya, leumpang nyandogé manéh. Éléhkeun Guruhaji Pagerwesi,
éléhkeun Guruhaji Mananggul, éléhkeun Guruhaji Tepus, éléhkeun Guruhaji
Balitar. Lunga Rahiyang Sanjaya; éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan. Nyandogé na kasaktian, kénana ta Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, hanteu kawisésa Dangiyang Guru. Mana
ingéléhkeun, inya sakti."

Rahiyang Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang. Éléh Rahiyang Sanjaya.
Digérékan, teka ring loh Kuningan [30], undur Rahiyang Sanjaya.

"Dara [31] aing para dinih, digérékan. Éléh [32] pun kami."

Ti inya pulang deui ka Galuh, Rahiyang Sanjaya.

Sang Wulan, Sang Tumanggal pulang deui ka Arilé. Rahiyang Sanjaya tuluy
marék ka Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang
Sanjaya, naha béja siya datang ka dinih?"

"Aya pun béja kami, pun kami dipiwarang, éléh pun kami, supén pun kami [33].
Kami meunang ku jadi, pun gumanti diboroan ku Sang Wulan, Sang Tumanggal,
Sang Pandawa ring Kuningan."

Pulang deui Rahiyang Sanjaya ka Galuh.

Carék Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang pandawa ring Kuningan, "Mawa
pisajieun leumpang ka Galunggung, widihan sajugala ma, palangka wulung,
munding satempahan [34], bras sapadangan."

Sateka siya ka Galunggung, mandeg ring Pakembangan. Kasondong ku
Pakembangan, majar ka Batara Dangiyang Guru. Carék Dangiyang Guru, "Naha
béja siya?"

"Pun Batara Dangiyang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di
Kuningan."

"Bagéa amat, siya datang ka dinih. Leumpang siya ka Galuh. Ala Rahiyang
Sanjaya, mangka mawa pisajieun; widihan sajugala ma, saha palangka wulung,
munding satémpahan [35], kawali wesi, bras sapadangan."

Sadatang siya ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya, "Naha béja siya,
Pakembangan?"

"Kami pun disuruh ku Dangiyang Guru. Rahiyang Sanjaya mangka nu sangkep mawa
pisajieun. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan."

Lunga Rahiyang Sanjaya. Téka ri hareupeun Dangiyang Guru, carék Batara
Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya! Lamun kawisésa ku siya Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, aing nurut carék siya. Ja beunang ku
aing kawisésa, turut carékéng! Ja aing wenang nuduh tan [36] katuduh. Ja
aing anak déwata."

Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan kawisésa ku Batara
Dangiyang Guru.

Sang Wulan dijieun Guruhaji Kajaron.

Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha.

Sang Puki jadi Guruhaji Pagerwesi.

Sang Manisri dijieun Buyuthadén Rahaséa [37], di Puntang.

Buyuthadén Tunjungputih di Kahuripan.

Buyuthadén Sumajajah di Pagajahan.

Buyuthadén Pasugihan di Batur.

Buyuthadén Padurungan di Lembuhuyu.

Buyuthadén Darongdong di Balaraja.

Buyuthadén Pagergunung di Muntur.

Buyuthadén Muladarma di Parahiyangan.

Buyuthadén Batutihang di Kuningan.Rahiyang Sanjaya kawekasan ring Medang.
Ratu ring Galuh, Sang Seuweukarma. Ikang ari ratu Galuh, mananem sarwijagih
Dadalem gawey puja, lilir désa, séwabakti ring Batara Upati.

Rahiyangtang Wéréh, maka siya dingaran Rahiyangtang Wéréh, masa siya tinggal
anak sapilanceukan.

Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran
Rahiyang Sempakwaja.

Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena kemir, ngaran mangadeg
Wikuraja.

Siya jadi Tohaan di Kuningan, anakna ditapa, tu siya seuweu Rahiyang
Sempakwaja.

Ujar Rahiyang Sanjaya, "Sama sanak ring aing aki! Lamun kitu ma karah. Ulah
anggeus narahan aing aki, sang apatih!"

Ujar sang apatih, "Mangka dapet deui urang nyayangan Sanghiyang Darmasiksa,
mulah mo déngé!"

Carékna patih kalih ka Rahiyang Sanjaya, "Lamun dék jaya prangrang, mangkat
ti Galuh!"

Prangrang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pwanala panulak sanjata.
Tuluy ka Kahuripan, diprangrang, éléh Kahuripan, na Rahiyangtang Wulukapeu
nungkul. Tuluy ka Kadul, diprangrang, éléh Rahiyang Supena, nungkul. Tuluy
ka Balitar [38], diprang, éléh sang ratu Bima.

Ti inya Rahiyang Sanjaya nyabrang ka désa Malayu. Diprang di Kemir, éléh
Rahiyangtang Gana. Diprang deui ka Keling, éléh Sang Sriwijaya. Diprangrang
ka Barus, éléh Ratu Jayadana. Diprang ka Cina, éléh Patih Sarikaladarma.

Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang.

Ndéh humeneng.


Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma di Arile, diheueumdeungna para patih;
gusti winekasan pangajaran kaparamartan.

"Nam urang marek, mawa tanggung ka Rahiyang Sanjaya. Mupu omas sakati,
gangsal (buhniya), bawaeun urang ka Rahiyang Sanjaya."

Ti inya diheueum deui di Galuh deu(ng) para patih kali(h).

"Nam, urang nyieun labur di jalan gedé pakeun nyungsung Sang Seuweukarma, ja
turut Rahiyangtang Kuku."

Sateka ka sisi(m)pang(an) ka Galuh deung ka Galunggung, disungsung,
disocaan.

Ujar Rahiyangtang Kuku, "Sang apatih, bawa kami marék ka Rahiyang Sanjaya.
Ornas sakati, gangsal boéhniya."

Ujar sang apatih, "Pun Tohaan! Hanteu dipilarang na omas na beusi ku
Rahiyang Sanjaya, hengan huripna urang réa dipilarang."

Andéh kahimengan Rabiyangtang Kuku, pulang deui ka Arile.

Diheueum deungna para patih kalih.

Ujar Rahiyangtang Kuku, "Na naha pakeun urang bakti ka Rahiyang Sanjaya?"

Sakitu ménakna, ini tangtu Rahiyang Sempakwaja.

Ndéh nihan ta ujar Rahiyangtang Kuku, lunga ka Arile, ngababakan na
Kuningan.

Kareungeu ku Rahiyangtang Kuku, inya Sang Seuweu­karma ngadeg di Kuningan,
seuweu Rahiyang Sempakwaja; ramarénana pamarta ngawong rat kabéh.

Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa. Ti Ke­Iing bakti ka
Rahiyangtang Kuku: Rahiyangtang Luda di Puntang. Rahiyangtang Wulukapeu di
Kahuripan. Rahiyangtang Supremana di Wiru. Rahiyang Isora di Jawa. Sang ratu
Bima di Bali. Di kulon di Tungtung Sunda nyabrang ka désa Malayu:
Rahiyangtang Gana ratu di Kemir. Sang Sriwijaya di Ma­layu. Sang Wisnujaya
di Barus. Sang Brahmasidi di Keling. Patihnira Sang Kandarma di Berawan.
Sang Mawulu-asu di Cimara-upatah. Sang Pancadana ratu Cina. Pahi kawisésa,
kena inya ku Rahiyangtang Kuku. Pahi ngadegkeun haji sang ma­nitih
Saunggalah. Pahi ku Sang Seuweukarma kawisésa, kena mikukuh tapak Dangiyang
Kuning.

Sangucap ta Rahiyang Sanjaya di Galuh, "Kumaha sang apatih, piparéntaheun
urang? Hanteu di urang dipikulakadang ku Rahiyangtang Kuku. Sang apatih,
leumpang, dugaan ku ki­ta ka Kuningan. Sugan urang dipajar koyo ilu dina
kariya, ja urang hanteu dibéré nyahoan, daék lunga."

Sang patih teka maring Kuningan, marék ka kadaton, umun [39] bakti ka
Rahiyangtang Kuku.

Ujar Rahiyangtang Kuku, "Deuh sang apatih, na naha na béja kita, mana kita
datang ka dinih?"

Ujar sang apatih, "Kami pun dititahan Rahiyangtang Sanjaya. Disuruh
ngadugaan ka dinih. Saha [40] nu diwastu dijieun ratu?"

Carék Rahiyangtang Kuku, "U sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku
na urang réa. Ngan ti Rahiyang Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang
deung hamo ka kami, ja bogoh maéhan kulakadang baraya. Ja aing ogé
disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang
Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini. Mana aing mo dijaheutan ku Rahiyang
Sanjaya."

Pulang deui sang apatih ka Galuh. Ditanya ku Rahiyang Sanjaya, "Aki, kumaha
carék Rahiyangtang Kuku ka urang?"

"Pun Rahiyang Sanjaya! Rahiyangtang Kuku teu meunang tapana. Mikukuh
Sanghiyang Darma kalawan Sanghiyang Siksa. Nurut talatah Sang Rumuhun,
ngawayangkeun awak carita. Boh kéh ku urang turut tanpa tingtimanana.
Biyaktakeun ku urang, ja urang sarwa kaputraan, urang deung [41] Tohaan pahi
anak déwata.

Ndéh inalap pustaka ku Rahiyang Sanjaya. Sadatang inungkab ikang pustaka.
Sabdana tangkarah,

"Ong awignam astu krétayugi balem raja kretayem rawanem sang tata dosamem,
sewa ca kali cab pratesora sang aparanya ratuning déwata sang adata adininig
ratu déwata sang sapta ratu na caturyuga."

"Dah umangen-angen ta Sang Resi Guru sidem magawéy Sang Kandiawan lawan Sang
Kandiawati. Mangkana manak Rahiyangtang Kulikuli,  Rahiyangtang Surawulan,
Rahiyangtang Pelesawi. Rahiyangtang Rawunglangit, kamiadi Sang
Wretikandayun. Sang Wretikandayun mangka manak Rahiyangtang Sempakwaja,
Rahiyangtang Mandiminyak. Rahitangtang Mandiminyak mangka manak Sang Séna,
Rahiyang Sang Séna mangka manak Rahiyang Sanjaya."


Bo geulisan Dobana bawa bahetra piting deupa, bukana bwatan sarwo sanjata.


"Urang ka nusa Demba!"

Data sira lunga balayar.

Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek mwatkeun Pwah Sang kari Pucanghaji
Tunjunghaji ditumpakkeun dina liman putih. Dék ngajangjang turut buruan;
momogana teka Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma ka nusa Demba, tuluy ka
kadatwan, calik tukangeun Sang Siwiragati.

Rahiyangtang Kuku dihusir ku liman putih, lumpat ka buruan mawa Pwah
Sangkari. Hanteu aya pulang deui ka kadatwan liman putih ta, bakti ka
Rahiyangtang Kuku.

Pulang deui Rahiyangtang Kuku ka Arile, dibawa na liman putih deung Pwah
Sangkari. Manguni:

"Naha hanteu omas saguri, sapetong, sapaha sapata-payan?" Tuluy ka Galuh ka
Rahiyang Sanjaya, hanteu sindang ka Arile. Dibawa na liman putih, dirungkup
ku lungsir putih tujuh kayu diwatang ku premata mas mirah komara hinten.

Datang siya ti désa Demba, tuluy ka kadatwan. Sateka Rahiyangtang Kuku ring
kadaton, mojar ka Rahiyang Sanjaya. naha suka mireungeuh liman putih.

Tanyana: "Mana?"

"Tuluy dipitutunggangan, diaseukeun Pwah Sangkari ka Rahiyang Sanjaya.
Sateka ring dalem hanteu pulang deui.

Dah Rahiyang Sanjaya: "Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung
bapangku, Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing ayeuna.
Ajeuna nu tangkarah:

"Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang Isora di wétan paralor Paraga
deung Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas Tohaan di Sunda."

Dah sedeng pulang Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile panteg hanca
di bwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah.

Mojar Rahiyang Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya Rahiyang
Tamperan: "Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna urang réya."

Lawasniya ratu salapan tahun,disiliban ku Rahiyang Tamperan.

Tembey Sang Resi Guru ngayuga taraju Jawadipa, taraju ma inya Gulunggung,
Jawa ma ti wétan.

Di pamana Sunda hana pandita sakti, ngaraniya Bagawat Sajalajala, pinejahan
tanpa dosa. Mangjanma inya Sang Manarah, anak Rahiyang Tamperan, dwa
sapilanceukan denung Rahiyang Banga.

Sang Manarah males hutang; Rahiyang Tamperan sinikep deneng anaknira. Ku
Sang Manarah dipanjara wesi na Rahiyang Tamperan.

Datang Rahiyang Banga, ceurik, teher mawakeun sekul kana panjara wesi,
kanyahoan ku Sang Manarah. Tuluy diprangrang deung Rahiyang Banga. Keuna
mukana Rahiyang Banga ku Sang Manarah.

Ti inya Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan.

Carék Jawana, Rahiyang Tamperan lawasniya adeg ratu tujuh tahun, kena twah
siya bogoh ngarusak nu ditapa, mana siya hanteu heubeul adeg ratu.

Sang Manarah, lawasniya adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na
agama.

Sang Manisri lawas adeg ratu geneppuluh tahun, kena isis di Sanghiyang
Siksa.

Sang Tariwulan lawasniya ratu tujuh tahun.

Sang Welengan lawasniya ratu tujuh tahun.Ndéh nihan tembey Sang Resi Guru
miseuweukeun Sang Haliwungan, inya Sang Susuktunggal nu munar na Pakwan
reujeung Sanghiyang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiyang Rancamaya.

Mijilna ti [42] Sanghiyang Rancamaya:

"Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang
banaspati."

Sang Susuktunggal inyana nu nyieunna palangka Sriman Sriwacana Sri Baduga
Maharajadiraja, ratu haji di Pakwan Pajajaran. Nu mikadatwan
Sri-bima-untarayana-madura-suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri
Ratudéwata.

Kawekasan Sang Susuktunggal, pawwatanna lemah suksi, lemah hadi, mangka
premana raja utama.

Lawasniya ratu saratus tahun.

Rahiyang Banga lawasnia ratu tujuh tahun, kena twah siya, mo makéyan agama
bener.

Rakéyanta ri Medang lawasniya adeg ratu tujuh tahun.

Rakéyanta Diwus lawasniya ratu opatlikur tahun.

Rakéyanta Wuwus lawasniya ratu tujuhpuluhdua tahun.

Sang lumahing Hujung Cariang, lawasniya ratu telu tahun, kaopatna panteg
kena salah twah, daék ngala éwé sama éwé.

Rakéyan Gendang lawaniya ratu telulikur tahun.

Déwa Sanghiyang lawasniya ratu tujuh tahun.

Prebu Sanghiyang lawasniya ratu sawelas tahun.

Prebu Ditiya Maharaja lawasniya ratu tujuh tahun.

Sang lumahing Winduraja lawasniya ratu telulikur tahun.

Sang lumahing Kreta lawasniya ratu salapanpuluhdua tahun, kena mikukuh na
twah rampés, turun na kretayuga.

Disiliban deui ku Sang lumahing Winduruja, teu heubeul adeg, lawasniya ratu
dalapanwelas tahun.

Disilihan deui ku Sang Rakéyan Darmasiksa, pangupatiyan Sanghiyang Wisnu,
inya nu nyieun sanghiyang binayapanti, nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang
rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan, tina parahiyangan.

Ti naha bagina?

Ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuh Sanghiyang Darma ngawakan
Sanghiyang Siksa.

Lawasniya ratu saratuslimapuluh tahun.

Manak Sang lumahing Taman lawasniya ratu genep tahun.

Manak deui Sang lumahing Tanjung, lawasnija ratu dalapan tahun.

Manak Sang lumahing Kikis, lawasniya ratu dwalikur tahun.

Sang lumahing Kiding, lawasniya ratu sapuluh tahun.

Manak Aki Kolot, lawasniya ratu sapuluh tahun.

Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku
kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung
dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di
Sunda. Pan prangrang di Majapahit.

Aya na seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana nu
surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma. Lawasniya ratu saratusopat tahun,
kena rampés na agama, kretajuga.

Tandang pa ompong jwa pon, kenana ratu  élé h ku satmata. Nurut nu ngasuh
Hiyang Bunisora, nu surup ka Gegeromas. Batara Guru di Jampang.

Sakitu nu diturut ku nu mawa lemahcai.

Batara Guru di Jampang ma, inya nu nyieun ruku Sanghiyang Pak é, basa nu
wastu dijieun ratu. Beunang nu pakabrata séwaka ka d éwata  [43]. Nu di tiru
ogé  paké  Sanghiyang Indra, ruku ta.

Sakitu, sugan aya nu d ék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang. Daé k él
éh ku satmata. Mana na kretajuga, él éh ku nu ngasuh.

Nya mana sang rama  énak mangan, sang resi é nak ngaresisasana, ngawakan na
purbatisti, purbajati. Sang disri énak masini ngawakan na manusasasana,
ngaduman alas pari-alas. Ku b éét hamo diukih, ku gedé hamo diukih.  Nya
mana sang Tarahan énak lalayaran ngawakan manu-rajasasana. Sanghiyang apah,
teja, bayu, akasa, sangbu énak-énak,ngalungguh di sanghiyang Jagatpalaka.
Ngawakan sanghiyang rajasasana, angadeg wiku énak di Sanghiyang Linggawesi,
brata siya puja tanpa lum. Sang wiku énak ngadéwasasana ngawakan Sanghiyang
Watang Ageung, énak ngadeg manu-raja-suniya.

Tohaan di Galuh, inya nu surup di Gunungtiga.  Lawasniya ratu tujuh tahun,
kena salah twah bogoh ka é stri larangan ti kaluaran.

Disilihan ku Prebu, naléndraputra premana, inya Ratu Jayadéwata, sang mwakta
ring Rancamaya, lawasniya ratu telupuluhsalapan tahun.

Purbatisti, purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal, musuh alit. Suka
kreta tang lor, kidul, kulon, wétan, kena kreta rasa.

Tan kreta ja lakibi dina urang r éya, ja loba di Sanghiyang Siksa.

Disilihan inya ku Prebu Surawis ésa, inya nu surup ka Padaré n, kasuran,
kadiran, kuwamén.

Prangrang limawelas kali hanteu  élé h, ngalakukeun bala sariwu.

Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah.  Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka
Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka
Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka
Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka
Panggoakan. Prangrang ka  Muntur. Prang rang ka Hanum. Prangrang ka
Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan.

Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di
bwana.

Lawasniya ratu opatwelas tahun.

Prebu Ratudé wata, inya nu surup ka Sawah-tampian-dalem. Lumaku ngarajaresi.
Tapa Pwah Susu.

Sumbé lé han niat tinja bresih suci wasah. Disunat ka tukangna, jati Sunda
teka.

Datang na bancana musuh ganal, tambuh sangkan é. Prangrang di burwan ageung.
Pejah Tohaan Saréndét deung Tohaan Ratu Sanghiyang.

Hana pandita sakti diruksak, pandita di Sumedeng. Sang panadita di Ciranjang
pinejahan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri
Iinabuhaken ring sagara.

Hana sang pandita sakti hanteu dosana. Munding Rahiyang ngaraniya
linabuhaken ring sagara tan keneng pati, hurip muwah, moksa tanpa tinggal
raga teka ring duniya. Sinaguhniya ngaraniya Hiyang Kalingan. Nya
iyatnajatna sang kawuri, haywa ta sira kabalik pupuasaan.

Samangkana ta pr écinta.

Prebu Ratudé wata, lawasniya ratu dalapan tahun, kasalapan panteg hanca dina
bwana.

Disilihan ku Sang Ratu Saksi Sang Mangabatan ring Tasik, inya nu surup ka
Péngpéléngan. Lawasniya ratu dalapan tahun, kenana ratu twahna kabancana ku
estri larangan ti kaluaran deung kana ambutéré. Mati-mati wong tanpa dosa,
ngarampas tanpa prégé, tan bakti ring wong-atuha [44], asampé ring sang
pandita.

Aja tinut d é sang kawuri, polah sang nata.

Mangkana Sang Prebu Ratu, carita inya.

Tohaan di Majaya alah prangrang, mangka tan nitih ring kadatwan. Nu ngibuda
Sanghiyang Panji, mahayu na kadatwan, dibalay manelah taman mihapitkeun dora
larangan. Nu migawe bale-bobot pituweJas jajar, tinulis pinarada warnana
cacaritaan.

Hanteu ta yuga dopara kasiksa tikang wong sajagat, kreta ngaraniya. Hanteu
nu ngayuga sanghara, kreta, kreta.

Dopara luha gumenti tang kali. Sang Nilak éndra wwat ika sangké  lamaniya
manggirang, lumekas madumdum cereng. Manganugraha weka, hatina nunda
wisayaniya, manurunaken pretapa, putu ri patiriyan. Cai tiningkalan nidra
wisaya ning baksa kilang.

Wong huma darpa mamangan, tan igar yan tan pepelakan [45]. Lawasniya ratu
kampa kalayan pangan, ta tan agama gayan kewaliya mamangan sadirasa nu surup
ka sangkan beunghar.

Lawasniya ratu genepwelas tahun.

Disilihan ku Nusiya Mulia. Lawasniya ratu sadewidasa [46], tembey datang na
prebeda. Bwana alit sumurup ring ganal, metu sanghara ti Selam.

Prang ka Rajagaluh,  élé h na Rajagaluh. Prang ka Kalapa, él éh na Kalapa.
Prang ka Pakwan, prang ka Galuh, prang ka Datar, prang ka Madiri, prang ka
Paté gé, prang ka Jawakapala, él éh na JawakapaJa. Prang ka Galé lang.
Nyabrang, prang ka Salajo, pahi él éh ku Selam.

Kitu, kawisé sa ku Demak deung ti Cirebon [47], pun.

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke