Ngiringan ah baraya,
sim kuring upami ningali asli urang baduy nu di  jero
pamegetna karasep garagah jago maepo sareng awewena
gareulis.

Dina nyatana jaman ayeuna urang sunda awewena kamashur
gareulis, sa nusantara, ieu ceuk nu tos ngalalana sa
nusantara.

Sanes agul da nyatana, buktos seueur urang wetan
milarian putri2 sunda ameh turunan karasep jeung
gareulis, sareng barodas kulitna.

Kasimpulan urang sunda nu ayeuna turunan asli urang
baduy nu tos baur kaluar. Puserna budaya urang sunda
oge aya ti urang baduy. 

Contoh nu alit budaya maenpo nu ka sohor di Amerika
geuning niron ti urang baduy. Dina budaya maenpo aya
tujuh nu gaib nu di igelkeun
dijaman karajaan sunda.
1. Cimande eta asli baduy nu di igelkeun ku Abah khair
2. Trumbu nu Banten
3. Benjang nu Bandung
4. Maung Gulung ieu tos mashur di jaman kerajaan sunda
5..Margaluyu.
6...
7.
Salajengna tambihan wae ku baraya maenpo pang kolotna
di jaman karajaan sunda nu di pikaresep ku urang wetan
( USA, Prancis, Eropa);
oge urang wetan2 nu di nusantara.

Simbul angka 7 gaib urang sunda, nu  tos di tarawang
ku para resi di eta  karajaan sunda nu hartina
nyimbulkeun ngaran sa poe jadi sa minggu (7).

Punten ngacapruk

cag ah
Kang Yana


--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kutan kitu ??
> Ke..ke... anu jelasmah, uyut si kuring mah urang
> Pekalongan, datang ka
> banjaran mung make cawet wungkul. Duka Pekalonganna
> palih manana, nu
> jelasmah hartosna sanes galur murni "urang sunda".
> Mung sakitu anu katampi informasi ka si kuringmah.
> 
> Teras mun numutkeun katerangan anu teu puguh, ciri-2
> turunan urang
> pajajaran asli mah nyaeta irungna rada jebrag, jeung
> telapak tanganna
> aya gurat anu disibut srigunting.
> 
> Baktos.
> 
> --- In [email protected], "Ramdan"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Kang Maman,
> > saur saha deuih Nabi Adam teh urang Arab..?
> > 
> > nu caket kana dugaan mah urang Sunda teh katurunan
> Nabi Nuh.
> > masih boa eta oge,
> > heu heu heu...
> > 
> > hapunten mung ngaramekeun.
> > 
> > salam
> > :-)
> > 
> > 
> >   ----- Original Message ----- 
> >   From: Kang Maman 
> >   To: [email protected] 
> >   Sent: Wednesday, October 24, 2007 10:48 AM
> >   Subject: Re: [kisunda] Asal-usul Urang Baduy
> > 
> > 
> >   Upami teu lepat kantos di dadar ku Mang Engkus
> yen
> >   asal muasal urang kanekes (alimeun disebut urang
> >   badwi, baduy), sanes turunan Nabi Adam anu di
> Arab,
> >   Asli urang sunda.
> >   Mung ku si kuring dipilarian dina karopak teu
> >   kapendak.
> > 
> >   Hapunten, mung sakadar ngaramekeun.
> > 
> >   Baktos
> >   mz
> > 
> >   --- Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> >   > Seratang kang Cecep nyindekkeun wirehna urang
> >   > Baduy teh sanes pelarian ti dayeuh Pajajaran,
> >   > ibukota karajaan Sunda, waktos Pajajaran
> dirurug ku
> >   > kasultanan Banten, tapi masarakat asli anu
> bumetah
> >   > di pagunungan Banten palih kidul. Kieu
> unggelna
> >   > seratan dina buku kang Cecep the:
> >   > 
> >   > Van Tricht, seorang dokter yang pernah
> melakukan
> >   > riset kesehatan pada tahun 1928, menyangkal
> teori
> >   > tersebut (teori yen urang Baduy asalna ti
> dayeuh
> >   > Pajajaran, red.). Menurut dia, orang Baduy
> adalah
> >   > penduduk asli daerah tersebut yang mempunyai
> daya
> >   > tolak kuat terhadap pengaruh luar (Garna,
> 1993b:
> >   > 146). Orang Baduy sendiri pun menolak jika
> dikatakan
> >   > bahwa mereka berasal dari orang-oraang
> pelarian dari
> >   > Pajajaran, ibu kota Kerajaan Sunda. Menurut
> >   > Danasasmita dan Djatisunda (1986: 4-5) orang
> Baduy
> >   > merupakan penduduk setempat yang dijadikan
> mandala'
> >   > (kawasan suci) secara resmi oleh raja, karena
> >   > penduduknya berkewajiban memelihara kabuyutan
> >   > (tempat pemujaan leluhur atau nenek moyang),
> bukan
> >   > agama Hindu atau Budha. Kebuyutan di daerah
> ini
> >   > dikenal dengan kabuyutan Jati Sunda atau
> 'Sunda
> >   > Asli' atau Sunda Wiwitan (wiwitann=asli, asal,
> >   > pokok, jati). Oleh karena itulah agama asli
> mereka
> >   > pun diberi nama Sunda Wiwitan. Raja yang
> menjadikan
> >   > wilayah Baduy sebagai mandala adalah Rakeyan
> >   > Darmasiksa.
> >   > 
> >   > Kunaon eta teori the logis numutkeun sim
> kuring?
> >   > Urang Pajajaran katingalina terbuka ka
> paradaban
> >   > dunya luar. Numutkeun Time Peres, Nagri Sunda
> (anu
> >   > puseurna di dayeuh Pajajaran) tos ngalakukeun
> >   > paniagaan sareng nagara-nagara sanesna. Produk
> lokal
> >   > ditukeurkeun kana barang-barang impor ti
> India,
> >   > China sareng nagara sanesna anu diangkut
> nganggo
> >   > parahu jung sareng lancara. Dina hal
> kaagamaan,
> >   > Sribaduga oge gaduh bojo ka saurang muslim.
> Sajabi
> >   > ti eta, Bujangga Manik sakitu adaptifna kana
> budaya
> >   > luar. Kitu deui Prabu Surawisesa (Mundinglaya)
> >   > sakitu motekarna dina hubungan internasional.
> Upami
> >   > ningali kanyataan eta, asa pamohalan upami
> urang
> >   > Baduy, anu tertutup ka dunya luar, ngarupikeun
> >   > turunan pelarian ti Pajajaran. 
> >   > 
> >   > Kirang langkungna, neda dihapunten.
> >   > 
> >   > 
> >   > Salam,
> >   > Asep
> >   > 
> >   > 
> >   > 
> >   > 
> >   >
> __________________________________________________
> >   > Do You Yahoo!?
> >   > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> >   > protection around 
> >   > http://mail.yahoo.com 
> >   > 
> >   > [Non-text portions of this message have been
> >   > removed]
> >   > 
> >   > 
> > 
> >  
> __________________________________________________
> >   Do You Yahoo!?
> >   Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> >   http://mail.yahoo.com 
> > 
> > 
> >    
> > 
> > [Non-text portions of this message have been
> removed]
> >
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke