Kahiji, sanes ari keur nambaan kurung batokeun teh nya tepang sareng 
anu kasebut inohong teh? Komo sareng inohong Sunda anu umumna 
darehdeh mah. Dalah anu sok kaceluk "angker" ge biasana ari tos 
ditepangan mah sok someah. Sakurang-kurangna, kitu anu kaalaman ku 
si kuring.

Ceuk sakaol, budaya Sunda mah, cenah, budaya silaturahmi. Alias, 
sangkan nanjeur, Urang Sunda kudu mindeng silaturahmi, boh pikeun 
nyambungkeun duduluran, atawa elmu panemu. Dua hal anu tiap urang 
Sunda saleresna ngabogaan dina porsina sewang-sewangan. Warisan tina 
budaya huma tea. Geuningan, anu kapendak dina babasan : "...paragi 
nyokot ninggalkeun".

Kaduana, anu bade sumping sanes anu numutkeun Kang Endang 
Tatan "para inohong" wungkul. Di milist seueur anu tos nyanggeman 
bade sumping. Oge abdi yakin, langkung seueur deui anu bade sumping 
anu teu kaburu maparin konfirmasi. Jalaran uleman eta pajemuhan teh 
disalabarkeun sanes ngalangkungan milist wae sareng sanes ka 
rengrengan, anu saur kang Endang Tatan, inohong tea. Kang Ganjar 
ngabewarakeun oge eta acara ka para mahasiswa Unpad anu aya patula-
patalina jeung jejer nu bade dipedar.

Naha kuring bet kapapanjangan urusan ieu? Taya lian kusabab teu pati 
panuju kana dikotomi "inohong" vs "nu lain inohong" upam hal eta 
jadi panghalang kana silaturahmi. Sok sanajan, ceuk cenah, dina 
harti sistem keur ngahargaan kana kaahlian mah hal eta perlu oge.

baktos, 
manAR
PS: kaos tiasa dicandak dinten Ahad anu bade songkap di rorompok. 
Kontak wae heula via sms sateuacanna, bisi kami keur luha-loho ka 
Gasibu. 

 



--- In [email protected], "Endang Tatan S" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturna mang Oman..
> muhun mang, abdi mah kurung batokeun sigana, eta ningali 
rengrengan anu
> bade sarumping teh para pini sepuh urang sunda wungkul..
> perkawis kaos teh Netty tea, ke we dinten saptu ku abdi di candak, 
abdi
> kedah kaman nyandakna...
>  
> tatan
>  
> >
> > Baktosna,
> > manAR
> >
> > Anu sanesna anu parantos dikontak
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED]
> <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  <urangsunda%
40yahoogroups.com>
> <mailto:
> > urangsunda%40yahoogroups.com>
> > , ".:: Ki Santa Rupa ::."
> > <jajaka_subang@> wrote:
> > >
> > > saleresna mah hayang ngiringan euy tapi nang jauh hehehe, tos 
lamu
> > > kuring teh ngabrowsing di youtube didinya milarian susugan aya
> > kacapi
> > > suling geuningan aya tah mu kukring kenging teh aya judulna 
ayun
> > > ambing , didinya aya namina kang diantn naha ieu teh kang dian
> > tresna
> > > nugraha nuju di jerman tea sanes nuhun, alamatna :
> > > http://youtube.com/watch?v=jV5LKAbEp7E
> <http://youtube.com/watch?v=jV5LKAbEp7E> 
> > <http://youtube.com/watch?v=jV5LKAbEp7E
> <http://youtube.com/watch?v=jV5LKAbEp7E> >
> > > --- In [EMAIL PROTECTED]
> <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  <urangsunda%
40yahoogroups.com>
> > <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> , "mj" <jamal@> wrote:
> > > >
> >
> > > >
> > > >
> > > > Hoyong pisan ka acara teh. Jaba can pernah tepung jeung kang 
Dian
> > > Nugraha.
> > > >
> > > > Tapi bentrok jeung ngawadul di kelas. Jam sakitu deuih.
> > Tinggalkeun bae
> > >
> >
> > --- End forwarded message ---
> >
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> >
> > 
> >
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke