Haturan Abah Joe, Soal jembatan selat Sunda, lembaga tempat sim kuring damel (Badan Geologi, http://www.bgl.esdm.go.id/) tangtos diajak ilubiung boh dina tataran mutuskeun dijieun henteuna (decission makin), ngararancangna (planning) atanapi prak-prakanana. Sabab, di wewengkon eta teh kaayaan geologina dinamis pisan.
Memang di daerah tektonik umumna bahaya nyieun jembatan, tapi, pangalaman urang Jepang, aranjeunna oge tiasa ngadamel torowongan (tunnel) atawa jembatan di daerah anu lain wae caket, tapi meh pagigir-gigir, jeung daerah anu bahaya. Insya Alloh, upami ditalungtik leres-leres, urang tiasa mendakan jalur anu aman. Namung, dugi ka danget ieu asana kaputusan nyieun JSS teh teu acan final. Keur ngaronjatkeun lalulintas Jawa - Sumatera, sim kuring sorangan leuwih satuju angkutan laut anu dibenerkeun manajemenna: dilobaan armadana jeung ditingkatkeun pelayanana. Ari anu jadi marga, JSS tangtu mahal pisan. Oge, resiko keuna ku gempa atawa tsunami aya wae. Sakitu heula ti sim kuring. Hapunten telat ngawalonana. baktosna, manAR On 10/18/07, Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Mama ManAr, > > Ied Mubarak ka anjeun sareng sadayana dulur-dulur di Kisunda. > > Sim kuring bade tumaros, eta soal JSS naha Dinas Vulkanogi anu ducepeng ku > anjeun ngiring ulubiung sareng Proyek ieu ?? > > Eta we pedah kinten-kinten sasaih kapengker aya lini cena hmah meh angka 9 > Richter teu tebih ti pasisir Bengkulu. > > Wassalam, > Abah Joe > ` > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
