Yayan Mulyana
[EMAIL PROTECTED]
http://yayanm.wordpress.com
Ngaprak Leuweung Kiara Payung
Di jalan bebas hambatan atawa ceuk basa kérénna mah Jalan Tol, bus
téh pinuh pisan ku nu numpakan malahan mah nu nangtung aya kanu sapuluahn sok
komo nu dieuk di tukangeun uing aya ngajajar genepan.
Kusabab pinuh kitu, ayeuna mah jajaran tempat uing téh rapet pisan
malihan mah diuk téh geus teu ngeunaheun deui sabab di harepun uing aya nu
nangtung oge. Bari ngagerentes teh ach kajeun weh paling ge duapuluh menitan
nepi ka Cileunyi téh.
Bari nanya ka Ki Dudi, baraha nya nawur ongkos ti Padalarang ka
Cileunyi teh !, paling kanu lima rebuan ?, ohh ceuk uing bari
unggeuk-unggeukan. Teu lila geus nepi ka Cileunyi kuring turun heula tapi sabab
beser hayang kacai heula. Nya ningan si cai téh tiis kieu, matak nyeuleuceup
kanu beungeut sok komo basa beungeut dikumbah teh. Basa nawur téh kanu jagana
Sabaraha neng ?, Sarebu kang, bari ngaluarkeun dompet téh, wah mun nawur
ngangge KTP tiasa teu sbab teu aya artos neng, nu jagana rada nyerengeh. Laju
weh bari ngasongkuen uit teh kuring mangkat ka tempat na Ki Dudi nanggoan.
Mun teu salah mah mun deuk ka Jatinangor téh kudu naeh angkot nu
nomorna opat, nya geuning geus loba nu ngetem teh katingali nu numpakan na téh
masih keneh aya liman kaasup urang duaan. Kusabab hawa na geus rada panas aya
meureun duapuluh menitan mobil téh ngetem-na. Jeung rada keuheul teh uing
nyeuleutuk Tarik Jabrig. Ari si supir mah keukeuh weh dont waro tea.
Sanggeus kitu mobil rada maju saeutik bari nungguan panumpanh hiji
deui, deuh tinggal hiji deui ge masih keneh maju na lila amat, ceuk uing
ngagurutu. Tungtungna mah mobil teh maju ningan. Teu jauh kitu geus katingali
di belah kenca katingali Kampus tempatna barudak nu disiksa tea nu kawentar
sa-Jagad.
Laju weh uing duaan turun di harepeun DAMRI bari nawur opat rebu
duaan. Bari culak-cileuk uing neangan eta. Ari Ki Dudi mah neangan batre keur
kamera laju weh asup ka supermarket. Laju weh neangan eta na ka JATOS sugan aya
bari nanya ka sakadang satam téh, Kang ari eta didieu palih mananya, oh di
bawah,disana kan ada jalan lurus ajah terus sebelah kiri !. Bari nyeuleutuk di
hate téh Jirrr geus mamalayuan ning didieu ge.
Teu lila sanggeus kaluar neangkeun eta kuring ngomong ka Ki Dudi,
heuheu sarua euy jiga di lembur uing kieu Eta handpone nya jangan di coo
entar rusak, laju weh bari nyeuleutuk deui rada tarik Awas air nya jangan di
coo bisi ngeyeumbeu, ari Ki Dudi mah nyerengeh weh da apaleun.
Laju weh leumpang duaan ka POOL DAMRI deui tapi rada nyimpang ka
Wartel nelepon adi nu awewe nu sakola di Unpad. Sanggeus nelpon laju weh rada
Social Engineering heula ka tukang wartel teh. Kang ari ka Kiara Payung
teubih teu , wah teubih A naek Ojeg weh, baraha kilo kitu kang , mun naek
Ojeg baraha, aya mereun tujuh kiloan, mayar tujuh rebu weh Kang. Laju weh
ngadeukeutan deui Ki Dudi.
Satadinamah mun jarakna aya dua kiloan mah urang ngaprak weh, da
geus lila tara leuleumpangan jauh deui di Bogor. Tapi ari ningali kitu mah
jeung deui naawur ojeg téh teu awis pisan ningan naek ojeg. Untung weh mangkat
ka Jatinangor téh teu jam sabelas peuting coba mun duaan geus nepi kadieu
culak-cileuk jeung deui basa mimiti asup ka arah nu ka Kiara Payung numpak Ojeg
téh masih keneh rada leuweung cocok pisan keur niis mah.
Teu lila tukang ojeg nanyekeun eureun dimana, cenah di Aula Kiara
Payung kang. Si tukang ojeg rada ngaheuleung laju weh ceuk nu hiji deui mah
jigana di Lemdik téa. Teu lila geus nepi ka Aula téh tapi rada himeung teu apal
sabab can aya keneh nu katingali umbul-umbul HBH téh. Tapi antukna mah kaluhur
weh ka Alun-alun. Geus kasaprak Kang Badru, Kang Irfan, Kang Jaja, Kang Haji di
wisma téh. Laju reureuh heula keudeung da acara HBH téh lila keneh.
Sabab teu bisa cicing, antukna ngaprak weh sorangan bari teu make
sendal. Da pas keur eté the panas panon poé rada haneut. Kuring mah
leuleupangan hayang ningali kayaan Kiara Payung ieu mimiti mah leumpang ka
tempat upacara jigana mah jeung diluhurna aya towe nu ngahiji jeung lapang meng
ball.
Di tempat éta katingali pisan Jatinangor téh da luhur pisan, laju
weh katingali aya nu keur diajar momotoran make motor bebek ngurilingan
lapangan. Aya deui nu keur ngebon jeung barudak sakola nu laleumpang.
Sanggeus kitu lelempangan deui ka nu leuwih luhur sok komo suku téh
karasa panas da nyeker. Katingali di luhur kawas aya nu keur meulak tutuwuhan.
Sok sanajan di luhur jeung jarakna lumayan jauh jeung deui nanjak na rada
ngahegak, antukna ku rada panasaran leuleumpangan weh ka arah dinya.
Aya kanu lima welas menitan ti tempat lapangan, kuring geus nepi ka
tempat tutuwuhan eta. Didinya geus aya nu keur melak kawas tutuwan teuing naon
ngaranna. Ari kuring mah rada ngiuhan weh di tempat anu rada tiis, sabab didieu
mah unggal tempat mun teu salah sakilo meteran aya tempat keur ngiuhan. Sok
komo terasna make teheul. Bari reureuh ge nyeuneut udud heula bari
ngareurehkeun kacape.
Cag Ach
3 November 2007, Kostan Dudi
---------------------------------
Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/