--- In [EMAIL PROTECTED], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Wilujeng ka Kang Yaya...!
Upama P. Jawa jadi ukuran keur Indonesia, jeung upama Bandung jeung
Jakarta jadi ukuran keur P. Jawa, dunya iptek (elmu pangaweruh jeung
teknologi) ngeunaan herbal jero 10 poe katompernakeun beunang
disebutkeun 10 poe bogana kang Yaya. Enya herbal atawa farmakologi
atawa obat-obatan anu bahan bakuna tina tutuwuhan tea. Ti mimiti
tanggal 29 Oktober 2007 nepi ka pageto, kaping 9 November 2007
jadual biantara paelmuan kang Yaya dina bab eta kacida pinuhna.
1. Soantenna tangka Peura
Anu kuring nyatet wae, dumasar tina e-mail, website, ngilikan
spanduk, jeung ngobrol langsung tadi isuk-isuk jeung anjeunna (Kang
Yaya), aya 6 forum paelmuan ngeunaan herbal diantara Bandung -
Jakarta anu kang Yaya jadi biantara utamana. Dimimitian ku panyatur
utama dina simposium internasional tanaman obat anu dicandolian ku
ITB, kaping 29 Okt - 3 Nov 2007, laju ditema ku panyatur utama dina
seminar anu sawanda di Itenas (uleman pangulinan Mj), kaping 5
Januari 2007, laju di Fak. Kedokteran Gigi, UI. Saterusna, memeh
anjeunna mulang ka Korea, 10 Nov 2007 kang Yaya masih gaduh dua
jadual biantara utama di Unpad sareng di IPB.
Kaparengkeun tadi isuk-isuk kuring bisa manggihan anjeunna dina
acara pertikahan alona, neng Vivian, di Bale Endah, Bandung. Ngahaja
hadir nepungan, nohonan pangulem langsung anjeunna jeung, panasaran
wae, dumeh anjeunna nyebatkeun rek pakaulan, ngahaleuang kawih Sunda
dina eta acara jatukrami. Saba'da tepung, nalika acara keur nincak
seserahan calon panganten pameget ka kulawarga panganten isteri,
pangangguran si kuring naros kang Yaya: "Cios ngahaleuang teh,
Kang?". Anjeunna ngawaler ku soanten nu peura:" Moal kang, sora
kuring geus peure, beakeun ku ceramah dimana-mana".
2. "Edible Medicinal Plan"
Dina hiji kasempetan si kuring ngobrol sareng anjeunna via chatting,
ngeunaan naon deui ari lain bab herbal mah, anjeunna muka carita,
yen tutuwuhan herbal di Tatar Sunda leuwih onjoy tinimbang di
wewengkon atawa seler lianna. Di Tatar Sunda, lain herbal wae anu
bisa dimekarkeun teh. Tatar Sunda ngabogaan kaunggulan dina lebah
dieu, nyaeta naon anu disebut "edibel medicinal plant". "Naon kang
sakadang 'edible..' teh?", si kuring nanya da bubuhan bener-bener
teu paham maksudna.
Anjeunna dereded ngawalonan bangun daria:"Sacara singget kieu: lamun
urang nitenan herbal model jajamuan, tah pan umumna bangsa jajamuan
mah apan teu raos dituangna. Pait, sakapeung nepi ka molelel. Tah
ari di Tatar Sunda, justru sabalikna, keur mah boga fungsi
pengobatan teh, oge raos dituangna. Kitu pasifatan tutuwuhan obat-
obatan di Tatar Sunda mah. Tah anu kitu teh nya anu disebut
si 'edible medicinal plants' tea.
"Euh kaharti atuh ana kitu mah", kuring ngagerentes jero hate. Bari
jeung ngabayangkeun beuleum peuteuy jeung lalab-lalaban kayaning
antanan, poh-pohan, boros kunci, jrrd, anu matak pedo diteda jeung
sambel katut beuleum peda. Nambahan deui elmu teh sanggeus ngobrol
jeung ahlina mah.
Jadi, di Tatar Sunda, lian ti beunghar ku herbal model temulawak,
godobos, jinten, sambiloto, jrrd anu mangrupa jamu (kusabab pait
lamun didahar kitu wae), oga beunghar ku tutuwuhan anu kaasup
juragan 'edible'. Ngan hanjakal, ieu kabeungharan teh can pati
dipikawanoh, utamana ku rengrengan pangagung di pamarentahan, oge
rengrengan usahawan, oge umumna masyarakat.
Pakait jeung kabeungharan alam ieu, aya anu matak sedih. Eta,
masyarakat urang anu baheula malah nepi ka sababaraha dekade akhir-
akhir ieu masih ngabiasakeun nuang rupa-rupa tutuwuhan anu
khasiatna - ayeuna diantarana ku kang Yaya - keur terus ditalungtik
tur dimekarkeun, bet jadi siga poho kana tatali paranti. Teu saeutik
Urang Sunda atawa masyarakat Indonesia umumna anu leuwih hobby kana
katuangan model fast food tinimbang sang edible ieu (tutuwuhan anu
boga fungsi nyegah panyakit tur raos dituangna).
3. Modal Dasar keur Kaunggulan Jabar?
Nengetan kana karya-karya Kang Yaya (oge pakar nu lianna sapertos
kang Dr. Unus Suriawiria ti Biologi, ITB) jeung kamekaran iptek
widang herbal, asana teu kaasup telat upama Jabar ngajadikeun
industri herbal salaku kaunggulan widang ekonomi, sosial tur budaya
masyarakatna. Kari daekna, rarancangna, oge ngadalikeun prak-
prakanana. Kumaha carana?
Anu kapikiran, pikiran saheulaanan anu sifatna mancawura alias
sakainget diantarana kieu: nyaruakeun heula pamahaman, minimal di
rengrengangan anu nangtukeun kawijakan. Kukituna, insan-insan model
kang Yaya ieu geus sakuduna dirandeh, diaku jeung dipangku
dipernahkeun keur ngamajukeun ieu potensi kaunggulan nu dimaksud.
Keur komunikasi, teu kudu jadi halangan, da ayeuna mah jaman
komunikasi alam maya tea. Internet bisa jadi rawayan anu kuat.
Saterusna, nya mimiti ngadata pepelakan herbal atawa sang "edible
medicinal plant" urang. Ieu perlu, sabab, pangaweruh ngeunaan
pepelakan atawa tutuwuhan edible medicinal plants teh teu sdaeutik
anu masih aya di jero masyarakat, alias local wisdom tea. Laju,
hasilna, dipasrahkeun ka para ahli pikeun ditalungtik jeung
dimekarkeun nyoko kana manfaatna, boh keur kasehatanana oge keur
ekonomina (ngusahakeunanana).
Sawatara eta, Pamarentah geus bisa mimiti nabeuh (promosi)
ngaliwatan media naon wae, bor radiona, tv-na, surat kabarna, nepi
ka internet, keur ngabudayakeun urang sunda rajin ngonsumsi edible
medicinal plant oge herbal (anu geus meunang nalungtik manfaatna).
Lamun geus ditabeuh ku pangagung mah, umumna rahayat loba mah
sok "pipilueun".
Upamana wae, Pamarentah bisa mere insentif ka pengusaha kecil anu
usahana dina widang herbal atawa edible medicinal plant. Pamarentah
bisa nyewakeun alat mroses sari jambu tina buah jambu batu, upamana,
lengkep jeung kios atawa lomari keur etalase jualanana. Apan sakitu
manfaatna buah jambu teh. Tah, targetkeun wae hal anu sarupa kitu di
satiap kacamatan aya sabaraha hiji, jeung keur sabaraha jenis/rupa
tanaman obat atawa edible medicinal plant, oge sasaran keur nyegah
panyakit anu biasa keuna ka masyarakatna geus ditangtukeun.
Khusus soal "edible" panto usahana muka pisan. Tutuwuhan sarupa kitu
bisa diolah bari digabungkeun jeung usaha kuliner anu ayeuna keur
top markotop di Bandung jeung sabudeureunana mah (Bandung kawentar,
pangjug-jugan wisata kuliner ti sakuliah Indonesia, komo ti Jakarta
mah da bubuhan deukeut). Sugan wae ka hareup mah geus biasa urang
manggihan warung sangu kalayan menu antipikun (pedah dijerona dijual
lalab antanan), upamana; atawa, warung sangu plus menu pemutih alami
(da wta warung sangu ngajual lalab boros kunci), jst.
--------
Cag heula. Sugan pareng ka payun urang teruskeun deui.
Wilujeng angkat kang Yaya, bilih teu tepang deui dugi ka Juma'ah
abd. Beurat satemenna mah ngalepaskeun kang Yaya balik deui
ka "pangkonan" urang Korea teh. Tapi, dalah dikumaha, da baheula
indit ka Koreana oge satengah nyeri hate. Nyeri hate elmu panemuna
teu diajenan cenah di Indonesia mah (baheula kang, kitu soteh,
ayeuna jeung ka hareup mah Insya Alloh geura. pamugi wae).
baktosna,
manAR
--- End forwarded message ---
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/