Kang Edy nuhun pisan kana pedaran sual HAKANEUN,sae
pisan,iraha nusanesna?
--- Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> 
> HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (4)
> 
> V.  NYALIKSIK CARA NYAMPURNAKEUN HAKANEUN 
> 
> Sang rahmatan lil alamin masihan conto yen lamun rek
> dahar kudu maca do’a nu intina neneda supados
> kenging berkah tina rijki nu geus katarima jeung
> nyuhunkeun ka Allah diraksa tina siksa naraka –
> allahumma baariklana fiima razaqtana wa qiina
> adzabannar (Hr. ibnu as Sani). 
> 
> Tuluy….
> 
> Saatos tuang mantena mah sok nganuhunkeun kana
> tuangeun nu tos kateda ku muji ka Allah bari neneda
> supaya janten nu sumerah diri (muslimin) –
> Alhamdulillailladzi athamanaa wa saqaanaa wa jaalana
> muslimin- (hr abu daud). Do’a nu ngandung siloka
> prawira sasmita nu agung tur luhung.
> 
> Ngan nyaeta….
> 
> baheula mah keur budak dipapatahan do’a memeh
> dahar teh rada teu kiyeng…da cekeng teh…ih na
> rek dahar wae menta diraksa ti naraka, jauh jauh
> teuing, ------     pan saur Pa Ustad teh siksa
> naraka mah engke lamun geus paeh dikubur ... da jadi
> teu nikmat keur rek dahar ge inget naraka
> mah…..he..he.
> 
> Doa saenggeusna  ge na jauh-jauh teuing lain
> nyuhunkeun kuat/nyuhunkeun sehat jeung dibere deui
> nu ngeunah…ieu mah kalahka neneda hoyong sumerah
> diri. Lantaran asa can pati perlu uing mah keur
> budak tara maca eta do’a cukup maca bismillah we
> eta ge ari inget…
> 
> Untungna…ngaapi lainkeun teh teu
> katutuluyan….kagedenakeun…..
> 
> Dilembur kaajarkeun do’ana urang sunda kampung
> (katambahan pangaruh Islam) lamun rek dahar. Asalna
> mah boga pangalaman teu pira--- waktu can dahar
> leuleus teu nangan ari geus dahar nepika seubeuh
> lain seger malah leuleus  oge teu nangan…cenah
> ceuk kolot mah teluh kejo…he..he… penjelasan
> heureuy nu ninggang di enya.  Nya tuluy we diajar
> ngapresiasi/meuli eta do’a,  Kieu do’ana:
> 
> Bismillahirrahmanirrahiim
> Pohaci sarining dat pohaci sarining puji
> Dat kumpuling hurip sampurna
> Sampurna kang nangan kang pinangan
> Allahumma sir sadana sir sadani
> Iman mafruting dat
> 
> Maksudna kieu 
> (hakaneun) teh aci-aci sari tina dat, (hakaneun) teh
> aci-aci (apal ari aci bijil ti naon??) sari tina
> puji (hasil jieunan kerah kerih). Dat (dina kuburan
> beuteung) (mangrupa) kumpulan (tina rupa rupa
> hakaneun nu asup kana beuteung) (nu sing) hurip
> (sing) sampurna. Sampurna daya jeung upayana (ulah
> jadi panyakit jadi siksaaan kana awak jrrd). 
> Ya Allah…. nu masihan sir  warna warni (sadana
> sadani) (tingali legenda pare sri sadana sri sadani)
> (tina ieu hakaneun) (mugi) Iman (caang / uteuk/hate/
> kayakinan ) ngontrol/ngawasa dat (sabab sir na
> nurut/sumerah/muslim).  
> 
> Ari sir bijil ti rasa, rasa asal tina sukma/ jiwa 
> sasatoan/tutuwuhan kadaharan nu dihakan –nu asup
> kana awak. pan di Islam mah teu meunang ngadahar
> bangke??)
> 
> Ti do’a diluhur tangtu katengetan yen:
> 
> Do’a ti kangjeng Nabi (hadis) jeung do’a  urang
> sunda kampung  teh nyatana sarua/sajiwa. Bedana nu
> hiji mah leuwih analitik. Do’a urang kampung bisa
> leuwih ngajelaskeun naon margina Ieu Tedak Quraysh
> panutan kaom muslimin teh ngadu’ana kitu memeh
> tuang sareng saparantosna. 
> 
> Gening anjeuna masihan bimbingan yen hakaneun teh
> kudu –diprogram- ku do’a itikad niat jelema
> supaya hakaneun nu asupna alus (bismillah) dijero
> beuteungna ge alus teu jadi siksa (naraka) kanu
> ngadaharna. Jeung saenggeusna supaya eta kabeh
> roh-roh/karakter/sifat hakaneun teh nurut (da
> sumerah/muslmin) tea. Nurut didieu tong waka jauh
> jauh ka Allah….tapi sing kudu nurut ka jelema
> (katut sistem di jero awak) nu ngahakanna. Ulah
> ngalaman ka teluh ku kejo.
> 
> Matak engke lamun puasa –ngawarah asal da
> baheulana ge jelema mah teu barang dahar, daekna ge
> dipaksa/diolo ku indungna tapi tuluy deudeuieun-
> hakaneun gampang diatur supaya nurut - can waktuna
> (can buka) mah teu kudu roh sato (hayam, misalna) nu
> geus aya di jero awak…. panggih jeung baturna nu
> tiluar awak....gancang nurut da ti samemehna
> diprogram yen hakaneun teh kudu muslimin/sumerah
> kanu diibadahana nyatana jelemana….jst..jst…jst
> 
> Eta maksud kabeh saayeunaeun waktu jelema masih
> kakubur ku beuteungna sorangan… nu oge kudu
> salilana bisa dipake ibadah ka Allah…. Sok komo
> engke utamana diahir ninggalkeun alam dunya…..
> 
> Dina ulikan satuluyna (tingali bagian - medar rasa
> jati nu jadi lebaran tangtung-) …eta kajadian sing
> bisa disalikisik…keur nyiapkeun jelema
> nyanghareupan kakubur ku beuteung dunya (liang
> lahat)….supaya bisa leupas ti kuburan
> dunya…..kumaha supaya awak-awakan nu asalna tina
> roh sasatoan jeung tutuwuhan teh bisa terus nurut
> kana kahayang nu makena (jelema)…supaya teu jadi
> hahalang/hijab…pakeun madep ka Allah ….nu
> engkena supaya teu jadi antara barzakh dina mulih ka
> jati mulang ka asal…
> 
> …. pan kongas nu laluhung mah bisa masihkeun jiwa
> ragana dina waktuna kalayan ikhlas kalawan ragana
> langsung disanggakeun (dismpurnakeun) ka nu Maha
> suci (tilem).
> 
> …pan sasatoan tutuwuhan kabeh ge kawit ti
> Allah..cik kumaha mulang tarima ka hakaneun nu geus
> mantuan hirup….supaya teu kaasup nu teu bisa
> mulang tarima kana kahadean nu nyaah ka sorangan…
> nu sasatna sato tutuwuhan nu siga teu pira ????
> jeung supaya eta hakaneun teh teu jadi kuburan urang
> salilana ?? geus bisa ngajak sampurna ??
> 
> Mun acan …..tingal tanya ka sorangan…geus
> sabaraha jauh ngulik agama jeung kasundaan??
> 
> Cag
> 
> =====
> Kang Jaka, oge kawargian nu sanesna….pangapunten
> bagian teknik sareng metoda salajengna ku sim abdi
> teu dikintunkeun ka kisunda/urang sunda katimbang
> seueur teuing jargon-jargon nu ngan akrab kanu sok
> resep janten partisipan observer. Eusina seueur nu
> kedah ditambihan deui ku cara masihan penjelasan
> definisi-definisi dasarna supados nu ngaos janten sa
> alam. Mugia sadayana kapasihan rahmat sareng
> berkahna Allah swt.
> ====
> 
> Baktosna
> Eddy Nugraha
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke