Kamari mireng wartos di salah sahiji stasiun televisi,
Menkominfo, "mencanangkan" taun 2009. internet tiasa
diakses dugika pelosok desa. utamina mah nyaeta,
kanggo alat dina ngamajukeun widang pendidikan. Kumaha
prak-prakanana, eta mah instansi terkait anu
gaduhpancen anu langkung paos.

Jadi emut, jaman taun 1985. Dina salah sahiji seminar
ISKI (Ikatan sarjan komunikasi Indonesia) di Semarang,
Prof.Dr.Ing Iskandar Alisyahbana, medarkeun
gagasanana, "ngimpi" aya alat komunikasi anu nepi ka
"pelosok" desa, nyaeta surat elektronik. Harita mah
ngan nepi ka sawates surat elektronik, can nepi ka
gambar jeung sora (Audio visual).

Harita mah (1985) anu nuju janten bahan perdebatan the
nyaeta, perkawis siaran televisi anu ngangge dekoder
tea. Aya isitlah anu populer, nyaeta “Blank Spot”,
hiji wewengkon anu teu tiasa nangkep siaran televisi
kumargi, aya hambatan geografis. Harita oge nuju rame
nyaeta kumaha nahan frekuensi hiji siaran televisi. Ku
cara make alat khusus, eta siaran tiasa katangkep.
Rame-rame siaran nangkep televisi ngangge dekoder.
Tapi sistem ieu ngandung kalemahan pikeun pamasang
iklan, saba anu lalajo iklan jadi terbatas, padahal
prinsip iklan mah pan, beuki loba anu lalajo, beuki
loba anu rek meuli produk anu diiklankeun. Ahirna,
sistem dekoder ieu ditutup.Katingali pisan dina kasus
ieu, anu “boga duit” kawasa nyieun aturan keur
kapentingan publik. Tapi da jaman harita mah, nu jiga
kitu teh dianggapna bener wae.

Ku ayana kawijakan ti Menkominfo di luhur, jigana para
pangawasa nagara beuki sadar, pentingna ngalayanan
publik, anu jadi salah sahiji tugas nagara. Lain
ngalayanan “segelintir” jalma anu “mengatasnamakan”
publik.


baktos,

mrachmat Uidipura


--- agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> sampurasun,...
>   teknologi adalah alat.
>   bisa jadi manfaat atau bisa jadi bencana.
>   peryogi di pilarian sistem nu tiasa langkung
> mendukung ieu perkembangan milist disesuaikan dengan
> perkembangan teknologi,... supados urang
> berkomunikasi lebih nyaman, aman dan
> menyenangkan,....
>   sunda nuju bade muncul,... pami teknologi
> informasi ieu teu dijadikeun media pendukung,..
> cigana sahebat2na sunda, moal tiasa merambah ka
> mancanegara,... kurung batokeun weh di lingkungan
> sorangan,...
>   pami aya diantara dulur2 nu expert tentang peta
> teknologi informasi global,... dihaturanan
> memberikan solusi system naon nu tiasa dianggo ku
> urang2,... supados ieu milist tiasa langkung
> eksis,....
>   sakitu, hatur nuhun,...
>   rampesss
>   =roche=
>   




      
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut!  Let your teams follow you 
with Yahoo Mobile. Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke