ke heula mang maya, aya nu rada ngeleketek yeuh. asa karek ngadenge aya
paribasa "pindah cai, pindah pileumpangan", nu hartina majar butut deuih.
asana nu pernah kuring nyeueung mah, paribasa "pindah cai, pindah tampian",
nu hartina malah hade pisan, hartinan bisa nyaluyukeun jeung kaayan
lingkungan anyar kalawan sukses. (mh)
On 1/10/08, AmanK Maya Suara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mapag Taun Hijrah...
> Ku : Mang Maya.
>
> Saban taun nanggalan 1 hijriah geus mindeng kapanggih, tanggal hiji
> deui...tanggal hiji deui.... sanajan cek tadi waktu mah teu bisa dibalikan
> deui...tanggal hiji hijriah ayeuna, beda jeung tanggal hiji hijriah taun
> kamari. Tong boro kitu detik jeung menit anu ayeuna keur kalampahan ku urang
> pasti moal kalampahan jeung moal bisa disaruakeun kana detik menit anu
> kaliwat poe kamari komo taun kamari.
> Kukituna munasabah lamun urang seug reureuh sakeudeung ngaragap jeung
> ngarampa diri kana lalakon jeung lalampahan anu geus kaliwat (nginjeum basa
> urang arab mah cenah : "muhasabah"), nyaliksik tur nalek diri geus tepi
> kamana jeung kumaha tepi poe ieu teh...katut "rek kumaha" nantukeun lampah
> poe isuk?. Patalekan anu bisa ditujukeun ka diri minangka pribadi sajati anu
> mandiri, boh patalekan anu bisa ditujukeun kana beungkeutan diri-diri anu
> boga pamaksudan jeung pangharepan sarua, dina conto ieu misalna : KUSNET
> .... saha kusnet? timana? rek kamana? keur kumaha? rek kumaha? ....
> Hijrah, conto ti nabi anu kacida pinuh ku ajen jeung wiwaha. kecap
> "pindah" anu mibanda harti kacida legana tur dina harti anu alus (hade).
> Kade di urang sunda aya paribasa anu goreng hartina nyaeta : "pindah cai,
> pindah pileumpangan"...(ieu paribasa biasana keur nuduhkeun kalakuan
> goreng)... tah hijrah anu dimaksud ku nabi mah jauh tina harti "pindah cai,
> pindah pileumpangan"
hijrah anu bener di contokeun ku nabi lain hijrah anu
> pindah bari mohokeun sajatina diri...lain pindah anu ninggalekun sajatina
> diri.... tapi pindahna nabi pindahna jelma nu apal kana dirina
pindahna
> nabi pindana jelma anu angger dina tatapakan dirina
.
> Lain pindah cai pindah pileumpangan, sabab anu kieu pindahna jelma anu
> geus mopohokeun ka dirina anu sajati, pindahna jelma anu poekeun. Nginjeum
> istilah kang Gibson : "Tidak menjadi diri sendiri, bahkan tidak sadar kalo
> dirinya menjadi orang lain"
>
> ARE YOU READY kanggo HIJRAH ???
>
> Maya Suara.
> www.salakadomas.multiply.com
> www.mayasuara.blogspot.com
> www.kusnet.ning.com
>
> ---------------------------------
> Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
> Answers
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/