---------- Forwarded message ---------- From: SundaBlog Date: Jan 13, 2008 9:20 PM
SundaBlog <http://sundablog.blogspot.com/> eBook 700 Paribasa Sunda <http://sundablog.blogspot.com/2008/01/ebook-700-paribasa-sunda.html> Posted: 12 Jan 2008 03:09 PM CST Sabaraha persen urang Sunda nu wawuh keneh kana paribasa Sunda? Duka ari persen-persenna mah tah. Ngan nu jelas, pasti saeutik, utamana ti kalangan generasi ngora. Tapi ieu teh memang lain salah maranehanana. Loba faktor nu ngalantarankeunana. Di sakola, waktu pangajaran basa Sunda beuki samporet. Di imah, loba kolot anu kalah ngajak nyarita ka anak-anakna make basa Indonesia, najan duanana pituin urang Sunda. Di luar imah mah geus puguh deui. Media basa Sunda (majalah Sunda) asana teh jiga nu aranteng sorangan, sibuk dina dunyana sorangan. Dunya pangarang Sunda, dunya 'seniman' Sunda, bari siga nu tara ngalieuk ka sisi ka gigir. Deukeut-deukeut kana masturbasi intelektual. Hayoh we pabeulit tur ulukutek dina lingkungan anu kacida heureutna. Buku-buku basa Sunda di toko buku arang aya nu meuli. Padahal urang Sunda teh mayoritas di Jawa Barat mah. Aneh pan? Nu matak ulah kaget lamun budak hulang-huleng teu ngarti basa Sunda. Sok komo deui mun kudu ngajawab patalekan-patalekan saperti: Nu kumaha ari nulungan anjing kadempet? Naon ari disakompetdaunkeun? Jiga kumaha ari jelema nu ngabudi ucing? Aya nu nyebutkeun, jamanna ge cenah geus beda, geus robah. Naha mun jaman geus robah hartina kudu cicing wae? Euweuh guam pikeun ngungkulanana? Nu palinter jiga nu teu paduli. Tapi, nu pinter mah memang kudu kitu meureun nya :-) [image: eBook 700 Paribasa Sunda] Ah, tibatan ngomongkeun batur bari jeung sarua cicing mah, kateuteuari. Najan kuring teu pinter, lain inohong, lain pangarang, lain budayawan, lain seniman, lain si utu si eta, asa taya salahna mun pipilueun mikanyaah basa jeung budaya Sunda. Mun tea mah ieu meunang dianggap katineung kana basa Sunda, nyanggakeun tah ebook *700 paribasa Sunda*. Nu nulisna lain kuring, tapi yasana Bapa R. Maskar Gandasudirdja. Ieu mah itung-itung milu nyebarkeun elmu, bisi aya nu teu acan gaduh. *Ebook 700 Paribasa Sunda tiasa diundeur di dieu*<http://www.divshare.com/download/3443542-d50> . [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
