Kang, Hanjakal pribados mah henteu gaduh élmu dina widang basa, alias sanés ahli basa. Paling ogé, mung tiasa ngadugikeun seratan jalmi sanés ngeunaan basa Sunda. Kinten-kinten 2 sasih kapengker pribados kénging salinan buku Sistem dan Struktur Bahasa Sunda anu aslina aya di Rumah Baca Sunda kagungan uwa Sas. Ieu buku eusina téh tarjamah sababaraha seratan Prof. Robins ngeunaan basa Sunda. Salasawios seratan dina éta buku téh nyaéta Nominal and verbal derivations in Sundanese (tarjamah dina basa Indonésia: Derivasi nominal dan verbal dalam bahasa Sunda). Seratan ieu mangfaat kanggo urang Sunda hususna kanggo diajar atanapi mengingatkan kembali, sareng urang Indonésia umumna kanggo diajar kumaha cara nyusun kecap anu nganggo rarangkén, upamina waé, kumaha nyusun kecap barang tina kecap gawé sareng sabalikna. Sabagian tina seratan Derivasi nominal dan verbal dalam bahasa Sunda ieu tos dikeureuyeuh diserat deui ku pribados dina format éléktronik (microsoft word) ieu kalayan sababaraha kecap tarjamahan basa Indonésiana dirobih diluyukeun sareng maksad anu aya dina kaol basa Inggrisna. Manawi katampi, bahan nu ditangkodkeun dina surélék ieu (saparantos diédit ku salira atanapi nu sanésna) tiasa dijantenkeun muatan kanggo web distance learning bahasa kagungan akang. Punten bahan ieu henteu dijaprikeun namung dikintun ka milis urangsunda sareng kisunda bilih waé aya anu badé ngoréksi seratan Prof. Robins ieu oge kana ketikanna (jigana seueur lepat ketik). Ahirul kalam, nyuhungkeun widi, alamat ramatlokana badé dijantenkeun tumbu kaluar dina blog pribados. Salam Aschev
----- Original Message ---- From: Fauzan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Sent: Sunday, January 6, 2008 2:59:19 PM Subject: Re: Bls: [kisunda] Artikel Tata Basa Sunda Assalmu Alaikum Hatur Nuhun kang Eman tos noong ka bumi. Ah, tiasa wae, ari bumi sareng samak na mah tos aya. Mung jalmi teu acan araya, maklum bumi enggal. Sareng parabot na masih teu acan seueur, nembe hiji eta ge. Ieu ge ngantosan anu ngaramekeun. Teu aya opieun (reward) kanggo penulis na meureun nya kang. Maklum weh bumi na disayogikeun kanggo para relawan anu gaduh elmu dina bidang bahasa. Anu namina relawan tea, teu disuguhan, mung disuhunkeun amalna. Punten, abdi nyuhunkeun kritik sareng saran na, ambeh seueur relawan anu nulis artikel d ieu bumi. Hatur nhun kang, Wassalam. Eman Suherman <emankutamaya@ yahoo.co. id> wrote: Tos ditoong, tapi geuning tiiseun keneh, teu acan ngampar samak-samak acan, nuju kamarana pribumi yeuh? ----- Pesan Asli ---- Dari: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com; [EMAIL PROTECTED] ups.com Terkirim: Kamis, 3 Januari, 2008 9:45:55 Topik: Re: [kisunda] Artikel Tata Basa Sunda Waalaikum salam, Kacida sae pisan tos aya taratas kanggo distance lerning ngeunaan basa. Bade tumaros husus ngeunaan tatabasa Sunda, di luar undak usuk basa, naha anu bade di-upload teh seratan mangrupi talaah pribadi atanapi bag-bagan anu tos aya sapertos anu diserat dina buku Galuring Basa Sunda (Budi Rahayu Tamsah/Pustaka Setia/1996) sareng buku tatabasa sanesna? Hatur nuhun, Aschev ------------ --------- --------- --- Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. [Non-text portions of this message have been removed] ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
