Pangalaman Diajar Basa Sunda
 *
*

Ku *Julian Millie*
*Monash University*

[image: julian_millie.jpg]Taun 1999 kuring ngaréngsékeun program atikan S2
dina widang sastra Malayu di Universitas Monash, Melbourne, Ustrali. Geus
kitu, jorojoy hayang neruskeun sakola ka S3. Malah kahayang téh ngayakeun
panalungtikan di lapangan, lain di perpustakaan. Ku kituna, kudu diajar basa
daérah. Ku lantaran aya sawatara ihwan nu ngajar di UPI Setiabudhi, Bandung,
kuring boga niat nyaba ka Pasundan pikeun ngayakeun studi lapangan. Nya dina
raraga éta kuring mimiti diajar basa Sunda.

Dina kahirupan kuring minangka salah saurang akademisi, kuring ngarasa bagja
duméh diparengkeun bisa diajar basa di sawatara nagara. Kungsi diajar basa
Arab di Mesir, nganjrek saimah jeung urang Yaman. Sakali mangsa, wanci
peuting, kuring jeung éta urang Yaman nyuruput cikopi babarengan jeung urang
Mesir. Cek éta sobat ti Yaman téa, 'Basa Arab tulén (basa *fushah*) téh
asalna ti Yaman'. Si Mesir geuwat mairan, 'Lain! Apan Mesir téh *umm
ud-dunya*. Bibit-buit basa Arab gé ti dieu!' Dak dumadak kuring bet kawas nu
bararingung ngabandungan nu hoghag parebut bener. Pada-pada hayang ngaku yén
basa Arab tulén téh asalna ti nagarana séwang-séwangan (Ari urang Arab téa,
najan katingalina hoghag pohara ragotna, ana geus lima menit mah teu wudu
maranéhna silih rangkul lir adi-lanceuk nu kakara tepung deui sabada lawas
papisah!). Cindekna, urang Arab mah pohara dariana tina perkara basa
maranéhanana.

Ari urang Sunda pohara bédana. Cék pangrasa, urang Sunda mah kawasna
nganggap basana téh basa nu leuwih matak senang. Komo deui di pilemburan.
Kuring boga katineung nu kawilang réa tumali jeung pangalaman diajar basa
Sunda di pilemburan! Biasana mah kawas kieu: aya kolot nu mimiti nataan
kecap-kecap katut istilah-istilah basa Sunda, contona rupaning kecap nu
dipaké pikeun nuduhkeun paripolah lalangkarakan, bari jeung dipetakeun. Atuh
ger wé nu ngariung saleuseurian. Beuki lila beuki tarik. Enya gé kuring teu
ngarti naon piseurieunana, tapi teu wudu milu seuri lir nu katépaan.

*Diheureuyan*

Ku pohara réana piseurieun tina basa Sunda, urang asing remen dijieun bahan
gogonjakan ku Ki Sunda. Basa mimiti diajar basa Sunda, guru kuring Pa Dédé
ngélingan, 'Kadé bisi ku Ki Sunda diheureuryan!' Jeung enyana! Da geuning
urang asing mah gampang pisan jadi bahan gogonjakan Ki Sunda!

Harita kuring unggal poé ka warung ngarah bisa diajar basa Sunda ti
masarakat. Kitu wé ngadon ngadaweung, ngopi bari ngadu bako. Kuring sok
rajeun nanya ka nu ngadaweung, 'Ari éta naon basa Sundana?' Unggal walonan
sok rajeun dicatet ku kuring. Sakur nu can pati jelas, ku kuring sok
ditanyakeun ka guru di universitas.

Sakali mangsa tepung jeung aki-aki, ngaranna Aki Endang nu unggal poé gawéna
ngarit. Balik ngarit sok nyimpang ka warung. Pok kuring nanya ka éta aki-aki
bari nunjuk kana bungkus kopi *Kapal Api*, 'Ari *sachet* kopi téh Sundana
naon, Ki?' Pok manéhna ngawalon, 'Euh, éta mah atuh mé.. ngeunah'. Saharita
gutrut kuring nyatet bari pok ngomong, 'Hatur nuhun, Aki Endang.'

Barang jog ka imah, kuring mukaan kamus. Teu kapanggih tah éta kecap téh.
Bakating ku panasaran, éta catetan ku kuring dibawa ka universitas.
Kabeneran, harita guru kuring kasampak keur rapat jeung koléga-koléga katut
dununganana. Maranéhna nanya ka kuring, 'Kumaha diajar basa Sunda téh? Aya
kamajuan?' Pok kuring ngawalon, 'Saé. Mung ieu téh aya hiji kecap nu teu
kapendak dina kamus'. Pok deui maranéhna nanya, 'Cikan, kecap naon?'. Omong
kuring, 'Dupi mé… téh naon hartosna?'

Bep saréréa balem. Taya nu ngawalon. Basa rapat geus réngsé, guru kuring
nyampeurkeun bari pokna, 'Aduh, Julian. Manéh diheureuryan!!' Puguh wé
kuring jadi nyenghél. Éstuning tabé wé ka Aki Endang! Tétéla, hasil
ngaheureuyanana!

*Frustrasi** *

Aya hiji kanyataan nu nyababkeun kuring sok ngarasa frustrasi. Basa karék
ngamimitian diajar basa Sunda, kuring dibekelan istilah-istilah lemes keur
batur sangkan teu ngahina batur. Ari basa lemes keur batur tangtu wé aya
gunana di universitas mah, da puguh apan hierarki sosial téh tetep dijaga.
Ari di lingkungan sapopoé di masarakat biasa mah basa lemes téh asana teu
pati dipentingkeun.

Upama urang maké basa lemes keur batur pikeun meuli koran atawa tumpak
angkot, si supir remen katémbong siga nu reuwas duméh aya urang Barat bet
nyarita maké basa Sunda. Lian ti éta, manéhna lir nu katajieun pisan, nepi
ka nyebutkeun yén kuring leuwih nyaho kana basa Sunda batan manéhna. Atuda
manéhna mah arang langka ngadéngé basa lemes cara nu diajarkeun ka kuring di
Universitas. Padahal saenyana mah kuringna wé nu teu nyaho kana basa Sunda
iwal ti mikawanoh sawatara ungkara dina basa lemes!!

Tangtu, urang Sunda remen reuwas upama aya bangsa 'juragan' nyoba-nyoba
nyarita maké basa Sunda. Upamana baé, kuring ménta tulung kalawan rengkuh
bari pok ngomong, 'Punten, badé tumaros. Upami badé ka Cisasawi, ka palih
mana?'. Nu ditanya katémbong reuwas, tapi sok terus bangun nu bungah bisa
nulungan. Tepi ka aya pangalam nu matak nyenghél. Kungsi kuring rék tumpak
taksi. Teu jauh saenyana mah. Kakara gé gék, supir téh nyaritana maké basa
Indonésia bari rada keukeuh perkara ongkos najan teu jauh gé. 'Tiga puluh
lima ribu!' Kuring pasrah, da puguh supir taksi téh hésé ngudag setoran.
Ongkoh pan urang bulé mah biasana keuna ku 'pajak liar'. Pasrah baé. Barang
mobil mimiti jalan, kuring ngajak nyarita ka Pa Supir maké basa Sunda
sakadugana (lemes keur batur).

Barang mireungeu panumpangna maké basa Sunda nu lemes, pohara robahna pamulu
si supir téh! Pok éta sopir téh ngedalkeun kekecapan nu pikaseurieun pisan,
'Abdi nyuhunkeun rido kana tilu puluh éta.' Éstuning matak nyenghél.
Tayohna, manéhna boga anggapan yén mun maké basa Sunda kudu maké
sopan-santun nu béda ti upama maké basa Indonésia! Si sopir ngarasa hanjakal
kana kalakuanana harita, bet teu nyaho aya panumpang nu bisa nyarita maké
basa Sunda saeutik-eutikeun!***


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke