panujunun, sanes wae jorok ....tapo botrok... enggal geura ombeh...
Ambu
Deni Saepudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Jorok
pisan dongeng teh Kang...
----- Original Message -----
From: Waluya
To: Urangsunda ; [email protected] ; Baraya Sunda
Sent: Tuesday, January 22, 2008 12:45 PM
Subject: [kisunda] Si Kabayan Dititipan Nyai
Dongeng si Kabayan tina http://sunda.web.id/ ( Webna Kang Dadan Sutisna,
Cupumanik). Keur kuring basa Sundana rada aneh, dialek Banten kitu?
Si Kabayan Dititipan Nyai*)
http://sunda.web.id/ukur-banyol/si-kabayan-dititipan-nyai/
Dina hiji poe kiyaina ngomong ka SK, kieu basana: "Kabayan, poe ieu aing dek
ngalancong nagih ka Peuteuyraket. Aing titip nyai jeung pakarangan imahna,
bisi kumaha onam sakebel aing euweuh aya. Kitu kieu aing seren ka dia bae,
jeung eta nyai dia kiwari keur hees poyan, tabeatna mun hees sok
kataranjangan. Eta ku dia supaya mindeng dilanglang, mun kasampak taranjang
laju turuban, nyah!"
Cek SK, "Inggih kiyai, ulah kawatir,"
Geus kitu kiyaina laju leumpang.
Kacarita SK mariksa nyaina. Barang asup ka imah kabeneran nyaina keur hees
kataranjangan, bari nangkarak ngabalakatak. Laju SK nyokot haseupan; barang
diturub-keun, laju ku SK ditenjo bari tulang cangkeng. Cek SK ngomong
sorangan, "Ah, kurang pantes."
Diganti deui, dituruban ku pangarih, barang ditenjo cek SK, "kurang pantes."
Di-ganti deui dituruban ku coet, barang ditenjo cek SK, "kurang pantes.".
Diganti deui, di-turuban ku kekeb barang ditenjo cek SK, "teu parigel keneh
bae."
Geus kitu SK ngomong sorangan bae, "eta nyai kataranjangan dituruban ku
naon-naon euweuh nu meujeuhna, jeung euweuh nu parigel sakali," Cek SK,
"badeng mah lamun dituruban ku awak aing mah meujeuhna, jeung tangu jadi
pantesna."
Ti dinya SK laju ngadapang dina luhur beuteung nyaina, bari ngomong, "Maap
nyai, parentah kiyai; ja dituruban ku haseupan, ku pangarih, ku coet jeung
ku kekeb, kabeh teu meujeuhna. Barang dituruban ku awak kula sakieu bae
rasana aya meujeuhna, aya parigel, aya ngeunah."
Cek nyaina, "Bener Kabayan.".
Cek SK, "lah, garan geh."
Tina kangeunahanana SK datang ka lali hees dina luhur beuteung nyaina, jeung
nyaina hees deui bae.
Teu kebel jol kiyaina datang, laju nyalukan ewena, "Di! Di! Kaka datang!"
Dua tilu kali cacalukan euweuh nu nembalan.Molongokeun lawang, pageuh
di-tulakan. Geus kitu kiyaina nyokot taraje, naek kana tabing layar. Katenjo
ewena keur aya nu numpakan. Ti dinya kiyaina gabrug bae ngaragagkeun maneh,
saking kaliwat marah-na. Tapi barang nenjo haseupan, pangarih, coet, jeung
kekeb ngaberes gigireun nu hees eta kiyaina teu jadi marah. Nu keur hees
digulingkeun, golepak, laju harudang.
Cek SK, "Aih, ja kiyai."
Cek nyaina, "Lah, kaka datang."
Cek kiyaina, "SK edan, nyaina haram jadah."
Cek SK, "Pangapunten kiyai, eta perkawis tadi kiyai nitipkeun nyai keur hees
sok kataranjangan. Barang dipariksa ku kula bener kataranjang, tapi
dituruban ku haseupan, ku pangarih, ku coet, ku kekeb, kabeh teu parigel.
Barang dituruban ku awak kula meujeuhna parigel jeung ku ngeunah. Mun kiyai
teu ngandel, katuran jajal."
Cek kiyaina, "Bener tah Kabayan?"
Cek SK, "Wani sumpah, kiyai!"
Geus kitu nyaina titah ngedeng nangkarak, sataranjang, dituruban haseupan,
pangarih, coet, jeung kekeb, diganti-ganti kabeh ditenjo ku kiyaina teu
parigel.
Cek SK, "Coba turuban ku beuteung kiyai, tangtu meujeuhna jeung parigel."
Ti dinya kiyaina laju ngadapang dina beuteung nyaina.
Cek SK, "Kumaha kiyai?"
Cek kiyaina, "Yakin Kabayan!"
Cek SK, "Hop bae carikan aing, heesan datang ka isuk, ulah turun ti luhur
beuteung!"
*) Humor Si Kabayan di atas merupakan kutipan dari disertasi Lina Maria
Coster-Wijman di Unversitas Leiden. Judulnya, Uilespiegel-verhalen in
Indonesiƫ in het biezonder in de Soendalanden, tahun 1929, yang ditulis
ulang oleh Ayatrohaedi (alm) pada makalah Si Kabayan: Cawokah Atau Jorang?
[Non-text portions of this message have been removed]
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/