leuh abdi diserbu yeuh, Kang OMAN! kapan Kang Oman mah Pupuhu UNPAD... nya
atuh ningalna langkung global..total, nu detil mah kanggo barudak nu rada
kolot. siga abdi
AMBU
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Mang
Ucup mah nyieun perkara hehehe. Tapi, mangga ketang, teraskeun.
Fokus abdi mah kana pasoalan masyarakat, khususna di Jabar. Sarakan
Sunda anu baheula tara susah ku cai ayeuan geus mimiti tigerat, cai
orot wae unggal usum, di sababaraha daerah masyarakat geus hese ku cai
nepi ka kudu meuli. Walungan-walungan geus sararaat, geus teu pantes
deui disebut "ci".... Hulu cai geus dijadikeun sumber usaha ku cukong
nu laloba duit, teu aya pangagung Sunda hiji oge anu perhatian kana
masalah ieu. Boh di suku Gn. Salak atawa di suku Gn. Burangrang sirah
cai anu baradag diumbar wae ngabeungharkeun hiji dua masyarakat-umumna
sipit- bari nyangsarakeun masyarakat lolobana di hilirna.
Padahal, baheula karuhun Sunda geus wanti-wanti kana urusan cai, Malah
disebutna oge kabuyutan--hiji patempatan anu disakralkeun bakating ku
luhur jeung penting ajenna keur kahirupan balarea. Apanan ceuk Amanah
Galunggung oge - tangtu wae lebah dieu Ambu ahlina: "Hina kacida anak
bangsa (masyarakat) anu teu miara kabuyutan nepi ka direbut ku bangsa
lian, leuwih hina batan kulit careuh anu aya di jarian".
Kabuyutan teh lamun ceuk basa ayeuna mah taya lian iwal ti sumber daya
alam sumber kahirupan sarerea (jadi inget uni salah sahiji pasal dina
UUD 45: "bumi dan kekayaan alam yang terkandung di dalamnya..", jst,
mendingan dikokolakeun ku cara adat hehehe). Direbut ku bangsa lian
teh teu kudu dijajah wae, bisa oge direbut hak ekonomina, anu tadina
milik sarerea, jadi milik saurang atawa sabagean leutik anggota
masyarakat. Ari lasun eta teh sabangsa careuh anu kulitna lamun geus
jadi bangke kacida bauna. Ari jarian mah tempat runtah tea.
Teu kaharti, nepi ka ayeuna - da bongan buktina gunung-gunung gundul,
pasir-pasir bulistir, walungan-walungan saraat - teu aya pamimpin di
Jabar anu perhatian kana masalah kabuyutan ieu. Disebut teu aya
perhatian teh pedah wae anggaran keur miara leuweung jeung walungan
mah tangtuna oge gede - milyaran- unggal tahun teh, tapi
hasilna?...sadayana tos pada terang, program luhureun kertas tea alias
kurang panitenan (pengawasan).
Muga-muga wae ka hareup mah masing leuwih daria ngurus alam jeung
masyarakat teh. Mangga lajengkeun, mung sakitu pedaran asal-usul kecap
"cai" ti si kuring mah. Hampura lamun teu meneran.
baktos,
manAR
On Jan 24, 2008 3:34 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
>
> > From: "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]>
>
> > Heheh... hanjakal nya Mang Ucup bet kalah ngiles...
> >
> > Kanggo babandingan, cai ku urang Tahiti disebutna vai, ku urang Maori
> > disebut wai. Lamun nurutkeun teori evolusi mah, nu sarupa kitu teh bisa
> > jadi
> > memang nu hiji turunan ti nu sejen, atawa neplak, atawa memang masing2
> > sajajar sakaruhun (kawas beruk jeung gurila).
>
> Tah lamun eta mah kaharti, tapi Mang Ucup mah pan nyebatkeun kecap "cai" teh
> dipikawanoh ku urang Sunda, kulantaran Laksamana Cheng Ho (Abad 13). Terus
> ari samemehna urang sunda nyebut naon keur cai? Atawa teu make sora kitu,
> make basa gerak/isyarat jiga basa isyarat tuna-rungu ......heuheuheu
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/