Sumuhun Gamparan. Kapan di sakuliah dunya teh teu aya "sasiki" oge kabudayaan 
anu leres-leres pituin asli... kantenan kapangaruhan...komo NUSA ANTARA 
(DWIPANTARA) mah pan antar nusa...di lingkungan ku samudra.... mna dang DUD 
heseeun luncat ti Samarinda. Nu sarumping ti India teh katangen ku suburna 
pulau jelai (nu dicicingan ku Urang Sunda) seueur tuangeun... nya  
kabitaeun....regot cai...bet seger... beuleuweuk boled ..bet  pelem jadi weh 
nikah  ka pribumi...bumen-bumen..di nagara urang...mani raos nya. 

Sunda Padalaman pan nu gaduh bumi...nya muhun parantos aya...tamu nu 
kawasa...tapi kapan terasna dikawasa ku SANJAYA.... sadayana...
ari abdi mah sanes terang...tapi diajar..pedah cecepenganana didinya... resep 
gunem catur...da mangtaun-taun teu pendak sareng ki sunda.... ahli sajarah 
Sunda ge saabreg... tah sapertos UNdang Ahmad Darsa, upamina... ngan pedah abdi 
mah cerewed......nu sanes mah...ngelmu pare tea....numawi  isin saleresna mah 
bilih pajar  pamer..adigung adiguna..ieu aing panghnyahona..paralun satatup 
umur ...sanes kitu...ngan banget ku hoyong kempel sono sareng bangsa sorangan , 
Ki Sunda, 

AMBU
 Hapunten nyanyahoanan ka sepuh
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Waduh, 
pamadegan anyar deui wae yeuh.
 
 Upama kitu, atuh rada beda thesisna jeung carita tina Naskah
 Wangsakerta (NW) nya Ambu? Apanan saur NW mah - anu dituturkeun deui
 ku Kang Saleh Danasasmita alm - Sang Wretikandayun teh tunggal selerna
 keneh ti Prabu Tarusbawa --katurunan Tarumanagara (tapi ketang,
 katurunan ti prameswarina anu nyambung ka Tarumanagara mah--punten
 dilereskeun wae si kuring bilih lepat lebah dieu mah). Atanapi "Sunda
 pedalaman" mah memang geus aya ti beh dituna?, ti Kendan tea (tapi, nu
 di Kendan ge apan "kakiruhan" kokocorana mah ku ani ti wetan/Resi
 Manikmaya. Atawa sang resi ge satemenna ti kulon? wah kulon wetan,
 kaler-kidul sigana geus pabaliut ti jaman ratusan taun kan
 tukang...paingan kang Kumi heuheu).
 
 Inget baheula, taun 2001-an asana mah, di ieu milist aya padungdengan
 anu sarua, harita teh mun teu salah make judul kl "asumsi nu palid ka
 wetan, naha valid?". Nu diobrolkeunana sarua ngeunaan bageserna
 karajaan di Sunda (Jabar) ti kulon-kaler ka wetan-kidul. Upama kitu,
 tesis "palid" teh teu "valid" nya Ambu? Diantos lah pedaran saterasna
 boh dina waleran postingan abdi ieu atawa mairan kana pamairan Abah
 Willy (Kang Waluya) sareng Kang Kumi dina thread nu sami. Hatur nuhun
 sateuacanna.
 
 baktos,
 manAR
 
 On Jan 24, 2008 1:38 PM, richadiana kartakusuma
 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 >
 >
 >
 > Sumangga, gamparan
 > ayeuna candak contona, Dapunta Selendra... tina prasasti Sojomerto
 > (ditemukan di tepi pantai Batang-Pekalongan),.. aksara & bahasana MALAYU
 > KUNO eta we kecap dapunta > da pu nta .. Malayu pisan.. prasasti ieu teh teu
 > angka-taunan tina aksarana (palaeographis) kronologi aksara abad ka 8-9 (meh
 > sami sareng Canggal-Sanjaya). Upami manehna URANG JAWA, nya moal mungkin
 > nganggo bahasa & aksara (medok) Malayu... pastina ge Jawa jaman harita....
 > kitu nun. kahartos?
 >
 > Tah ayeuna Tarumanagara, titinggalna 7 prasasti belegedegan ditorehkeun kana
 > batu sagede-gede "nanahaon mah" (jurig ge eleh ku ageung-ageuna) aksarana
 > Pallawa, bahasana Sanskerta.... bentukna Sloka (pantun, syair..lah) nganggo
 > metrum anustubh, aya oge metrum sragdhara....imeut..rapih...teu aya codekana
 > pisan...sampurna lah panginten meun ceuk urang mah...ku logika Poerbatjaraka
 > disebatkeun..."tatacara dan tatanan bahasa dan aksara seperti itu, apalagi
 > pada masa awal pengaruh India..tidak mungkin dibuat oleh orang seorang
 > begitu saja, kecuali oleh si pemangku budayanya"
 >
 > aya dua asumsi:
 > kahiji > mungkin raja Tarumanagara teh pribumi Sunda yang menyewa atau
 > mengundang seorang Brahmana India ke istananya, Kadua > mungkin raja
 > Tarumanagara nu awal teh sumpingna di luar Jawa, da geuningan di desa Tugu..
 > pendak prasasti (siga endog) batu nu nerangkeun yen mantena membuat saluran
 > nu disebat gali GOMATI dan CANDRABHAGA yang alirannya mengelilingi istana
 > hingga ke laut...bukankah itu ciri membuat parit pertahanan, dengan kata
 > lain mendirikan pusat kerajaan ... dan kalau pusat kerajaan itu di sekitar
 > pantai... bukankah kasusnya sama dengan Dapunta Selendra...?
 >
 > Ceuk nu heureuy mah kieu "eta jelema tomorojog tanpa larapan...datangdatang
 > ujug-ujug ngaranjah ngarajaan pribumi...ih mani barurutuh tapi saririk wae
 > ka urang Sunda teh.. heheheh"
 >
 > Paripaosna "Nya atuh ari nu gaduh bumi mah biasana ge di lebet (padaleman) ,
 > bu tatamu..di buruan.. atanapi di luar
 > pager...kiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiitu"
 >
 > AMBU
 >
 >
 > Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > From: "richadiana kartakusuma"
 > <[EMAIL PROTECTED]>
 >
 > > Namun apa yang terjadi? Sejak ditemukan prasasti Sojomerto (abad ke IX M)
 > > beraksara dan berbahasa Malayu Kuno
 > > menyebut Dapunta Selendra. Tokoh yang diasumsi para sarjana sebagai cikal
 > > bakal raja-raja Mataram, maka Rahiyang
 > > Sanjaya (Galuh-Tatar Sunda) alias Rakai Mataram Sang Ratu Sanjaya
 > > (Mataram) "seakan lelap".
 >
 > Ambu, aya nu kuring rada hemeng, perkara sajarah Tatar Sunda teh. Naha
 > karajaan-karajaan teh aya di kajeroan (pedalaman) henteu di basisir kaler?
 > Pajajaran, Galuh pan aya di tengah, malah leuwih ngised ka kidul. Ieu beda
 > jeung karajaan nu leuwih tiheula, Taruma nu aya di Basisir kaler.
 > Katingalina siga nu "narik" diri ngajauhan basisir kaler. Faktor2 naon
 > kinten-kintenna nya, boa-boa faktor kaamanan kitu, sabab basisir kaler,
 > gampang diserebu tiluar?
 >
 > Cik saur ambu kumaha?
 >
 > Baktos,
 > WALUYA
 >
 >
 >
 >
 >
 > ---------------------------------
 > Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
 >
 > [Non-text portions of this message have been removed]
 >
 >
 >
 > 
 
     
                               

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke